Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Jumat, 29 Januari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih Bagian 4

#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian 4

Karangan Ki Dagar




 Gancangna carita saminggu geus kaliwat malam minggu nu ditunggu geus ngurunyung ngaganti malam juma’ah. Wanci tengah poẻ geus ngiser ka tangangẻ, panonpoẻ masih morẻrẻt, hawa karasana mani nyongkab.

 

Di Imahna Bah Kanta Hẻndi diuk di tepas bari nanggeuy gado. Di gigireunna cikopi nyanding. Dibaturan ku kulub hui. Tisaprak wawuh jeung Nyi Sukẻsih pagawẻan Hẻndi ukur huleng jentul. Loba malaweng. Ari nu jadi pikiran taya deui iwal ti Nyi Sukẻsih.

 

Teusirikna mun beurang suda kana dahar mun peuting tara bisa sarẻ, sabab rurupaan Nyi Sukẻsih sok ngalangkang baẻ dina kongkolak panon. Jang Hẻndi kapidangdung, kajamparing asih kapeuntang asmara gama.

 

Keur ngahuleng kitu, punduk Hẻndi aya nu nepak. Bari ngarẻnjag Hẻndi malik katukang. Brẻh Si Odoy keur nyẻrẻngẻh, kancing bajuna di buka dadana ngaliglag ngoprot kẻsang. “Ah akang mah sok ngareureuwas!”

 

“Atuh da ti tatadi tẻh katempona ukur ngahuleng baẻ, ulah loba huleng jentul Jang, kamari gẻ si jali loba ngahuleng tẻh paẻh hẻhẻhẻh.” Ceuk Si Odoy teu poho bari ngahẻhẻh. “Ah si jali mah ngahuleng gẻ keuna ku to’un nya pantes paẻh gẻ, na ari akang nyaruakeun kuring jeung hayam atuh!” tẻmbal Hẻndi rada baeud.

 

“Ari ujang ngahuleng kunaon atuh? Ngahuleng ku to’un atawa emut kanu geulis urang Citiis hẻhẻhẻhẻ?” Si Odoy kadon ngagonjak ka Hẻndi. “Ah akang mah baku ari geus ngoconan tẻh.” Hẻndi beuki baeud.

 

“Ih da bener atuh supaya gampil nyiar ubarna. Mun ku to’un akang kari ngarẻndos jahẻ jeung batrawali, komo mun kunu geulis urang citiis mah babari pisan jang hẻhẻh.”

“Emang naon ubarna kitu Kang mun ku urang Citiis.” Hẻndi rada panasaran ngadẻngẻ omongan si Odoy tẻh. “Nya gampil atuh jang. Pan ayeuna poẻ saptu kẻ peuting malam minggu, kari apẻlan wẻ atuh ka imahna da teu jauh ieuh. Da pasti gering nguyung ujang bakal cageur lamun geus panggih jeung Nyi Sukẻsih anu geulis hẻhẻhẻh..”

 

“Ah ẻra kang.”

“Makẻ jeung ẻra, apan jinisna gẻ geus narima, kawas nu geus pasrah siap di tikah. Kiwari Ujang kalahkah ẻra, hirup mah ulah ngagedekeun teuing ka ẻra atuh jang matak susah hẻhẻhẻh.”

 

“Nya ẻra atuh kang maẻnya kuring nyolonong kaitu sorangan.”

“Alah rẻk nungguan Nyi Kẻsih datang nyolonong kadieu! Tepi ka munding dikamẻja gẻ moal kajadian aya awẻwẻ nyampeurkeun ka lalaki atuh jang, barina pan bakal di anteur ku akang. Jadi teu kudu makẻ ẻra sagala hẻhẻhẻh.”

 

Padahal mah jaman kiwari mah tibalik nya pamiarsa sugri kaum dangu. Ayeuna mah justru seueur istri anu nyampeur – nyampeurkeun ka lalaki. Balukarna seueur anu melendung teu aya bapaan. Aki percanteun sadaya pamiarsa di dieu mah balageur sadayana ogẻ.

 

“Iraha atuh ka Citiisna Kang?”

“Ba’da magrib urang indit ka Citiis pikeun nepungan Nyi Sukẻsih Jang, datang kaitu pan can pati peuting, da ari peuting teuing mah bisi kaburu sarẻ nyi mojangna gẻ.”

“Enya ngan bẻbẻja ka abah mah ulah bẻbẻja ulin ka Nyi Sukẻsih Kang.”

“Siap ngartos akang gẻ jang, urang bẻbẻja wẻ rẻk ulin ka imah mang Encẻ rẻk diajar nyieun kecrik, pasti si abah mah ngidinan hẻhẻhẻh.”

 

Si Odoy ngarongkong geulis cikopi anu katingalina pinuh kẻnẻh “Akang mẻnta cikopina nya jang?” Hẻndi ukur unggeuk manẻhna mah ngaragamang kana kulub hui. “Halah cikopi tẻh mani baleuy kieu jang mani tiis.”

 

“Cikopina atuh da ukur di pelong lain di inum hẻhẻhẻh.” Gap si Odoy kana kulub hui dua siki sanggeus di pesek kulitna langsung di selewegkeun duanana sakaligus.

 

Kocapkeun Peutingna. Sanggeus bẻbẻja ka Bah Kanta nu jadi bapana. Hẻndi jeung Si Odoy indit ti imah nuju ka lembur Citiis. Ari bari di pakẻ ngobrol mah lumampah tẻh teu karasa. Hẻndi jeung Odoy geus anjog ka lembur Citiis.

 

“Lebah mana kang imahna Nyi Sukẻsih tẻh?” ceuk Hẻndi tumanya ka Si Odoy. “Gampil jang urang nanya wẻh ka warung kopi tuh, kabeneran aya warung hẻhẻhẻ.” Tẻmbal si Odoy bari nunjuk ka hiji warung nu masih buka. “Nya hayu atuh kang.” Duanana leumpang nuju ka warung nu di tunjuk ku si Odoy.

 

“Mangga Dẻn palay naon?” Nu boga warung awẻwẻ tengah tuwuh haripeut ngabagẻakeun Hẻndi jeung Odoy nu kakarak gẻ diuk dina bangku panjang nu aya di hareup warung. “Cikopi manis dua bi.”Jawab Hẻndi.

 

Si Bibi nu boga warung gancang ninyuh cikopi tuluy sor di asorkeun ka hareupeun Hẻndi jeung si Odoy. “Mangga Dẻn, lalawuhna mah nyandak nyalira wae nya , aya comro, goreng cau, rarawuan sareng katimus.” Ceuk Si Bibi bari ngiserkeun piring nu di eusi ku rupa rupa kadaharan nu bieu di tataan ku manẻhna.

 

“Tah ieu bi karesep kuring mah hẻhẻhẻhẻ.” Si Odoy gap kana rarawuan tuluy di samuilkeun di gayeum bangun nikmat naker. Rarawuan tẻh kacang gajih atawa kacang hẻjo anu geus di kulub tuluy di galo ku tarigu terus di gorẻng.

 

“Bi puntẻn badẻ naros, dupi bumina Nyi Sukẻsih palih mana nya hẻhẻhẻh?” Ceuk Si Odoy tumanya ka Si Bibi bari terus gaganyeum. “Oh bumina Nyi Sukẻsih. Di Kalẻr di sisi lembur kin aya bumi rada mencil tah ẻta bumina tẻh. Payuneunna aya tangkal buah Dẻn.” Jawab si Bibi langsung ngabejakeun pernahna imah Nyi Sukẻsih.

 

“Oh sisi lembur bumina tẻh Bi hẻhẻhẻ.”

“Muhun sisi lembur Dẻn. Badẻ nganjang nya Dẻn ka Nyi Sukẻsih.”

“Ah biasa bi urusan anak muda hẻhẻhẻ.”

 

Sanggeus wareg jajan Hẻndi jeung Odoy leumpang deui nuju ka sisi lembur belah kalẻr. Jog ka sisi lembur katempo aya imah bilik hiji mencil di hareupeun imahna aya tangkal buah  harumanis. “Tuh itu sigana jang da ciri cirina sarua pisan jeung nu diomongkeun ku si bibi tadi hẻhẻhẻh.”

 

“Enya sigana ẻta kang hayu atuh kang urang kaitu.”

 

“Sampurasun punten .” Hẻndi miheulaan uluk salam da bisi kapiheulaan si Odoy mah kurang mernah sabab pasti di tungtungan ku ngaheuheu. “Rampẻs!” nu ngajawab tẻh sora dua lalaki. Panto imah ti tadi gẻ teu di tutup mẻlẻngẻ satengahna.

 

Lol dua urang lalaki ngelol tina panto nu hiji mah ngora kẻnẻh pantaran umurna jeung Hẻndi papakẻanna ginding ari nu saurang deui geus rada umuran beungeutna bosongot budi amprotan kumisna baplang sangga dulang.

 

“Arẻk ka saha hah?” Jajaka ginding jol tumanya bahasana garihal matak nyentug kana hatẻ.

Si Odoy jeung Hẻndi silih pelong. Tapi pok si Odoy anu ngajawab “kami duaan rẻk nganjang ka Nyi Sukẻsih, Aya Nyi Sukẻsihna hẻhẻhẻhẻh.”

 

“Anjeun sahana Nyi Sukẻsih?” Si jajaka tumanya deui angger bahasana kawas nu

“Ah lain sasahana ukur babaturanna emang anjeun sahana kitu hẻhẻhẻh?” Si Odoy malik nanya teu poho bari ngahẻhẻh.

 

“Ari ngajawab pananya batur tẻh anu bener anu sopan ulah bari ngahẻhẻh kitu, sarua jeung ngahina ka dẻwẻk deuleu, bisi can apal yeuh kuring nu ngarana Dẻn Sarja Sumadinata ti Cihẻrang.”

“Hẻhẻhẻhẻ ari hayang di jawab sopan nya atuh nu sopan nanyana baraya ulah bari jeung peupeuleukeuk kita. Wawuh gẻ acan, panggih gẻ karak ayeuna tapi sorangan kawas nu ngẻwa ka kami duaan hẻhẻhẻ.”

 

Keur adu catur kitu torojol Nyi Sukẻsih datang ti pawon bari nanggeuy baki di eusi ku citẻh jeung gorẻng sampeu. Kawasna mah rẻk nyuguhan tamu anu duaan. “Aẻh geuning aya kang Hẻndi sareng Kang Odoy. Mangga kalebet kang.” Nyi Sukẻsih darẻhdẻh ngabagẻakeun ka Hẻndi jeung Si Odoy.

 

Dẻn Sarja jeung mang Ewok badẻgana olohok bari ambeuk sabab geuning Nyi sukẻsih bẻda budina ka manẻhna jeung ka Hẻndi. Teu cara ka Hẻndi ka manẻhna mah tadi gẻ nu nyampeurkeun kalahkah Ma yayah. Kaluar sotẻh Nyi sukẻsih sanggeus di gelendeng ku Ma yayah supaya daẻk nyanghareupan tamu.

 

“Dupi ieu nu duaan tẻh saha nyai dulur nyai atanapi euh...” Si Odoy teu kaburu nganggeuskeun caritaannana sabab kaburu di tẻmpas ku Dẻn Sarja. “Kuring calon salakina Nyi Sukẻsih anjeun arẻk naon?”

 

Si Odoy olohok tuluy malik melong ka Hẻndi jeung Nyi Sukẻsih. “Sanẻs sasaha Dẻn Sarja mah Kang Odoy, mung amengan baẻ ka dieu gẻ.” Ceuk Nyi Sukẻsih. “Oh ieu kabogoh nyai tẻh, jalma ieu anu matak nyai nolak kana lamaran akang tẻh. Tos apal ayeuna mah, Mang Ewok hayu balik!” Ceuk Dẻn Sarja bari lẻos indit ti heula di tuturkeun ku Mang Ẻwok badẻgana. - Hanca


Dongeng mp3 mp4 klik di handap



Tidak ada komentar:

Posting Komentar