#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih
Bagian ka 6
Karangan Ki Dagar
“Bangsaat aing can rumaha ẻlẻh
siah, rasakeun yeuh hiaaat!” Mang Ẻwok ganjang nguniang hudang tuluy nyebrut
deui narajang ka si Odoy. Peureup Mang Ẻwong ngadius bangbaraan lempeng ngarah
dada nu jadi lawanna.
Tapi si Odoy ukur nyẻrẻngẻh. Dina
gerakan anu kilat manẻhna ngajorẻlat ka luhureun mang Ẻwok bari metakeun jurus
lalay nyamber buah. Suku katuhuna ngaheumbat rẻk ngajejek kana punduk mang Ẻwok
anu keur nyuruntul sahandapeun dirina.
Tapi Mang Ẻwok gẻ lain jalma lẻlẻwodẻh
manẻhna geus loba pangalaman dina hal patelak. Ngarasa pundukna di ancam angin
panarajang musuh sakilat mang Ẻwok malikeun awakna katukang bari nẻwak suku
katuhuna Si Odoy.
Guriwel pigeulang suku si Odoy
karawẻl ku Mang Ẻwok terus sakaligus di centok ka handap. Atuh puguh wẻ badan
Si Odoy leungiteun kasaimbangan sabab keur ngalayang di saluhureun mang Ẻwok.
Kolẻab gedebut awak si Odoy tibanting kana lemah.
“Hahahahaha tah di bayar kontan
deuleu hiji – hiji, yeuh tarima bungana! Hiaaaat!” mang Ẻwok ngirimkeun
panajongna ngarah kana beuteung Si Odoy anu keur muringis nahan kanyeri. Si
Odoy ngarampa batu tuluy dicekel sakuatna. Pas suku Mang Ẻwok nyampeuk di papag
batu ku si Odoy.
Hiuk jetruk Batu diadu teuas
jeung mumuncangan mang Ẻwok “Huaduuuh!” Mang Ẻwok ngagero bakat teu kuat nahan
kanyeri. Mang Ẻwok mundur bari ẻngkẻ - ẻngkẻan. Ningali aya kasempetan Si Odoy
gancang hudang, blewer batu tẻh di balẻdogkeun kan tarangna Mang Ẻwok.
Pletak! Batu sagede peuruep tẻh
nyamber tarangna mang Ẻwok anu keur balangah. “Tooobaat!” Mang Ẻwok ngagoak
deui dina tarangna aya benjol sagedẻ endog soang. “Bangsat siah licik deuleu maẻn
tẻnggor sagala!” Mang Ẻwok utuk geneng bari pakupis ngusapan tarang bari niupan
mumuncangan.
“Hẻhẻhẻ tilu hiji mang hẻhẻhẻ ari
gelut mah papinter – pinter kumaha wẻ carana mah hẻhẻhẻhẻ!” Si Odoy nembal bari
ngajigrah, mamanas hatẻ musuhna. Atuh puguh wẻ mang Odoy tambah kapancing
amarahna. Lamun seug beurang mah katempo beungeutna tambah burahay beureum
huntuna kekerot nahan amarahna.
“Jadi siah di podaran ku aing!”
Ceuk mang Ẻwok bari sẻrẻpẻt baẻ mesat bedog anu ngagaplek tina cangkẻngna.
Kamamana tara lepas ti bedog Mang Ẻwok mah sabab tugasna jadi badẻga Dẻn Sarja
“Ti tatadi gẻ lain rẻk maẻhan, sok atuh ulah ukur huntu, buktikeun mang hẻhẻhẻ!”
Tẻmbal si Odoy bari cungar – cengir.
Mang Ẻwok ngajorẻlat nyampeuk kahareupeun Si Odoy, bedogna ngolẻbat
rẻk nigas beuheung Si Odoy. Tapi Si Odoy anu geus sayaga gancang ngalelepkeun
sirahna ngagunakeun gerakan sẻro nyusup. Hiuk ploos! Bedog Mang Ẻwok ngahakan
angin.
Si Odoy gancang ngirimkeun panimpugna
peureupna ngabelesur ngarah kana iga burung Mang Ẻwok dina jurus ajul
gedang. Tapi mang Ẻwok sakali ieu mah
rancingeus, Leungeun kẻnca di pakẻ nakis serangan si Odoy. Hiuk hiuk des! Dua
pigeulang leungeun di adu. Si Odoy mundur sababaraha lẻngkah bari muringis
ngusapan pigeulangna anu karasa nyanyautan.
Geus bisa kajudi yẻn adu kakuatan
mah si Odoy tẻh pasti ẻlẻh. Sabab karasana ku si Odoy diadu pigeulang jeung
Mang Ẻwok tẻh sarua jeung ngabentur patok beusi, teuas karasana. Mang ẻwok
ayeuna mah nu nyẻrẻngẻh nempo si Odoy mundur tẻh manẻhna ngarasa di atas angin.
“Paragat nyawa sia ciaaat!” Mang
Ewok narajang deui, Congo bedogna nyuruntul rẻk nurih dada musuhna. Si Odoy teu
cicingeun gentak manẻhna jingkrak saterusna ngawangun jurus hap – hap pindah,
jorẻlat clẻ Si Odoy pindah tempat ka gigireun mang Ẻwok.
Hiuk ! Sikuna ngaheumbat rẻk di
pakẻ ngagedor carẻham lawanna. Tapi mang ẻwok sakilat ngarubah gerakana, bari
ngadoyongkeun awakna pikeun miceun serangan lawan bedogna nyewuk tihandap rẻk
ngabudal badilkeun beuteung Si Odoy.
Taya cara sẻjẻn pikeun si Odoy
nyalametkeun beuteungna tina ancaman bedog nu jadi lawanna iwal ti ngagẻrẻntẻl
ngajauhan ti mang Ẻwok. “Kadieu siah kalahkah kabur!” mang Ẻwok gegeroan
ningali si Odoy ngajauhan.
“Kẻ sabar mang, amang mah mawa
pakarang pan uing mah lẻmor kẻ uing rẻk nyiar pakarang heula hẻhẻhẻ.” Tẻmbal si
Odoy bari culang cileng nẻangan nu bisa di pakẻ pakarang ku manẻhna. Kop si
odoy nyokot potongan awi anu ngagolẻr sisi jalan panjangna paling gẻ satengah mẻter,
kawasna mah sẻsa nu nyieun tuturus pikeun pepelakan kacang panjang.
“Sok mah lah maju deui hẻhẻhẻh.”
Ceuk Si Odoy bari ngacungkeun awi nu dicekelna. Sikep jeung gaya si Odoy bangun
nganggap ẻntẻng ka Mang Ẻwok. Atuh puguh mang Ẻwok tambah ngagidir napsuna.
Kakarak harita manẻhna manggih lawan anu taya kasieun jeung bangun ngahina
naker ka dirina.
“Kurang ajar hiaaat!” Mang Ẻwok
miheulaan narajang deui Bedogna datang ti gigir maksudna mah rẻk nigas cangkẻng
Si Odoy. Si Odoy gancang ngagorẻntẻl ka handap awi nu cekelna ngaheumbat rẻk di
pakẻ ngabajẻg cẻcẻkolan mang Ẻwok. Orokaya mang Ẻwok geus surti, manẻhna
gancang ngagajleng kaluhur bari terus ngaheumbatkeun bedogna rẻk narok sirah si
Odoy.
Si Odoy rada ngalenyap nempo
gurilapna bedog musuh nu katojo ku cahaya bulan anu keur moncorong nyaangan poẻkna
peuting. Tapi gerakanna teu ẻlẻh gesit ku Mang Ẻwok, gancang manẻhna muterkeun
awi nu di cekelna pikeun mapag bedog lawanna.
Bret bret ! Awi potong jadi tilu,
tapi sirah si Odoy salamet sabab arah bedog jadi ngolẻwẻng jauh tina sirahna.
Sewuk suku jẻbrag mang ẻwok ngajelepung rẻk ngajejek dada si Odoy. Tapi si Odoy
teu cicingeun manẻhna ngadoyongkeun awakna ka kẻnca. Ploos tajongan mang Ẻwok
ngahanca tempat kosong.
Lol suku mang Ẻwok nyantong
hareupeun si Odoy. Teu miceun kasempetan Si Odoy gancang meupeuh mumuncangan
suku Mang Ẻwok ku leungeun kẻncana. Hiuk pletak! “Huaaaduuuh!” mang Ẻwok ngajẻrẻ sabab dua
kali mumuncangannana kabeunangan ku Si Odoy. Mumuncanganna biru bari bareuh
karasana nyerijeung linu kacida.
Si Odoy nyusul tepus ku tajongan
sepak kuda beger Hiiuuk jedak! Kantong menyan Mang Ẻwok di sẻpak satarikna.
“Aarrrrrrr tooobrraaat!” Mang ẻwok kocẻak dengẻk sorana leslesan bakat ku nahan
kanyeri, Clik bedogna murag tina panyekelna. Dua leungeuna di pakẻ nungkup
kantong mẻnyanna bari adug songkol. Bẻdog di pulung ku Si Odoy, tuluy si Odoy
ngudaran beubeurna di pakẻ nalikung mang Ẻwok.
Urang tunda heula si Odoy anu
geus hasil meruhkeun Mang Ẻwok. Ayeuna urang nyaritakeun Hẻndi anu adu hareupan
jeung Dẻn Sarja. Mimitina mah duanana saimbang sarua gesitna sarua pelitna
Sapuluh jurus geus kaliwat duanana can aya nu kabeungangan ku panarajang
lawanna.
Tapi sanggus liwat ti dua puluh jurus, kakarak kaciri yẻn
Hẻndi leuwih unggul, sabab beuki dieu gerakan Dẻn Sarja beuki gejed, serangana
beuki kendur, napasna beuki ngahẻgak. Baju Den sarja geus jibrug baseuh ku kẻsang.
Teu cara hẻndi nu kacirina masih seger buger kawas nu teu ngarasa capẻ.
Ieu tẻh ku sabab Hẻndi mah rutin
latihan mẻh tiap sorẻ manẻhna jeung si
Odoy ngalatih jurus silat di pipir imah Hẻndi anu kawilang rada lega. Teu cara Dẻn sarja sanajan di
latih ku palatih anu mahir tapi kusabab jarang ngalatih jurusna nya antukna teu boga katahanan pisik anu alus
dina ngahareupan padungdung nu saenyana.
Sanajan tanagana geus leuseuh
tapi Den Sarja napsuna masih ngagedur. Manẻhna maju bari ngadiuskeun peureupna
dina ulin Cihẻrangan. Peureupna ngahiung bangbaraan ngarah kana puhu ceulina Hẻndi.
Hẻnda rikat ngelokeun sirahna
bari maju salengkah, bareng jeung poosna serangan nu jadi lawan peureup katuhu
Hẻndi ngageduk kana dada dẻn Sarja. Hiuk duk! “Heagh..! Dẻn Sarja ngahenggeu,
Dadana nyesek. Keur kitu datang deui peureup Kẻncana hẻndi ninggang pisan
nyayang kana carẻhamna Dẻn Sarja.
“Huaduuuh!” Dẻn Sarja ngowowong
terus ngabangkieung jarigjeug jarigjeug bru labuh diuk dina lemah. Tapi dẻn
Sarja maksakeun hudang bari terus masang kuda – kuda anyar. Wawanẻnna masih Gedẻ,
ẻra lamun seug bobolẻh karak kabeunangan ku sakitu.
“Aing can ẻlẻh, tarima yeuh
balesan aing Ciaaat!” Dẻn Sraja ngagajleng sahibas dada, Jurus dadali nyamber
anak hayam di gunakeun. Suku katuhuna ngadius ngarah kana dada nu jadi musuh. Hẻndi
teu cileureun Manẻhna ukur narik suku kẻncana ka ka tuhu bari ngadoyongkeun
awakna ka katuhu 45 darajat.
Ploos tajongan Dẻn Sarja poos
ngahanca angin. Lol awak Dẻn Sarja liwat gigireun Hẻndi gancang Hẻndi mapag ku
ketigan leungeun katuhuna anu ngarah kana pingping Dẻn Sarja. Hiuk Bek “Aduuuh! Dẻn Hẻndi
ngagero, Awakna nyolondod ka hareup.
Keur kitu datang deui ketigan kan
pundukna bari terus suku kẻncana di rengkas ku Hẻndi. Tumerapna ka Dẻn sarja
luar biasa awakna ngajuralit ka hareup sirahna ti tutug kana taneuh garing .
Juralit brug! “Heuk..!” ukur sakitu sora nu kaluar tina baham Dẻn Sarja.
Sabab saterusna mah sirahna lieur
katurelengan terus ngusek teu inget dibumi alam. Dẻn sarja kapiuhan sapada
harita. Nempo kitu Si Odoy ngiringkeun
Mang Ẻwok nu leungeunna di borogod ngadeukeutan ka Hẻndi.
“Kumaha Jang mun geus kieu rẻk di
kumahakeun yeuh munding tẻh hẻhẻhẻ!” Tanya Si Odoy ngarẻken munding ka Mang Ẻwok.
“Geus kang leupaskeun baẻ, da geus di warah ieuh.” Jawab Hẻndi titah
ngaleupaskeun Mang Ẻwok ka si Odoy.
“Ih ulah atuh jang maranẻhna
niatna rẻk ngarogahala urang malah mah si sarwok mah rẻk meuncit akang sagala
rupa. Kẻ mun di leupaskeun atuh bakal boga kasempetan ngadodoho deui urang .
Hadẻna mah urang sunatan deui wẻ si sẻrwok mah lah mẻh bẻak sakalian sugan
kapok ari geus teu boga siih mah hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy kituna tẻ bari
ngaragamang kana calana mang Ẻwok, siga enya wẻ rẻk nyunatan.
“Ngadẻngẻ kitu Mang Ẻwok sepa
“Ampun Dẻn ampun, abdi neda ampun, moal deui deui abdi kumawantun deleka ka Adẻn
duaan, ampun dẻn nẻda hirup abdi..”Ceuk mang Ẻwok bari nyuuh ka si Odoy. Teu
sirikna ngiihan manẻh bakat ku sieun di sunatan ku si Odoy.
“Ku kuring di bẻrẻ ampun Mang,
tapi ulah deui deui kalakuan kitu tẻh nya! Awas lamun mamang milampah deui
kajahatan boh ka kuring duaan boh kanu lian, kuring moal mẻrẻ ampun deui!” Hẻndi
nu ngajawab bari mencrong ka mang Ewok.
“Di ẻstokeun pisan Dẻn, abdi
janji moal deui – deui.” Ceuk mang Ẻwok bari ngeluk tungkul teu wani neuteup ka
Hẻndi. “Kang udaran tah beubeurna.” Ceuk Hẻndi nitah ngaleupaskeun beubeur nu
ngaborogod Mang Ẻwok ka Si Odoy.
“Lah padahal mah sunatan wẻ heula
jang, lumayan keur kenang – kenangan hẻhẻhẻ.” Tapi kituna tẻh Si Odoy bari
ngalaan beubeurna nu di pakẻ nalian leungeun Mang Ẻwok. “Tuh bawa dunungan
sorangan geura balik!” Ceuk Hẻndi bari nunjuk ka Dẻn sarja anu masih ngagoler
teu usik malik.
“Duh maot heunteu dunungan abdi tẻh
Dẻn, Cilaka mun seug tiwas mah bisa – bisa abdi anu bakal katempuhan ku
Sepuhna.”
“Henteu mang ukur kapiuhan, tuh
ambekanna gẻ masih aya sakeudeung deui gẻ ẻling. Hayu kang urang balik geus
peuting yeuh!” Hẻndi ngajak balik ka si Odoy.
“Nya hayu atuh, Mang bedog mah di penta nya ku kuring nya lumayan keur narokan suluh.” Ceuk Si odoy bari namprak mẻnta sarangka bedog ka mang ẻwok. “Mangga mangga Dẻn.” Mang ẻwok ngudaran sarangga bedog tina cangkẻngna tuluy di bikeun ka si Odoy. Sanggeus nampanan sarangka bedog mah si Odoy jeung Hẻndi ting lalẻos ninggalkeun ẻta patempatan.
Dongeng MP3/MP4 klik di handap
Tidak ada komentar:
Posting Komentar