#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih
Bagian ka 8
Karangan Ki Dagar
Dina sawangan mah hirup nyi Sukẻsih
tẻh bakal ngahenang ngahening, bakal pinuh ku kabagjaan sabab meunangkeun
salaki turunan mẻnak bari kolotna beurat beunghar. Tapi jalan nasib kahirupan
mah teu kitu. Kadang kanyataan tẻh pajauh jeung nu di sawang.
Cara kanyataan hirup Nyi Sukẻsih
ayeuna. Sanggeus jadi bojona Dẻn Sarja sarta cicing di imah kolotna Dẻn Sarja
nyaẻta Juragan Mukri sarta ambu Sumi. Lain kasenangan anu kaalaman kawas dina
sawangan.
Tapi katunggaraan lahir jeung
batin nu karandapan ku Nyi Sukẻsih. Naon sababna? Kusabab sifat Dẻn sarta anu
resep Ulin ka awẻwẻ lian. Hobbi serong boh ka randa atawa parawan. Geus
sababaraha kali katohyan ku Nyi Sukẻsih Dẻn Sarja tẻh boga awẻwẻ simpenan di
lembur sẻjẻn.
Salian ti ẻta, ambu Sumi nyaẻta
indungna Dẻn Sarja tẻh cẻrẻwẻdna liwat saking, Resepna tititah bari tutunjuk.
Nitah nu hiji can bẻrẻs geus nitah migawẻ pagawẻan sẻjẻn. Komo ningali
minantuna nyaẻta Nyi Sukẻsih anu gorẻng gawẻ mah sok remen pisan maido bari
nyarẻkan laklak dasar.
Hiji mangsa ambu Sumi, Bah Mukri
sarta Dẻn Sarja keur ngariung di patengahan imah. Nu di obrolkeun taya lian
iwal ti Nyi Sukẻsih. “Teu kabeneran Arja mah boga pamajikan tẻh. Nya jalma teu
boga tapi kalakuanna siga menak, bisana ukur ngageulis, di titah ngumbah piring
kalotor kẻnẻh, di titah nyangu gigih waẻ, mani teu bisa pisan mantuan ka ambu.”
Ceuk ambu Sumi bari biwirna rada manyun.
“Kin gẻ panginten lami – lami mah
tiasa ambu.” Jawab Sarja tuluy ngarongkong gelas citẻh manis anu nyanding dina
mẻja hareupeunnana. “Rẻk tepi iraha apanan geus rẻk tujuh bulan rumah tangga tẻh,
tapi can katingali parubahannana. Angger wẻ barang gawẻna sarua jeung mimiti
kadieu.”
“Ku ambu atuh diajaran, pan urang
gẻ salaku mitoha boga kawajiban ngadidik jeung mẻrẻ nyaho.” Bah Mukri milu
nyarita. “Nya puguh Bah tiap poẻ ogẻ di bẻjaan, di ajaran. Lain jadi bisa, nu
ngabejaan kalahkah taak, da taya parubahan pisan atuh bah.”
“Jeung deuih iyeuh, geus rẻk
tujuh bulan can kẻnẻh aya tanda – tanda Nyi Sukẻsih bakal ngandeg. Pan ambu tẻh
geus hayang geura nimang incu, matak nyatujuan hidep kawin ogẻ Arja.” Ceuk ambu
mutia deui bari pepeta, dua leungeunna di ẻyong - ẻyong kawas keur nimang orok.
“Nanaon gẻ kudu sabar ambu, da
sarua ari masalah hayang boga incu mah, komo urang mah anak tẻh ngan ukur hiji.
Lamun Arja keur iinditan tẻh imah mani karasa sepi. Aya gẻ nu maturan si ẻwok
da puguh sibuk ngurusan ingon – ingon” ceuk bah sarja mairan.
“Teras kahoyong ambu tẻh saleresna
kumaha?” Sarja malik nanya ka indungna. “Yeuh kasẻp dangukeun nya. Ambu mah
kahayang tẻh hidep ganti pamajikan. Si Sukẻsih mah geus teu ka irong, teu ka
peunteun ku ambu mah.”
“Nya gorẻng gawẻ, nya kurang tata
krama, nya hẻsẻ reuneuh, pagawẻanna ukur ngageulis, purah mẻakeun duit kahobina barang beuli baju anu mahal,
lipstikna gẻ nya lipena anu hargana mahal ẻta tẻh. Pokona mah euweuh araheunana
boga minantu modẻl si Sukẻsih mah!” ceuk ambu Sumi, nyebukna gẻ mani si ka Nyi
Sukẻsih tẻh.
“Ambu istigfar eum! Ulah kamana
waẻ ari nyarita!” bah Mukri ngagebẻs pamajikanna. Ambu Sumi mah mẻmang geus
pangadat nya cẻrẻwẻd nya garihal, mun nyarita sangeunahna tara sok diragap
heula. Tapi ari bah mukrina mah jalmana bageur sarta bijaksana ngan baẻ ẻlẻh ku
pamajikan.
“kamana baẻ kumaha ari abahna, da
ambu mah nyarita gẻ kanyataan. Da sabenerna atuh Si Sukẻsih mah saperti kitu.
Geus Arja, ngalaman da eunggeus kawin jeung si Sukẻsih tẻh. Ayeuna mah geura
serahkeun, anteurkeun kaitu ka indungna.”
Sarja ngahuleng ngadẻngẻ pamẻnta
ambu Sumi tẻh. Aya atoh aya bingung dina hatẻ Sarja. Atohna mẻmang sabenerna
mah manẻhna tẻh geus teu bogoh ka Nyi Sukẻsih. Da kawina gẻ ka Nyi Sukẻsih tẻh
lain didasaran ku kanyaah anu murni ti rasa cinta.
Tapi kajurung ku nafsu sarta gẻngsi
embung ẻlẻh saing ku Hẻndi. Ari bingungna. Manẻhna bingung kudu nyieun alesan
naon ka Nyi Sukẻsih sarta kolotna, maenya kudu ujug – ujug nyerahkeun tanpa
alesan anu mernah.
“Tong di dẻngẻ kahayang si ambu
mah Arja, baheula gẻ sarua indung hidep tẻh teu bisa nyangu – nyangu acan.”
Ceuk Bah Mukri bari neuteup ka anakna.
“Euleuh euleuh ẻta si abah mani
nyaruakeun ambu jeung Si Sukẻsih. Ambu
mah baheula teu bisa nyangu gẻ wajar sabab ambu mah anak mẻnak, loba pembantu
di imah, aya nu purah nyangu, teu cara si Sukẻsih, apanan jalma teu gableg tapi
nyangu gẻ mani teu bisa. Terusna apan ambu mah pinter gatrik, buktina ẻta
borojol si Arja anu sakitu kasẻpna.”
“Enya tapi ulah kitu – kitu
teuing atuh ambu, kumaha engkẻ ceuk batur, ceuk tatangga lamun seug kakarak gẻ
rumah tangga tujuh bulat anak urang geus jadi duda.”
“Geus abah mah ulah milu ngomong,
nanaona tanggung jawab ambu, makẻ mikiran tatangga sagala. Anak urang mah
lalaki jadi duda gẻ bisa nyiar deui nu leuwih, Cicing abah mah, kẻ moal di ajak
gatrik geura kakarak karasa.” Ceuk ambu Sumi nyaritana norolang kawas kacang
ninggang kajang. Geus di sentak kitu mah Bah Mukri ngabetem teu wanieun nẻmbal
deui.
“Sok kumaha kaputusan hidep
Arja?” tanya ambu Sumi deui. “Nya teu langkung ambu baẻ, tapi kedah alesan naon
Arja ka Nyi Sukẻsih sareng sepuhna da meureun ari tanpa alesan mah teu mernah
ambu.
“Geus puguh teu kapakẻ kituh, Pan
tadi geus di tataan ku ambu, Na makẻ nanya kumaha sagala ari hidep. Lain salah
hidep ieuh tapi salahna sorangan teu bisa ngaulaan salaki, teu bisa nyenangkeun
nu jadi mitoha.”
Dina kaayaan keur gunem cateur
kitu, Nyi Sukẻsih ngaliwat ka tengah imah, panonna carindul bari baraseuh kẻnẻh
ku cimata. Leungeun katuhuna ngajingjing gẻmbolan baju. Sihorẻng mah tatadi gẻ
Nyi Sukẻsih tẻh ngadẻdẻngẻkeun nu keur ngarobrol di tengah imah.
Jelas pisan kadẻngẻ ku Nyi Sukẻsih
yẻn ambu Sumi tẻh nitah Dẻn Sarja pikeun nyerẻikeun dirina. Cipanonna bedah
sawaktu Dẻn sarja nyaluyuan kana kahayang indungna. Nyeri hatẻ ku hiji ku dua,
nya antukna mah Nyi Sukẻsih nyokot kaputusan manẻhna rẻk balik ka Imah kolotna
nu aya di lembur Citiis.
Sanggeus beberengkes Nyi Sukẻsih
kaluar ti kamerna bari ngajingjing
buntelan pakẻanna. “Nyai, nyai tẻh rẻk kamana makẻ mawa buntelan sagala?” tanya
Sarja bari jung nangtung nyampeurkeun pamajikanna.
“Tos kang teu kedah pura – pura.
Abdi ogẻ ngadangu sadaya sasauran akang sareng ambu. Teu kedah dipiwarang gẻ
abdi mah badẻ uih ka Citiis.” Teu nungguan jawaban deui Nyi Sukẻsih ngalẻos
turun ti imah indit bari mawa hatẻ anu gudawang.
“Ulah di antep atuh sarja, kaitu
susul bisi kuma onam, kumaha mun nẻkad ngagejeburkeun manẻh ka leuwi pan urang
– urang kẻnẻh nu barabẻ!” Bah Mukri nu nyarita ngingetan ka Dẻn Sarja. “Muhun
bah.”Tẻmbal Sarja terus ngalẻos ka tukang imah maksudna mah rẻk nitah mang ẻwok
maturan pikeun nyusul Nyi Sukẻsih.
Singketna carita Nyi Sukẻsih
najan di paksa balik deui gẻ ka Cihẻrang tetep mugen. Nya ahirna mah Nyi Sukẻsih
jeung Sarja resmi pepegatan. Nyi Sukẻsih resmi rarandaan. Tapi saprak pepegatan jeung Dẻn Sarja Nyi
Sukẻsih tẻh jadi loba ngalamun.
Nu di lamunkeun tẻh taya lian
iwal ti peunggasna cita – cita jadi jalma beunghar. Nyi Sukẻsih anu tadina bahẻnol
bari geulis tẻh, kiwari awakna jadi kuru. Beungeutna kanyos bari pias.
Katempona leuwih kolot ti umurna anu kakarak salikur taun.
Dongeng MP3/MP4 klik di handap
Tidak ada komentar:
Posting Komentar