Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna
Tampilkan postingan dengan label Kasenian. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kasenian. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 21 Juli 2018

Download Font Sunda Kaganga Kaluaran UNPAD


  Tim taluntik Universitas Padjadjaran resmi ngaluarkeun font Sunda Kaganga kaluaran paling anyar. Font anu di bere ngaran Sunda v Unpad bisa di gunakeun baraya Tepas Sunda sagampil ngetikeun huruf latin biasa.

Kaunggulan font Sunda kaganga versi anyar nyaeta bisa di gunakeun di sagala jenis platform komputer. naha eta jenis windows atawa linux

Nu ieu nuju rame lur : Download buku dongeng Kalangsu 

Font Sunda v Unpad di aku tos di daftarkeun janteun Hak Intelektual di bawah naungan Unpad, Janten ngagunakeuna di lindungan ku UU HAKI. Baraya Tepas Sunda tiasa ngadownload Font Sunda Kaganga di dieu http://sundanesewords.com/home/unduhan ukurana ukur 675 kb salian ti font oge aya cara pikeun ngagunakeuna.

Saentos di ekstrak teras di instal dina komputer nu ngagunakeun OS Windows tepasunda. blogspot.com bisa sacara gampang ngagunakeuna. Teu ukur dina Microsoft Word, tapi oge di gunakeun dina notepad, photoshop oge coreldraw.

Huruf Sunda Kaganga mangrupakeun modifikasi tina huruf sunda asli nu aya dina naskah sunda kuno jeung prasasti. Diantarana naskah carita parahiangan di ahir abad ka 16 oge prasasti kawali ti Astanagede Ciamis nu muasalna tina tengah - tengah abad ka 14.



Sabtu, 14 April 2018

Film Bahasa Sunda

Film Pondok Bahasa Sunda pikeun ubar lieur, nu baeud ge janteun seuri Sumangga di puter ah.

Jawara Banten



Film Sunda judulna Jojodoan



Film Sunda judulna Si Kardun



Minggu, 08 April 2018

Latihan Dasar Penca Silat 1

Latihan Dasar maen po salian kangge bela diri , oge kangge olahraga. Mangga anu bade olahraga di bumi
Di handap ieu aya video gerakan dasar penca silat anu di candak tina ulin Cipatik

Jurus ka 1 dugi ka 4



Jurus ka 5 dugi ka 9


Jurus dasar penca silat di luhur di candak tina ulin Cipatik. Pami nu di handap ieu di candak tina KPSN (Keluarga besar Pencak Silat Nusantara)




  Senam Jurus 1 dugi ka 12



  Nu di handap ieu mah video cara latihan jurus - jurus tajongan, jejekan atawa sepakan dina jurus - jurus maen po.       

   
       Latihan Jurus, helang ngagalaprak, dadali nyamber anak hayam jeung sepak kuda beger

                   


Sakitu heula anu kapihatur, mugia tiasa janteun manfaat kangge urang sarerea.




Download MP3 Si Buntung Jago Tutugan Bagian Ka 1-20



Carita Si Buntung Jago Tutugan
Karangan : S. Sukandar
Di dongengkeun ku Mang Barna

Dongeng ieu mangrupi file Mp3 anu tos di ropea deui sangkan alit data filena. mangga tiasa di puter atanapi langsung di download.

1.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 1
2.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 2
3.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 3
4.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 4
5.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 5
6.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 6
7.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 7
8.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 8
9.  Si Buntung Jago Tutugan bagian 9
10.Si Buntung Jago Tutugan bagian 10
11.Si Buntung Jago Tutugan bagian 11
12.Si Buntung Jago Tutugan bagian 12
13.Si Buntung Jago Tutugan bagian 13
14.Si Buntung Jago Tutugan bagian 14
15.Si Buntung Jago Tutugan bagian 15
16.Si Buntung Jago Tutugan bagian 16
17.Si Buntung Jago Tutugan bagian 17
18.Si Buntung Jago Tutugan bagian 18
19.Si Buntung Jago Tutugan bagian 19
20.Si Buntung Jago Tutugan bagian 20

Sakitu heula episode anu salajeungna masih dina proses penyimpanan.

Sabtu, 07 April 2018

Wayang Golek Bobodoran



Bilih pamiarsa nuju lieur, rungsing, stres atawa galau, cobian ubaran ku wayang golek bobodoran si Cepot. Nembe di upload aya mp3 sareung mp4 tiasa di puter atanami di download. Ubar kesel sareng batur ngaronda. mangga langsung ka TKP sajah. Tos di gamparkeun samak sareung di sayogikeun cikopi lalawuhna mah mekel nyalira.

Mangga nyanggakeun.


Sakitu heula, sanes waktos urang upload deui lalakon anu sanesna.

Jumat, 06 April 2018

Koleksi Wayang Golek Giriharja 3




Kangge anu resep kana Wayang Golek, utamina wayang golek Giriharja 3 pimpinan Ki Dalang Asep Sunandar Sunarya, Sumangga di handap ieu aya koleksi mp3 sareung video/mp4. Tiasa di setel langsung atanapi di download/di comot. teu langkung pamiarsa.

MP3

Mugia janten panglipur kalbu, pangbeberah kana manah. Kangge sadaya pamiarsa anu mikacinta kana seni sunda wayang golek. Hususna penggemar Ki Dalang Asep Sundar Sunarya sareng rengrengan Giriharja 3.

Rabu, 04 April 2018

Tatarucingan



Tatarucingan atawa teuteuguhan atawa aya oge anu nyebut babadekan, Baraya Sunda pasti apal kana tatarucingan, di handap ieu salah sawios tatarucingan sareung jawabanana.

001. Sato naon anu pang leutikna saalam dunya?
(Cacing cacingan)
002. Ari nakol bedug aya sabaraha warna?
(Ti-Luarna) 
003. Minyak naon anu rame?
(Minyaksikan pertandingan sepakbola) 
004. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?
(Minumpas kejahatan) 
005. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?
(Hayam leungit) 
006. Naon bedana onta jeung kangkung?
(Onta mah di Arab, kangkung mah diurab) 
007. Tukang naon anu teu bisa ngitung?
(Tukang poto)
008. Kalong naon anu pinter maen bal?
(Kalonggak beckham ya…Del Piero)
009. Bisa naek teu bisa turun.
(Haji)
010. Kalimah naon anu dibaca ti hareup jeung ti tukang sarua hartina?
(Kasur ini rusak)
011. Gajah naon anu sukuna dua?
(Gajah nu keur keprok)
012. Hurup naon anu ngeunah?
(Nya T)
013. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?
(Sabab sieun S-na leeh kapanasan)
014. Leutik bodas pikasieuneun.
(Sireum nu napel dina huntu maung)
015. Setan naon anu bisa nangtungkeun sepedah?
(Setandar)
016. Sato naon anu pangharam-haramna?
(Anak bagong euweuh bapaan)
017. Hayam naon anu sukuna 1002?
(Hayam nu keur gelut jeung titinggi)
018. Rancung lain landak, hejo lain tentara.?
(Kaktus)
019. Make baju lain manusa, make dudukuy lain patani.
(Bebegig)
020. Kasur naon anu matak nyeri?
(Kasura)
021. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
(Tinggal turunna)
022. Pare naon anu teu ngeunah?
(Parea-rea omong)
023. Jalma meuli kasur keur naon?
(Keur beunta)
024. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
(Kutu)
025. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
(Nyeri suku)
026. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
(Ku sendok)
027. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.?
(Keretas)
028. Hayam burintik nonggeng kalangit?
(Ganas)
029. Budak dugul asup kana embel.
(Cilok)
030.Petina hiji, mayitna loba.
(Korek api)
031. Kaca naon anu nyeri?
(Kacabok)
032. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
(Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung)
033. Kaca naon anu seungit?
(Kacapiring)
034. Kaca naon anu pangbeuratna?
(Kacalikan gajah)
035. Hayam naon anu keur jengke?
(Hayam nu keur sondah)

Wayang Golek





Salah sahiji kasenian Sunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaeta wayang golek. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golek beuki dipikaresep bae ku balarea, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golek, nu lalajo teh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi.

Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana bae Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cepot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yen kasenian wayang golek teh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golek teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaeta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sinden), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang) Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golek nyaeta dalang anu pancenna ngalalakonkeun carita.


Kamaheran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang teh diperedih pisan kamaheranana dina rupa-rupa widang.

Asep Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balarea teh lantaran kamaheranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang oge ngagunakeun parabot sejen nyaeta campala jeung kecrek. Campala teh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrek pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagedengeun dalang, nayagaoge nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan teh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golek diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab.

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaeta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sinden luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana bae dina peristiwa pikasediheun sinden nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang teh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruseta anu kawentar Perang Baratayuda.

Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Alengka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk maneh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang teh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu bae urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golek tetep langgeng dipikaresep ku balarea. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golek.