Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Kamis, 04 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih bagian Ka 5

#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian 5

Karangan Ki Dagar




Sanggeus Si Odoy ngalẻos Nyi Sukẻsih jeung Hẻndi asup ka jero imah. “Mangga calik kang puntẻn wẻ calikna dina samak butut, da kaayaan bumi abdi mah batan sakieu.” Ceuk Nyi Sukẻsih bari sor ngasorkeun citẻh jeung gorẻng sampeu ka hareupeun Hẻndi.

 

Kaayaan imah Ma Yayah tẻh mẻmang basajan naker. Teu aya korsi – korsi acan ukur palupuh anu di amparan ku samak, ẻta gẻ samakna geus butut aya bolong diditu didieu. “Akang mah badẻ tumaros leres – leres ka nyai tẻh, punten kitu ogẻ Nyai.” Ceuk Hẻndi sorana lalaunan nahan parasaan hatẻna.

 

“Mangga engkang, badẻ naros naon kitu?” jawab Nyi Sukẻsih panasaran.

“Dupi kembang nu mangkak mekar teh naha tos aya bangbara anu euntreup? Bilih ku bilih akang mah sieun ambon sorangan langkung saẻ pan tumaros ti anggangna.” Ceuk Hẻndi nyaritana malapah gedang makẻ bahasa siloka.

 

“Kembang tẻh teu acan aya nu gaduh, bangbara seueur nu dongkap ukur ngahẻroan da kembang mah teu acan nyantẻl kasasaha.” Jawab Nyi Sukẻsih bari tunggul leungeunna nyoo tungtung kabaya. Hẻndi narik napas panjang, hatẻna lugina sabab Nyi Sukẻsih tẻh masih can aya nu boga.

 

“Upami kitu mah, kumaha upami bangbara ti Cimangantẻn anu euntreup dina kembang nu nuju mangkak mekar, kinten – kintena kembang tẻh kersaeun atanapi henteu di euntreupan ku ẻta bangbara?” Hẻndi tumanya bari hatẻna was – was sieun di tolak ku Nyi Sukẻsih.

 

Sababaraha kedapan mah Nyi Sukẻsih ngeluk tungkul bari haben wẻ nyoo tungtung kabaya. Siga nu bingung ku pijawabeun. Padahal mah dina hatẻna seuri bungah teu sirikna surak. Sabab kahayangna boga salaki ka Dẻn Hẻndi anu kasep tur beunghar bakal tẻrẻh kalaksana.

 

Geus rada lila pok Nyi Sukẻsih nyarita “Kẻmbang tẻh asa ngimpẻn margi aya bangbara anu kersa ka kembang kampung anu sakieu kaayaananna. Hiji kabagjaan pikeun kembang upami seug ẻta bangbara leres – leres badẻ mileuleuheungkeun kembang, sanẻs ukur ngarayu teras nyeuseup madu, saatos kembang layu bangbara ngiles kabur taya bẻjana.”

 

“Bangbara moal lanca linci, moal luncat mulang udar tina tali gadang. Tapi ẻstuning badẻ satia salalawasna, leres – leres badẻ ngajaga sareng ngariksa kembang supaya tetep sengit nyambuang.”

“hatur nuhun upami leres kitu mah.”

 

“Janten Nyai nampi kana kanyaah akang?”

Nyi Sukesih teu ngajawab tapi nganggukeun sirahna lalaunan.

“Hatur nuhun Nyai hatur nuhun pisan.” Bakat ku bungah Gap Jẻndi nyekel kana leungeun Nyi Sukẻsih. Ter seeer nuuud, karasa aya geteran rasa anu sumarambah ka sakujur badan Hẻndi kitu ogẻ Nyi Sukẻsih.

 

Kaituna mah teu kedah di caritakeun namina nu nuju kasmaran pastina uplek ngobrol bari otel saling cacapkeun kasono.

 

Waktu geus ngised ka wanci sareureuh kolot, Tiluar si Odoy kadẻngẻ dẻdẻhẻman, maksudna mah ngingetkeun Hẻndi supaya geura balik ulah tepi ka kapeutingan teuing. Sabab mun nganjang liwat waktu sok loba kajadian di gerebeg ku ronda atawa ku pamuda dẻsa.

 

Hẻndi surti, manẻhna ganjang amitan ka Nyi Sukẻsih ari ka Ma Yayah mah harita tẻh geus sarẻ di pangkẻngna. Sanggeus amitan mah Hẻndi jeung Si Odoy gancang lumampah balik ka lembur Cimangantẻn.

 

Sapanjang jalan Hẻndi teu loba omong pagawẻanna ukur cungar cengir kawas anu hal anu pikaseurieun. Si Odoy nu panasaran pok nyarita “Hẻhẻhẻ sigana mah hasil sobat uing tẻh, mujekil pisan sigana mah Hẻhẻhẻ.”

 

“Nyarita naon kang?” Hẻndi ngalieuk ka Si Odoy anu keur cungar cengir. “Enya Ujang hasil pan hẻhẻhẻ”

“Hasil naon ari akang, nyarita tẻh sok teu puguh mimitina teu puguh tungtungna!”

 

“Enya hasil sigana mah bieu, menang nyium nya hẻhẻhẻ.”

“His kamana waẻ akang mah, maenya atuh kakarak gẻ jadian geus susar sosor, ẻmangna akang kakarak gẻ nganjang ka Ceu Ijot balik – balik biwir jeding.”

 

“Hẻhẻhẻ atuh da si Ijot mah randa kaluman Jang, randa geus lila teuing jadi wẻ galak pisan. Mun teu di paksa mah akang moal daẻk hẻhẻhẻ”

“Laaah sok api – api kitu, moal mungkin tepi ka jontowor ari teu saruana mah hehehehe.” Hẻndi anu ayeuna mah ngẻyẻhkeun ka Si Odoy.”

 

Si Odoy jeung Hẻndi terus ngobrol, lolobana mah ngobrolkeun masalah Nyi Sukẻsih. Bari ngobrol mah teu karasa Hẻndi jeung Si Odoy geus tepi ka tungtung lembur Citiis. Geus kitu lẻok ngẻnca ngambah jalan dẻsa anu brasna ka jalan torobosan anu tungtungna ka Cikahuripan ti dinya mah kari motong jalan liwat pasawahan mun hayang gancang tepi ka Cimangantẻn.

 

 Pas dina palẻbah tẻmpat anu hara – haraeun. Ngadadak ti kẻnca katuhu jalan aya nu ngagajleng megatan jajalaneun Hẻndi jeung Si Odoy. Dua jalma beungeutna di bulen kucarẻcẻt atawa saputangan.

 

“Hẻhẻhẻ aya garong kabeurangan jang hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy bari taki – taki bisi baẻ nu duaan tẻh langsung narajang. “Teu kudu di teregos kitu baraya tina papakẻan jeung tangtungan anjeun gẻ kuring apal mun anjeun Dẻn Sarja jeung Mang Ẻwok nu  tadi panggih di imahna Nyi Sukẻsih.” Ceuk Hẻndi anu apaleun kana dedeg jeung papakẻan nu ngahadang jajalaneun.

 

“Hahahaha Syukur ari awas mah, jadi maranẻh duaan moal paẻh panasaran sabab apal kanu maẻhan maranẻh!” Ceuk Nu di baju ginding bari ngalaan saputanganna anu nutupan kana beungeutna. Kitu  deui nu saurang deui anu awakna jangkung badag ngalaan teregosna.

 

Bener baẻ sangkaan hẻndi tẻh nu duaan tẻh taya lian iwal ti Dẻn Sarja jeung mang Ẻwok badẻgana. “Geura tungkul kana jukut geura tanggah ka sadapan geura papatkeun jampẻ paẻh, sabab peuting ieu bakal tamat riwayat manẻh duaan.” Ceu Dẻn Sarja bari nulak cangkẻng.

 

“Hẻhẻhẻ mani asa gampil euy rẻk maẻhan batur tẻh euy, ẻmangna kuring duaan tẻh hayam nu rẻk ukur cicing mun rẻk diala nyawa. Saacan dirogahala gẻ pastina kuring ngalawan heula hẻhẻhẻhẻhẻhẻ.” Si Odoy namalang bangun taya karingrang, teu aya riuk – riuk kasieun dina paroman si Odoy jeung Hẻndi dina nyanghareupan Dẻn Sarja jeung mang Ẻwok.

 

Da puguh duanana ogẻ murid bah kanta kokolot lembur Cimangantẻn anu kasohor linuhung ku ẻlmu jambar ku panalar. Jadi taya kasieun kana urusan padungdung mah, Komo lawanna saimbang dua urang  ngalawan dua urang.

 

“Hahahahaha aya kawani ohẻ sia tẻh hah, hayoh mang podaran tah si pendek tẻh keun nguing nu modaran baturna!” ceuk Dẻn Sarga mẻrẻ parẻntah ka Mang Ẻwok supaya maẻhan si Odoy.

 

Nu di parẻntah teu loba omong gancang mang Ẻwok maju bari ngirimkeun paneunggeulna nu di arah tẻh cukang irung si Odoy. Tapi si Odoy teu cicingeun rikat manẻhna ngagiwar ka kẻnca bari ngirimkeun panajongna ngarah kana cẻcẻkolan mang Ẻwok.

 

Mang Ẻwok anu geus pangalaman kana bab patelak gancang ngangkat sukuna kaluhur Plos sepakan si Odoy ngahakan angin. Mang Ẻwok gancang ngajejekeun sukuna anu keur ngangkat kana walikat si Odoy anu awakna keur muter kabawa ku tanaga tajonganna anu poos.

 

Si Odoy buru – bru ngawangun gerakan gorẻntẻl bajing, awakna ngagorẻntẻl miceun panarajang ngan baẻ arahna ngadeukeutan ka mang Ẻwok. Buk suku katuhu mang Ẻwok anu leungiteun sasaran jadi ngajejek taneuh garing.

 

Dina kaayaan kitu Si Odoy ngarampid suku kẻnca mang Ẻwok ngagunakeun jurus lẻlẻd samak. Atuh solontod bru mang Ẻwok nambru sabab leungiteun kasaimbangan badanna ku alatan suku kẻncana beunang karampid ku Si Odoy.

 

Beungeut mang Ẻwok ti susud kana taneuh garing, cukang irungna bararẻd garetihan. “Hiji kosong siang hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy bari ngaheuheuh. Omongan Si Odoy karasana panas kana ceulina Mang Ẻwok sabab di tungtungan ku seuri kawas anu nyeungseurikan ka dirina.

 

“Bangsaat aing can rumaha ẻlẻh siah, rasakeun yeuh hiaaat!” Mang Ẻwok ganjang nguniang hudang tuluy nyebrut deui narajang ka si Odoy. Peureup Mang Ẻwong ngadius bangbaraan lempeng ngarah dada nu jadi lawanna.

 

Tapi si Odoy ukur nyẻrẻngẻh. Dina gerakan anu kilat manẻhna ngajorẻlat ka luhureun mang Ẻwok bari metakeun jurus lalay nyamber buah. Suku katuhuna ngaheumbat rẻk ngajejek kana punduk mang Ẻwok anu keur nyuruntul sahandapeun dirina. - bersambung


Dongeng MP3/MP4 klik di handap



 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar