Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna
Tampilkan postingan dengan label Warta. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Warta. Tampilkan semua postingan

Senin, 25 Januari 2021

Respons Bupati Majalengka Daerahna Janten Calon Ibu Kota Anyar Jawa Barat

 



Ki Dagar Blog - Respons Bupati Majalengka disebut-sebat barobah kaayaan salah sahiji wilayah anu bakal barobah kaayaan calon Ibu Kota anyar Propinsi Jawa Barat ku Gubernur Jabar Ridwan Kamil.

Teuing margi latah atawa saleresna atos dikonsep tebih-tebih dinten, wacana kasebat mendapat komentar rupa-rupa, kaasup Bupati Majalengka Karna Sobahi.

Naon wae waleran na patali rencana kasebat? yuk regep cariosan  katut.

1. Pemindahan Ibu Kota Jabar kaperluan nyedek

Akademisi Universitas Majalengka, Dr H Diding Bajuri MSI ngomong, pemindahan Ibu Kota propinsi sanes saukur ngiring trend rencana pemindahan Ibu Kota nagara, nanging leres-leres mangrupa kaperluan anu nyedek (urgent) kalawan alesan anu komprehensif sarta multi faktor.

Di sisi sanes, lamun wacana pemindahan Ibu Kota propinsi eta nyedek sarta mendapat persetujuan legislatif sarta komponen sarta elemen balarea Jawa Barat, mangka penentuan calon Ibu Kota anyar oge kedah dumasar kenging kajian anu serius, sarta multi dimensi, sanes semata panon didasarkeun dina posisi geografis, demografis sarta topografis.

“Namun langkung ti eta peryogi nimbang-nimbang aspek sanes, di antarana tanagi rojong anggaran pemindahan sarta pangwangunan sarana prasarana Ibu Kota propinsi sarta aksesibilitas transportasi sarta komunikasinya (darat, laut, udara.

Ku kituna tiasa ngarojong dina kelancaran tata damel sarta tata hubungan Ibu Kota propinsi kalawan sakumna wilayah kabupaten/kota di Propinsi Jawa Barat.

2. Kertajati Atos Pinuh

Bupati Majalengka, Karna Sobahi nanggepan wacana Pamarentah Propinsi kanggo pigawe pemindahan Ibu Kota Jawa Barat ka tilu wilayah pilihan, nyaeta Segitiga Rebana (Cirebon-Kertajati-Patimban), Walini Cikalongwetan, sarta Tegalluar Kabupaten Bandung.

Ceuk manehna, lamun ditingali ti rencana tata rohang wilayah (RTRW) sarta rencana rinci tata rohang (RDTR) kanggo Kertajati atos pinuh ku kituna kanggo wacana pemindahan Ibu Kota Jawa Barat eta henteu semudah anu dibayangkeun. Sumawonten, ceuk manehna, perpindahan eta ngait ka sababaraha perkawis anu kedah diperhatikeun, di antarana fasilitas tanagi rojong, personalita individu pagawe anu barobah kaayaan perdebatan paos.

“Henteu gampil pagawe-pagawe dipindahkeun, nyanghareupan eksodus-eksodus ka ditu, kudu nyiapkeun imah, gaji sarta sanes-lianna. Intina kedah diperhatikeun tiheula masalah-masalah eta” cenahna.

3. Naon alesan pemindahan Ibu Kota Jawa Barat

Karna sobahi oge nananyakeun perkawis naon anu barobah kaayaan faktor yen Ibu Kota bakal dipindahkeun. Sahenteuna, kepala wewengkon kedah terang sumawonten Majalengka barobah kaayaan salah sahiji wewengkon anu barobah kaayaan calon Ibu Kota anyar Propinsi Jabar.

“Abdi kedah teurang, mangka na antos abdi kedah ngobrol leuwih tiheula kalawan Ridwan Kamil, ulah dugi aya sanggem-sanggem sepertos ieu “lumpat ti masalah” cenahna.

4. Pindah Ibu Kota sami kalawan pindah masalah

Karna Sobahi nambahan, lamun saleresna Ibu Kota engkena bakal dipindahkeun ngan bade barobah kaayaan mindahkeun masalah.

Dirina oge nyebutkeun, Bandara Kertajati bade barobah kaayaan kapinunjulan ti Majalengka anu barobah kaayaan salah sahiji wewengkon calon ditujuna Ibu Kota anu anyar.

“Nanging kitu, rohang na aya henteu, soalna di RT RW rohang na eta atos mundel. Nanging, abdi angger ngarojong sarta membolehkeun lamun saleresna Ibukota Jabar bade dipindahkeun ka Majalengka” sanggem Karna.


Dicutat tina koran sunda

Senin, 28 Januari 2019

Paséa Waé Jeung Salaki, Via Nékad Maéhan Manéh.




Pangandaran – Sapucuk surat sarta sajumlah barang anu di duga bogana Via (26), kapanggihan dina mumunggang obyék wisata Batu Hiu, Kabupatén Pangandaran, Jawa Barat, senén (28/1/2019). Surat téh eusina, ngaran, alamat, sarta alesan niat maéhan manéh anu di duga di tulis ku éta awéwé.

Kaayaan Via can katohian tepi ka kiwari. Kanit Réskrim Polsek Parigi, Aiptu Ajat Sudrajat can bisa mastikeun, naha korban bener – bener ngalakukeun aksi maéhan manéh atawa henteu. “Kami masih ngalakukeun panaluntikan, lamun bener luncat ka laut, ombak mémang keur badag, jadi rada hésé pikeun nyiaranana. Tapi pihak kami geus ngabéwarakeun ka warga bisi aya nu manggihan.”



Ajat mertélakeun, surat jeung barang bukti  mangrupa tas, sapatu, sarta duit 15 rébu, kapanggihan ku warga anu rék nguseup, sakitar pukul 10.00 tadi isuk. Dina jero surat aya pesen ngagunakeun bahasa sunda, eusina  ; ‘'Anu mendak tas jeung sendal namina Via urang kemplung Rt 06 Rw 04. Terpaksa bunuh diri da di imah oge pasea wae jeung salaki.”

Dumasar éta surat, pihak kapulisian geus nyalusur ka pihak kulawarga, ngan baé can meunang katerangan anu jéntré, sabab pihak kulawarga masih reuwas manggih béja samodél kitu. Numutkeun katerangan pihak kulawarga ceuk Ajat, korban ngabogaan panyakit kambuhan, sarta mémang hubungan jeung salakina henteu harmonis.

Jumat, 25 Januari 2019

Batu Kuda Alam Éndah nu Nyamuni



Masih aya geuning tempat wisata anu éndah, tumaninah tur murah. Asupna waé ukur mayar 5 rébu saurangna. Tapi kumaha di jerona? Fasilitas naon waé anu aya di Batu Kuda?
Teu pati jauh lokasi objék wisata Batu Kuda téh. Dijugjug ti puseur Kota Bandung mah  ukur 20 km. Sedengkeun mun ti jalan raya Cibiru deukeut tugu wates Kota Bandung jeung Kabupatén Bandung anggangna ukur 5 Km. Tapi bisa ogé jalanna ti Cileunyi saperti para tukang dagang anu sok jualan di Batu Kuda. Cenah, ngareunah ti Cileu­nyi pikeun arinyana mah da leuwih deukeut. Ngan upama kana ojég kudu mayar 25 rébu. Jalan mah  henteu dihotmik, tapi alus najan leutik ogé. Hanjakalna, ti tempat meuli karcis ka lawang sakéténg Batu Kuda anu jarakna ukur 200 méteran masih dibalay. Atuh kandaraan mah rada ripuh sabab lian ti taringgul téh nanjak deuih.
Nurutkeun Entis Sutisna, purah ngajaga karcis di éta tempat, objék wisata Batu Kuda anu pernahna di lamping Gunung Manglayang Désa Cikonéng Kabupatén Bandung Jawa Barat téh legana kurang leuwih 2 héktar. Gegedéna éta tempat bogana Perhutani téh dipelakan ku tangkal pineus anu ngajarega nambahan asri jeung éndah matak betah anu resep di tempat sepi.
Tong ngarepkeun aya wanaha naon di Batu Kuda mah. Enya gé kasebutna tempat wisata, euweuh flying fox euweuh hiburan. Anu aya téh sora-sora ciri ti alam anu mawa rasa tengtrem, angin ngahiliwir jeung hawana anu matak seger kana pipikiran tur séhat kana awak.
Saméméh nepi ka Batu Kuda, upama jalanna ti tugu wates Kota Bandung jeung Kabupatén Bandung, urang bisa ngawaskeun sabagian pamandangan Kota Bandung anu lamun dina kaayaan cuaca keur hadé mah atra kacida. Anu matak lolobana anu arulin ka Batu Kuda mah barudak ngora anu resep kana olahraga jeung cinta ka alam.
“Seuseueurna mah anu ngadon kémping. Biasana dina waktos liburan seméster sakola,” ceuk Entis.
Atawa raména téh poé Minggu. Biasana anu ukur olahraga ngahajakeun leumpang bari jeung dina poé éta kénéh langsung marulang deui. Mun teu kitu Saptu pasosoré. Biasana éta mah sok mareuting di dinya atawa diteruskeun kémah di punclut Gunung Manglayang.
Teu kudu boga duit loba ulin ka Batu Kuda mah, sabab di jerona euweuh anu kudu dibayar deui, asupna ogé ukur mayar karcis 5 rébu sauranga. Rék sakeudeung atawa rék tuluy kémping ceuk Entis mah sarua waé. Tapi dahareun mah ulah hariwang, sabab di jero tempat wisata aya opat warung anu ngajual dahareun jeung inuman. Malah warung-warung téh bukana gé sapeuting jeput ari keur loba anu kémping mah.

Carita Batu Kuda
Sigana moal apdol upama ka objék wisata alam Batu Kuda henteu nepi ka batu kudana. Anggangna ti lawang  asup téh kurang leuwih 700 méter. Rada ngahégak ka nu teu biasa leuleumpangan mah. Sabab lian ti nanjak teu eureun-eureun téh ampir sapajang jalan ukur mahi keur saurangeun. Laleueur deuih upama tas hujan mah. Tapi balas capé lungsé bakal kaubaran mun geus jonghok jeung batu kudana.
Teuing kumaha bet disebut batu kuda, padahal mun disidik-sidik mah    éta batu anu gedé pohara téh bet siga bangkong raksasa keur ngadepong. Tapi aya caritana pangna éta batu di­ngaranan batu kuda. Ceuk dina tulisan anu dipasang dina wangunan deukeut lawang asup tur dipercaya ku masarakat sabudeureunana, cenah éta téh kuda tutunggangan Prabu Layang Kusuma sareng Prabu Layang Sari garwana anu tilelep kana embel tur jadi batu raksasa. Saterusna ku sabab kuda tutungganganana jadi batu, Prabu Layang Kusuma mutuskeun pikeun tatapa di éta tempat dugi ka pupusna. Anu matak nepi ka ayeuna éta kawasan wisata anu dikokolakeun ku Perhutani ti taun 1987 téh sok aya wé jalma anu ngahajakeun ngadon tatapa nurutan dina carita Prabu Layang Kusuma. Maksudna mah cenah anu harayang boga kamulyaan jeung kapangkatan. Tapi rék percaya atawa moal, intina mah ulin ka Batu Kuda béda jeung piknik ka tempat séjén. Hawana ngareunah, pamandangan éndah waragadna gé murah. ***
Kénging Eep NR

Sawah Kari Waasna



Kungsi Jawa Barat téh jadi leuit paré. Ngan, éta mah, baheula, waktu pasawahan di tatar Sunda lega kénéh. Ari ayeuna, apan geus loba robahna, nu asalna lahan tatanén téh loba nu salin rupa dipaké keur kapereluan séjén, imah, kantor, toko, jeung sajabana.
Lir anu patukang-tonggong, puguh gé. Di sisi séjén, kabutuh pangan beuki loba da padumuk di mana-mana nambahan, ari lahan tatanén mingkin ngaheureutan. Ku lantaran kitu,  teu sing anéh, mun beuki deui beuki loba daérah nu geus teu mampuh nyumponan pangan keur wargana. Hartina, éta daérah téh ditilik tina sisi pangan mah teu mandiri.
Kamandirian pangan, jadi bagian nu kacida pentingna. Lantaran, sual pangan mah, teu bisa diengké-engké jeung kudu mayeng. Ku lantaran kitu, dina ngungkulan pasualan pangan mah teu bisa saharitaeun, ogé kudu meunang pangrjong ti sakumna pihak.
Jlug-jlegna wawangunan di mana-mana, mémang ogé kabutuhan. Ngan, teu jarang, éta kabutuhan téh ngan ukur keur sapihak, saperti keur kapentingan pangusaha jugala. Balukarna, lahan tatanén gé terus ‘digerus’ demi kauntungan pangusaha téa.
Nilik pasualan kitu, butuh kajujuran pihak-pihak nu boga wewenang nangtukeun lalampahan pamaréntahanana. Lantaran, mun aturan teu peurahan, gampang éléh ku pangdongsok pangusaha jugala, balukar mamalana mah keur masarakat leutik.
Mémang, taya nu leuir keur mémérés pasualan mah. Asal, leuwih ti heula tumuwuh kasadaran,  matéahkeun lahan tatanén téh loba kénéh pasulan nu kudu dibébérés. Sual aturanana mah, jinek naker, kari prak ngalarapkeunana.  ***

Minggu, 15 April 2018

Jadwal Jeung Link Streaming Lalajo Persib

Link Streaming Lalajo Persib



Jadwal siaran langsung Persib puteran ka hiji 
1. Persib VS Ps Tira - Jumat (23/3/2018) 18.30 WIB
2. Sriwijaya FC VS Persib - Minggu (1/4/2018) 18.30 WIB
3. Persib VS Mitra Kukar - Minggu (8/4/2018) 18.30 WIB
4.Arema FC VS Persib - Minggu (15/4/2018) 18.30 WIB
5. Persib VS Borneo FC - Sabtu (21/4/2018) 18.30 WIB
6. Persija Jakarta VS Persib - Sabtu (28/4/2018) 18.30 WIB
7. Madura United VS Persib - Jumat (04/5/2018) 15.30 WIB
8. Persib VS Persipura - Sabtu (12/5/2018) 18.30 WIB
9. Persebaya Surabaya VS Persib - Sabtu (19/5/2018) 20.30 WIB
10. Persib VS PSM Makassar - Rabu (23/5/2018) 20.30 WIB
11. Bali United VS Persib - Minggu (27/5/2018) 20.30 WIB
12.Persib VS Bhayangkara FC - Kamis (31/5/2018) 20.30 WIB
13. PSMS Medan VS Persib - Selasa (05/6/2018) 20.30 WIB
14. Persib VS PSIS Semarang - Minggu (08/7/2018) 18.30 WIB
15. Perseru Serui VS Persib - Kamis (12/7/2018) 13.30 WIB - Streaming
16. Persib VS Persela Lamongan - Senin (16/7/2018) 18.30 WIB
17. PS Barito Putera VS Persib - Minggu (22/7/2018) 18.30 WIB

Kanggo para BONJOVI (Bobotoh Lalajo di TV) di handap ieu aya sababaraha Link kanggo nonton Siaran Langsung Streaming Persib.
1. Indosiar liwat Vidio.com
2. TV Indosiar
3. TV Bersama
4. TV Online
5. SkyTV
6. TVxoe.com

Eleh menang tetep dukung persib, sabab persib salawasna.

Daftar Pamaen Persib Bandung 2018


Daftar Peamain Persib Bandung 2018 
Dihandap ieu nyaeta jajaran pamaen resmi Persib di liga 1 2018 sapertos anu parantos di bewarakeun laman resmi Persib nyaeta aya 17 pemain baru sareung 12 pemain liga taun kamari.
Kiper (Goalkeepers)
78 – I Made Wirawan
1 – M. Natshir F. Mahbuby
89 – Imam Arief Fadillah
30 – M. Aqil Savik
Bek (Defenders)
22 – Supardi Nasir
6 – Tony Sucipto
12 – Henhen Herdiana
32 – Victor Igbonefo
4 – Bojan Malisic
2 – Wildansyah
16 – Indra Mustaffa
3 – Ardi Idrus
94 – M Sabil
Gelandang (Midfielders)
80 – Eka Ramdani
11 – Dedi Kusnandar
24 – Hariono
33 – Oh In-Kyun
8 – Gian Zola Nasrulloh
23 – Kim Jeffrey Kurniawan
7 – Atep
13 – Febri Hariyadi
20 – Fulgensius Billy Paji Keraf
27 – Puja Abdillah
14 – Agung Mulyadi
77 – Ghozali Muharram Siregar
Penyerang (Strikers)
10 – Ezechiel N’Douassel
9 – Airlangga Sutjipto
37 – Muchlis Hadi Ning Syaifulloh
99 – Jonathan Bauman
Pamain Persib Bandung 2018 diasuh lima urang palatih, nyaeta Roberto Carlos Mario Gomez (palatih utama), Herrie Setyawan (asisten  palatih), Fernando Gasto Soler (asisten palatih/interpreter), Yaya Sunarya (palatih fisik ), dan Anwar Sanusi (palatih kiper).