#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih
Bagian 4
Karangan Ki Dagar
Di Imahna Bah Kanta Hẻndi diuk di tepas bari nanggeuy gado.
Di gigireunna cikopi nyanding. Dibaturan ku kulub hui. Tisaprak wawuh jeung Nyi
Sukẻsih pagawẻan Hẻndi ukur huleng jentul. Loba malaweng. Ari nu jadi pikiran
taya deui iwal ti Nyi Sukẻsih.
Teusirikna mun beurang suda kana dahar mun peuting tara bisa
sarẻ, sabab rurupaan Nyi Sukẻsih sok ngalangkang baẻ dina kongkolak panon. Jang
Hẻndi kapidangdung, kajamparing asih kapeuntang asmara gama.
Keur ngahuleng kitu, punduk Hẻndi aya nu nepak. Bari ngarẻnjag
Hẻndi malik katukang. Brẻh Si Odoy keur nyẻrẻngẻh, kancing bajuna di buka
dadana ngaliglag ngoprot kẻsang. “Ah akang mah sok ngareureuwas!”
“Atuh da ti tatadi tẻh katempona ukur ngahuleng baẻ, ulah
loba huleng jentul Jang, kamari gẻ si jali loba ngahuleng tẻh paẻh hẻhẻhẻh.”
Ceuk Si Odoy teu poho bari ngahẻhẻh. “Ah si jali mah ngahuleng gẻ keuna ku
to’un nya pantes paẻh gẻ, na ari akang nyaruakeun kuring jeung hayam atuh!” tẻmbal
Hẻndi rada baeud.
“Ari ujang ngahuleng kunaon atuh? Ngahuleng ku to’un atawa
emut kanu geulis urang Citiis hẻhẻhẻhẻ?” Si Odoy kadon ngagonjak ka Hẻndi. “Ah
akang mah baku ari geus ngoconan tẻh.” Hẻndi beuki baeud.
“Ih da bener atuh supaya gampil nyiar ubarna. Mun ku to’un
akang kari ngarẻndos jahẻ jeung batrawali, komo mun kunu geulis urang citiis
mah babari pisan jang hẻhẻh.”
“Emang naon ubarna kitu Kang mun ku urang Citiis.” Hẻndi
rada panasaran ngadẻngẻ omongan si Odoy tẻh. “Nya gampil atuh jang. Pan ayeuna
poẻ saptu kẻ peuting malam minggu, kari apẻlan wẻ atuh ka imahna da teu jauh
ieuh. Da pasti gering nguyung ujang bakal cageur lamun geus panggih jeung Nyi
Sukẻsih anu geulis hẻhẻhẻh..”
“Ah ẻra kang.”
“Makẻ jeung ẻra, apan jinisna gẻ geus narima, kawas nu geus
pasrah siap di tikah. Kiwari Ujang kalahkah ẻra, hirup mah ulah ngagedekeun
teuing ka ẻra atuh jang matak susah hẻhẻhẻh.”
“Nya ẻra atuh kang maẻnya kuring nyolonong kaitu sorangan.”
“Alah rẻk nungguan Nyi Kẻsih datang nyolonong kadieu! Tepi
ka munding dikamẻja gẻ moal kajadian aya awẻwẻ nyampeurkeun ka lalaki atuh
jang, barina pan bakal di anteur ku akang. Jadi teu kudu makẻ ẻra sagala hẻhẻhẻh.”
Padahal mah jaman kiwari mah tibalik nya pamiarsa sugri kaum
dangu. Ayeuna mah justru seueur istri anu nyampeur – nyampeurkeun ka lalaki.
Balukarna seueur anu melendung teu aya bapaan. Aki percanteun sadaya pamiarsa di
dieu mah balageur sadayana ogẻ.
“Iraha atuh ka Citiisna Kang?”
“Ba’da magrib urang indit ka Citiis pikeun nepungan Nyi Sukẻsih
Jang, datang kaitu pan can pati peuting, da ari peuting teuing mah bisi kaburu
sarẻ nyi mojangna gẻ.”
“Enya ngan bẻbẻja ka abah mah ulah bẻbẻja ulin ka Nyi Sukẻsih
Kang.”
“Siap ngartos akang gẻ jang, urang bẻbẻja wẻ rẻk ulin ka
imah mang Encẻ rẻk diajar nyieun kecrik, pasti si abah mah ngidinan hẻhẻhẻh.”
Si Odoy ngarongkong geulis cikopi anu katingalina pinuh kẻnẻh
“Akang mẻnta cikopina nya jang?” Hẻndi ukur unggeuk manẻhna mah ngaragamang
kana kulub hui. “Halah cikopi tẻh mani baleuy kieu jang mani tiis.”
“Cikopina atuh da ukur di pelong lain di inum hẻhẻhẻh.” Gap
si Odoy kana kulub hui dua siki sanggeus di pesek kulitna langsung di
selewegkeun duanana sakaligus.
Kocapkeun Peutingna. Sanggeus bẻbẻja ka Bah Kanta nu jadi
bapana. Hẻndi jeung Si Odoy indit ti imah nuju ka lembur Citiis. Ari bari di
pakẻ ngobrol mah lumampah tẻh teu karasa. Hẻndi jeung Odoy geus anjog ka lembur
Citiis.
“Lebah mana kang imahna Nyi Sukẻsih tẻh?” ceuk Hẻndi tumanya
ka Si Odoy. “Gampil jang urang nanya wẻh ka warung kopi tuh, kabeneran aya
warung hẻhẻhẻ.” Tẻmbal si Odoy bari nunjuk ka hiji warung nu masih buka. “Nya
hayu atuh kang.” Duanana leumpang nuju ka warung nu di tunjuk ku si Odoy.
“Mangga Dẻn palay naon?” Nu boga warung awẻwẻ tengah tuwuh
haripeut ngabagẻakeun Hẻndi jeung Odoy nu kakarak gẻ diuk dina bangku panjang
nu aya di hareup warung. “Cikopi manis dua bi.”Jawab Hẻndi.
Si Bibi nu boga warung gancang ninyuh cikopi tuluy sor di
asorkeun ka hareupeun Hẻndi jeung si Odoy. “Mangga Dẻn, lalawuhna mah nyandak
nyalira wae nya , aya comro, goreng cau, rarawuan sareng katimus.” Ceuk Si Bibi
bari ngiserkeun piring nu di eusi ku rupa rupa kadaharan nu bieu di tataan ku
manẻhna.
“Tah ieu bi karesep kuring mah hẻhẻhẻhẻ.” Si Odoy gap kana
rarawuan tuluy di samuilkeun di gayeum bangun nikmat naker. Rarawuan tẻh kacang
gajih atawa kacang hẻjo anu geus di kulub tuluy di galo ku tarigu terus di gorẻng.
“Bi puntẻn badẻ naros, dupi bumina Nyi Sukẻsih palih mana
nya hẻhẻhẻh?” Ceuk Si Odoy tumanya ka Si Bibi bari terus gaganyeum. “Oh bumina
Nyi Sukẻsih. Di Kalẻr di sisi lembur kin aya bumi rada mencil tah ẻta bumina tẻh.
Payuneunna aya tangkal buah Dẻn.” Jawab si Bibi langsung ngabejakeun pernahna
imah Nyi Sukẻsih.
“Oh sisi lembur bumina tẻh Bi hẻhẻhẻ.”
“Muhun sisi lembur Dẻn. Badẻ nganjang nya Dẻn ka Nyi Sukẻsih.”
“Ah biasa bi urusan anak muda hẻhẻhẻ.”
Sanggeus wareg jajan Hẻndi jeung Odoy leumpang deui nuju ka
sisi lembur belah kalẻr. Jog ka sisi lembur katempo aya imah bilik hiji mencil
di hareupeun imahna aya tangkal buah
harumanis. “Tuh itu sigana jang da ciri cirina sarua pisan jeung nu
diomongkeun ku si bibi tadi hẻhẻhẻh.”
“Enya sigana ẻta kang hayu atuh kang urang kaitu.”
“Sampurasun punten .” Hẻndi miheulaan uluk salam da bisi
kapiheulaan si Odoy mah kurang mernah sabab pasti di tungtungan ku ngaheuheu.
“Rampẻs!” nu ngajawab tẻh sora dua lalaki. Panto imah ti tadi gẻ teu di tutup mẻlẻngẻ
satengahna.
Lol dua urang lalaki ngelol tina panto nu hiji mah ngora kẻnẻh
pantaran umurna jeung Hẻndi papakẻanna ginding ari nu saurang deui geus rada
umuran beungeutna bosongot budi amprotan kumisna baplang sangga dulang.
“Arẻk ka saha hah?” Jajaka ginding jol tumanya bahasana
garihal matak nyentug kana hatẻ.
Si Odoy jeung Hẻndi silih pelong. Tapi pok si Odoy anu
ngajawab “kami duaan rẻk nganjang ka Nyi Sukẻsih, Aya Nyi Sukẻsihna hẻhẻhẻhẻh.”
“Anjeun sahana Nyi Sukẻsih?” Si jajaka tumanya deui angger
bahasana kawas nu
“Ah lain sasahana ukur babaturanna emang anjeun sahana kitu
hẻhẻhẻh?” Si Odoy malik nanya teu poho bari ngahẻhẻh.
“Ari ngajawab pananya batur tẻh anu bener anu sopan ulah
bari ngahẻhẻh kitu, sarua jeung ngahina ka dẻwẻk deuleu, bisi can apal yeuh
kuring nu ngarana Dẻn Sarja Sumadinata ti Cihẻrang.”
“Hẻhẻhẻhẻ ari hayang di jawab sopan nya atuh nu sopan
nanyana baraya ulah bari jeung peupeuleukeuk kita. Wawuh gẻ acan, panggih gẻ
karak ayeuna tapi sorangan kawas nu ngẻwa ka kami duaan hẻhẻhẻ.”
Keur adu catur kitu torojol Nyi Sukẻsih datang ti pawon bari
nanggeuy baki di eusi ku citẻh jeung gorẻng sampeu. Kawasna mah rẻk nyuguhan
tamu anu duaan. “Aẻh geuning aya kang Hẻndi sareng Kang Odoy. Mangga kalebet
kang.” Nyi Sukẻsih darẻhdẻh ngabagẻakeun ka Hẻndi jeung Si Odoy.
Dẻn Sarja jeung mang Ewok badẻgana olohok bari ambeuk sabab
geuning Nyi sukẻsih bẻda budina ka manẻhna jeung ka Hẻndi. Teu cara ka Hẻndi ka
manẻhna mah tadi gẻ nu nyampeurkeun kalahkah Ma yayah. Kaluar sotẻh Nyi sukẻsih
sanggeus di gelendeng ku Ma yayah supaya daẻk nyanghareupan tamu.
“Dupi ieu nu duaan tẻh saha nyai dulur nyai atanapi euh...”
Si Odoy teu kaburu nganggeuskeun caritaannana sabab kaburu di tẻmpas ku Dẻn
Sarja. “Kuring calon salakina Nyi Sukẻsih anjeun arẻk naon?”
Si Odoy olohok tuluy malik melong ka Hẻndi jeung Nyi Sukẻsih.
“Sanẻs sasaha Dẻn Sarja mah Kang Odoy, mung amengan baẻ ka dieu gẻ.” Ceuk Nyi
Sukẻsih. “Oh ieu kabogoh nyai tẻh, jalma ieu anu matak nyai nolak kana lamaran
akang tẻh. Tos apal ayeuna mah, Mang Ewok hayu balik!” Ceuk Dẻn Sarja bari lẻos
indit ti heula di tuturkeun ku Mang Ẻwok badẻgana. - Hanca
Dongeng mp3 mp4 klik di handap