#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih
Bagian ka 9
Karangan Ki Dagar
Prabu Denta Wisẻsa nuju calik
dina korsi gilang kancana. Di hareupeunnana aya saurang hulu balang geus aki – aki anu keur meneko sila nunggu parẻntah
raja. “Huahahahahahhaha...Hulu balang juru harẻwos Ki Gulutuk cengir, Kaula
ngahaja ngangkir anjeun kadieu, kusabab aya hiji hal anu kacida pentingna anu
kudu di sawalakeun jeung anjeun salaku juru harẻwos karajaan.”
Cedok Ki Gulutuk Cengir nyembah
tilu kali saacan cumarita. “Sumuhun dawuh kanjeng prabu, mangga dugikeun baẻ,
bilih kanjeng prabu aya kapalay, bilih palay nambih selir, atanapi palay jahẻ
mangga abdi siap ngalaksanakeun sadaya parẻntah ti kanjeng prabu.”
“Huahahahhahahhaha.....Lain ,
lain, lain hayang nu kitu kaula mah, da geus boga saratus selir. Kaula mah keur
susah keur boga kabingung Paman Hulu balang. “
“Gaduh kabingung? Bingung kunaon
pangersa? Mangga dugikeun baẻ ?”
“Ki Gulutuk, Kabingung kaula tẻh
kusabab ti taun kataun anu muja, atawa muhit ka bangsa urang tẻh beuki dieu beuki
ngurangan, malah mah geus dua taun teu aya saurang gẻ bangsa manusa anu datang
ka gunung Guntur pikeun mẻnta pitulung ti bangsa urang.”
“Apan biasana mah mani merul nu
datang tẻh, euh rupa – rupa kahayangna aya nu hayang naẻk pangkat. Aya nu
hayang meunang jodo, aya nu hayang jadi bupati, tapi lolobana mah nu hayang
beunghar bari teu capẻ.”
“Tapi ayeuna mani rẻhẻ, teu aya
nu sẻba hiji – hiji acan, lamun kaya kieu carana, bisa – bisa karajaan urang tẻh
bakal bangkrut paman hulu balang.”
“Eu eu eu, perkawis ẻta anu
janten kabingung kanjeng Prabu tẻh. Memang saparantosna Aki Sakri maot tilu
taun kalangkung, dugi ka ayeuna teu acan aya gentosna kuncen pamujaan urang tẻh
kanjeng prabu.”
“Janten teu acan aya juru iklan
ogẻ juru panyambung urang sareng bangsa manusa. Margi aki Sakri mah teu gaduh
turunan, teu gaduh putra, janten teu tiasa nurunkeun atanapi ngawariskeun
tugasna salaku juru kunci atanapi kuncẻn, kitu sayaktosna mah kanjeng Prabu.”
“Heu heu heu, ẻta atuh da Aki
Sakri mah makẻ gering rorombẻheun sagala jadi wẻ maot. Jadi nyusahkeun urang
kabẻhan.”
“Sanẻs kaulanun sanẻs ku rorombẻheun
maotna aki Sakri mah, mẻmang ẻta ogẻ tos lami anjeunna kaserang rorombẻheun
sareng hapuran. Tapi maotna mah ku alatan kaserang aids.” Ceuk Ki Gulutuk cengir bari pepeta.
“Kadaharan naon ari aids tẻh
paman hulu balang? Naha kawas misro atawa siga comro, naha amis atawa gurih?”
“Sanẻs sanẻs kadaharan aids mah
kanjeng prabu. Aids mah panyawat kelamin sapertos raja singa, mung langkung
ganas aids mah sareng teu aya obatna kanjeng prabu.”
“Kutan panyakit kelamin, apanan
si aki Sakri mah teu boga pamajikan, jeung tara jajan apem paman hulu balang.
Naha bisa kaserang ku panyakit samodẻl kitu?”
“Sumuhun teu gaduh istri ogẻ tara
jajan apem. Tapi tiap randa atawa awẻwẻ anu rada bahẻnol anu namu ka aki Sakri
sok di opi ẻta tẻh ku aki sakri kanjeng prabu, sok di paksa ulin gatrik, ceunah
mah ẻta tẻh syarat pikeun ngahontal cita citana.”
“Waduuuh kutaaan kitu si aki
Sakri tẻh, pantesan atuh ari kitu mah. Kumaha atuh seterusna paman hulu balang?
Naha aya cara pikeun ngaronjatkeun deui subcriber atawa follower karajaan urang
tẻh. Apan bangsa urang mah kudu saloba lobana nyiar balad pikeun bawaeun
kanaraka. Terusna apanan butuh budak, butuh pagawẻ kasar ti bangsa manusa anu
muhit ka urang, sanggeus ẻta manusa maot apan balikna ka dieu. Tuh di pawon gẻ
aya nu jadi tukang nyangu, aya nu purah ngeureutan daging jeung sajabana –
jeung sajabana.”
Ki Gulutuk cengir ngahulung
sakedapan, Ki Gulutuk cengir muter uteukna, nyiar akal pikeun nedunan pamẻnta
prabu Denta Wisẻsa.
Teu lila cedok Ki Gulutuk cengir
nyembah tuluy pok nyarita “Abdi badẻ narẻkah kanjeng prabu, abdi badẻ turun ka
pilemburan di sabudeureun wewengkon gunung guntur kanggẻ milarian bangsa manusa
anu nuju gaduh karerepet, anu seueur kabingung, ogẻ anu nuju susah seueur
masalah.”
“Kin ku abdi badẻ di goda supados
biluk ka urang, supados janten follower karajaan jurig hulu hẻhẻhẻ.”
“Hadẻ - hadẻ pisan ari paman hulu
balang daẻk turun gunung deui mah. Sok geura laksanakeun, Sing hasil pamaksudan
huahahahahha.” Prabu Denta Wisẻsa ngagakfak seuri. Bungah kusabab geus aya
bongbolongan pikeun ngubaran kabingungna.
“Unjuk sumangga kaulanun, Ki
Gulutuk cengir amit mundur badẻ mancẻn tugas.” Cedok ki gulutuk cengir nyembah
tuluy ngised mundur lalaunan, Sanggeus deukeut kana lawang karaton manẻhna
hudang tuluy leumpang kaluar ti karaton.
Ki Gulutuk cengir leumpang nuju
ka alun alun karajaan. Geus tepi ka alun – alun manẻhna kunyam kunyem mapatkeun
ajianna. Gelebug angin gedẻ datang nyẻor ka arah Ki gulutuk cengir. Ki Gulutuk
cengir ngagayuh angin, manẻhna hiber tumpak angin.
Ki gulutuk cengir kumalayang di
gegana wiyati, sakedeng ngapungna ngabelesat ka luhur sakeudeung nyirorot turun
ngadeukeutan ka pilemburan manusa.
Kocapkeun di lembur Citiis.
Peuting mani jempling, ukur kadẻngẻ sora cihcir jeung bebencẻ. Ti hiji gardu
ronda kadẻngẻ kohkol di takol sakali tandaning wanci geus liwat ti tengah
peuting. Di gardu aya limaan anu keur ngaronda.
Nu kabagian Ronda harita tẻh nyaẻta
Juhro, Samin, Dasep, Mang Ajo, jeung Pa Rt. Biasa maranẻhna kabagian ronda tẻh
matuh malam juma’ah. “Mani sarepi kieu euy, caba tiris deui, coba kadieukeun
termos tẻh urang ninyuh cikopi Min!” Ceuk mang Ajo ka Samin, anu kabeneran
diukna di pojok deukeut kana termos.
Ceg Samin kana termos terus di
asongkeun ka mang Ajo. “Sakalian tinyuhkeun hiji keur kuring mang!” ceuk pa Rt
tayohna mah kabita hayang ngopi. “Hẻhẻ kuring gẻ hiji mang!” Juhro pipilueun.
“Ninyuh wẻ sorangan Juh, mani hayang di tiyuhkeun sagala.” Mang Ajo mureleng.
“Pan ceuk Pa Ustad gẻ mun nyieun
amal ulah kagok terus bari kudu jeung iklas mang hẻhẻ.” Tẻmbal Juhro. Mang ajo ẻlẻh dẻẻt manẻhna ninyuh cikopi tilu
gelas tuluy song di asongkeun ka Pa Rt sarta Juhro.
Samggeus bẻrẻs ngaropi, “Geura nguriling
atuh sawarẻh geus liwat tengah peuting yeuh!” ceuk Rt bari ngabagi teuteup ka
Juhro jeung Mang Ajo. “Siap Pa Rt laksanakan. Hayu Juh urang nguriling!” ceuk
mang Ajo ngajak Juhro.
“Uing mah rada muriang ieu tẻh,
uing mah maturan pa Rt wẻ ah jaga gardu, ajak si Samin wẻ jeung Dasẻp mang!” tẻmbal
Juhro bari ngaharumkeun sarungna ka sirahna. “Ah dasar pamalesan, hayu min, Sẻp,
bawa kohkolna tuh!”
Dasẻp jeung Samin ngaruniang
hudang, gap kana kohkol hiji sẻwang terus ngiclik nuturkeun Mang Ajo nu leumpang
tiheula. “Nguriling kamana urang tẻh mang?” Tanya Samin “Urang ka kalẻr wẻ
terus muter ka wẻtan.” Jawab mang Ajo bari tonggoy leumpang sẻnterna di
corotkeun ka ditu kadieu mariksa kaayaan.
Dina kaayaan kitu Dasẻp nu
leumpang pangtukangna ngabetot sarung Samin. “Aya naon Sẻp?” Samin ngarandeg
tuluy malik ka tukang. “Aa .. aa.. aaya nu...
nu...nu...nga...nga..ngayabag ti luhur
ka palebah ke ke kebon mang Komar.” Jawab Dasẻp nyaritana memang rada hẻsẻ
bawaan ti budak.
“Belah mana sẻp?” Mang Ajo milu nanya
“Be..be..lah dit..ditu mang!” Jawab Dasẻp curukna ngacir ka umplukan tangkal
kalapa nu aya di kebona mang Komar. “Hayu urang pariksa, saha nu nyaho bangsat
atawa jalma jahat.” Ceuk Mang Ajo bari nyorotkeun senterna ka arah kebon. Tapi
cahaya senter tẻh teu nepi da kebon Mang Ajo rada jauh jarakna.
“Ih kumaha mun jurig mang, tadi
ceuk Dasẻp ti luhur ceunah datangna, maenya bangsat datang ti luhur?” Samin
rada ngarego da puguh manẻhna mah borangan. “Min, apanan urang tẻh keur tugas
ronda, naon hal anu sakirana nyurigakeun urang wajib mariksa, hayu tuturkeun
amang!” Ceuk mang Ajo terus miheulaan leumpang.
Samin jeung dasẻp teu bisa majar
kumaha, maranẻhna antukna ngiclik nuturkeun mang Ajo. Srog nu tiluan tepi ka
sisi kebon Mang Komar. Ngadadak angin nyeor tarik teu pupuguh, cungungung sora
anjing babaung mani ramẻ patẻmbalan. - Hanca
Dongeng MP3/MP4 klik di handap
Tidak ada komentar:
Posting Komentar