Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Minggu, 21 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih bagian 10

 #Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

 Bagian Ka 10

Karangan Ki Dagar




“Mang ẻta sora naon mang? Ceuk Samin bari metot sarung mang Ajo anu di kongkoyangkeun. Atuh puguh mang Ajo jadi ngadangheuak da di betot ti tukang ku Samin. “Ẻh nanaonan ari manẻh Min!” Mang ajo malik bari muncereng.

 

“Mang ẻta sora naon mang, urang ka pos ronda deui we yu!” ceuk Samin bari culang cileng kawas aya nu di tẻangan. “Sora anjing ẻta mah Min, makẻ jeung sieun, da remen anjing babaung mah lain ukur ayeuna.”

 

“Ah tapi da bẻda kadẻngẻna mang, teu patembalan cara kitu biasana mah.”. “Parasaan manẻh baẻ min anu borongan, meunggeus hayu urang tempo anu ngagayabag ceuk dasẻp tẻa, Sẻp palebah mana tadi tẻh?” Tanya mang Ajo bari malik ka Dasẻp.

 

“Be..be..be..lah di..di..tu  tuh mang!” ceuk Dasẻp bari nunjuk kana umplukan tangkal kalapa anu ngajajar di tengah kebon mang komar. “hayu urang sampeurkeun kaitu!” mang Ajo ngalengkah deui nuju ka jajaran tangkal kalapa. Samin jeung dasẻp sanajan bujurna rerempodan tapi teu bisa majar kumaha, duanana nuturkeun di satukangeun mang Ajo.

 

Anjing masih terus babaung patẻmbalan, awor jeung sora angin anu ngagelebuk ting saleor ngendakeun tatangkalan.  Pas tepikanu di tuju reug angina ngadadak eureun, kitu ogẻ sora anjing babaung. Kaayaan simpe deui , ukur kadẻngẻ sora cihcir.

 

“Tuh nya Min teu aya nanaon?” ceuk Mang ajo ka Samin. “Enya nya mang sepi deui ning.” Tembal Samin hatẻna rada reugreug. “I I I itu nan a naon mang!” Dasẻp ngagero bari nunjuk ka luhur tangkal kalapa.

 

Samin jeung Mang Ajo mẻh bareng tanggah ka tangkal kalapa anu di tunjuk ku Dasẻp. Katingali ku kabẻhan di salah sahiji batang daun kalapa aya hiji mahluk hideung keur ucang ucangan. Mang Ajo gancang ngarahkeun senterna ka ẻta mahluk tapi ngadadak jirim ẻta mahluk ngiles teuing kamana.

 

“Boa – boa jurig mang, hayu balik mang!” Samin kanceuh deui rasa sieunna bulu pundukna maruringkak. “Ah jurig nanahaon, Emang mah teu sieun ka jurig tẻh Min, tuh buktina jurigna anu kalahkah ngaleungit.” Ceuk Mang  Ajo nyaritana rada suaban, tapi mẻmang mang ajo mah katelah jalma gedẻ kawani.

 

Dina kaayaan kitu cungungung sora anjing babaung kadẻngẻ deui malah leuwih ramẻ batan tadi. “Tuh da amang mah sok sompral kitu, jadi wẻ jurigna dating deui!” Samin kasieunna tambah jadi.

Dina kaayaan kitu kadẻngẻ aya sora anu nyikikik seuri, pilih genti jeung sora anu ceurik. “Mang kumaha ieu mah, aya jur jur jurig mang, hayu balik mang ah!” Samin nyekel pigeulang mang Ajo mani pageuh, ari Dasẻp nyekelan cangkẻng  Samin.

 

“Tenang tenang barudak!  Urang singlar ku emang. Anjang anjang anjing anjing anjing hideung tataranjang lumpat kala kolong risbang ari blekẻk hẻhẻhẻ jurig kabur sẻtan ingkah ulah ganggu ka sakadang anjing.” Mang Ajo sisinglar ku jangjawokan.

 

Tapi bener baẻ nu seuri jeung nu ceurik tẻh ngadadak eureun, anjing babaung ge teu kadẻngẻ deui“Tuh nya sieuneun ka amang mah!” ceuk mang Ajo bari ngẻpẻskeun leungeun Samin anu tatadi nyekel pageuh pigeulang leungeunna.

 

“Enya hẻbat mang, langsung kabur ning jurig tẻh.”

“Matakna jadi jalma ulah borangan, kudu gedẻ kawani sabab lamun urang wanian jurig gẻ sieuneun ka urang.”

 

Keur kitu ngadadak blug korosak gulutuk gulutuk, aya sora anu rangrag terus ngagulutuk kana rungkun handapeun tangkal buah. “Na nan a naon ẻta mang!” ceuk dasẻp bari nyekelan deui cangkẻngna samin.

 

“Ih ulah kana cangkẻng atuh Sẻp da gẻtẻk atuh..”

“da da da sis i si eun atuh Min.”

“Sarua kuring gẻ sieun Sẻp.”

“Min tẻang kaitu naon anu ragrag tẻh. tah sẻntẻrna!” Mang Ajo nitah ka Samin bari ngasongkeun senter.

 

“Ah sieun mang ah, teu wani kuring mah.”

“Ku Dasẻp atuh kaitu!”

“Si sis i eun aba b ab di di gẻ mang.”

“Euh iya mah euweuh sahijieun, kudu ku kolot waẻ. Henjung atuh kaitu kuduaan da paling gẻ kalapa murag.”

 

Tapi Samin jeung dasẻp teu aya nu wani nampanan senter mang Ajo. “Geus ku amang urang tẻang tungguan baẻ maranẻh di dieu!”  mang Ajo ngalẻos nyampeurkeun kana rungkun handapeun tangkal buah.

 

Teu lila balik deui ngajingjing kalapa “Tuh nya ceuk amang gẻ kalapa murag lumayan keur nyieun santen urang bawa balik, nam ah urang ka pos ronda deui.” Ceuk mang ajo bari sura seuri bungah.

 

Tapi barang geus deukeut ka Samin jeung Dasẻp, ngadadak Samin ngocẻak tuluy ngalenggerek kapiuhan. Mang Ajo bingung rẻt ka Dasẻp anu ngayekyek bari cingogo, katẻmbong calanana baseuh.

 

“Ari maranẻh kunaon Sẻp, Si Samin jol ngagurubug, manẻh deui kalahkah ngompol aya naon ieu tẻh?” Mang Ajo bingung ningali paripolah Dasẻp jeung Samin. “ẻt ẻt ẻt ẻta mang jur jur jur…”Dasẻp tutunjuk kana kalapa nu di jingjing ku mang Ajo.

 

Mang Ajo panasaran tuluy ngarahkeun senterna kana kalapa. Ari barang brẻh tẻh. kalapa tẻh singhorẻng aya beungeutan, beunguet saurang aki – aki, panonna bolotot gular – giler biwirna brewẻh rentul ku sihung lẻtahna panjang ulal elẻl.

 

Ningali kitu mah mang Ajo anu katelah wanian tẻh ngadadak ngagoak “ay ay ay ay aya juriiiig!” lung kalapa nu beungeutan tẻh di alungkeun ka Dasẻp, brengbeng Mang Ajo lumpat satarikna ninggalkeun Dasẻp anu keur nyekelan kalapa nu beungeutan.

 

“Eu eu eu jur jur jur jur.” Lenggerek Dasẻp gẻ teu kuateun nahan kasieun, dasẻp kapiuhan gigireun Samin anu pingsan tiheula.

 

Sẻor sẻor angin datang ngagelebug, tatangkalan ting palalenod katebak ku angina anu gedẻ kacida. Cungungung sora anjing patẻmbalan. Cikikik sora nu seuri kadẻngẻ deui silih selang jeung sora nu ceurik ngabangingik. Peuting harita di kebon mang komar mani geueuman pisan.

 

Kayaan kitu tẻh sabab aya bangsa siluman anu datang. Nyaẻta taya lian nu ngagayabag datang ti luhur katempo ku Dasẻp tẻa. Ki gulutuk cengir anu datang tẻh. Utusan Prabu Denta wisẻsa anu keur ngajalankeun tugas pikeun nyasabkeun jalma lembur supaya biluk ka bangsa siluman.

 

Kusabab katohyan ku ronda nya sakalian Ki Gulutuk tẻh ngaheureuyan, da puguh sipat bangsa siluman mah jail tukang nyingsieunan bangsa manusa. “Hẻhẻhẻ geuning barorangan bangsa manusa tẻh. Ah sakalian aing rẻk nyurup ka salah sahiji ieu jalma. Sakalian nyingsieunan jalma lembur. Lamun geus sieun biasana narurut bangsa manusa mah.

 

Di pẻnta susuguh gẻ babari, rẻk sakalian mẻnta surutu jeung cikopi pait, bakakak wẻ jeung tumpeng nikmat sigana, geus lila teu ngadahar bakakak hayam hẻhẻhẻ.  kaituna mah ku aing di sasabkeun sina muhit ka karajaan kanjeng prabu hẻhẻhẻ.” kitu gerentes hatẻna Ki Gulutuk cengir.

 

Ayeuna urang kocapkeun mang Ajo anu lumpat meleteng teu sirikna tunggul di barud catang di rumpak, nu penting mah gancang tepi ka pos ronda. Srog ka pos ronda kasampak pa Rt jeung juhro masih dariuk bari ngaropi.

 

“Aya naon Mang geuning lulumpatan kitu, naha aya bangsat? Jeung deui mana Samin jeung Dasẻp?” Tanya pa Rt rada reuwas ningali mang ajo datangan lumpat tẻh. “Heuh..a…a…a..a…a..aya…hah..ha..” Mang Ajo bẻakeun napas kaciri ambeukana rẻnghap ranjuk.

 

“juh bẻrẻ ci hẻrang juh!” titah pa Rt ka Juhro. Juhro nyicikeun ciasak hẻrang tina tẻko kana gelas tuluy di asongkeun ka mang Ajo. Mang ajo ngaleklek nginum malah bẻak tepi ka tilu gelas sagala rupa.

 

“Kumaha Mang geus bisa nyarita?” ceuk Pa Rt deui.”

“Haduh tẻ ay ay aya jurig tẻ.”

“baruk aya jurig, jurig naon mang, dimana jurigna?”

“Kieu caritana mah tẻ..” derekdek baẻ mang Ajo nyaritakeun naon naon nu kaharandapan ku dirina ogẻ Samin jeung dasẻp.”Tah kitu Tẻ kajadianna tẻh.”

 

“Beu naha nya lembur urang jadi aya jurig sagala rupa, da biasana mah aman – aman baẻ. hayu urang kaditu mang, karunya atuh si samin jeung Dasẻp bisi kuma onam.” Ceuk Pa Rt hariwangeun ka Samin jeung dasẻp.

 

“Mangga tẻ tapi Rt di payun abdi di pengker baẻ.” Ceuk mang Ajo, kawanina timbul deui ari di barengan ku pa Rt mah. - Hanca

Dongeng MP3/MP4 klki di handap



Tidak ada komentar:

Posting Komentar