Nyanggakeun e - book buku novel sunda Ngawayang Teu Direbaban karangan Ensa Wiarna tiasa langsung di candak, klik bae link di handap ieu
Jumat, 22 Februari 2019
Rabu, 13 Februari 2019
Kembang Papastén
Nu ngajepat hareupeun teu eureun diteuteup. Hayang mah ceurik lolongséran. Hayang nangkeup pageuh. Mun teu inget kana purwadaksi.
Ku teu sangka. Sakapeung ngarasula ka nu Maha Kawasa. Naha téga meunggaskeun asih kuring nu keur meujeuhna moho. Keur meujeuhna ngawowoy kahayang Apa. Naon waé kahayang Apa teu weléh ditedunan. Dapon Apa senang. Dapon Apa bagja ningali kuring. Ku téga megatkeun kasono kuring nu karék disulam. Rumasa simpay silaturahmi kakara anyar diraksa. Can panceg opat purnama.
Taunan kuring ngajauhan Apa. Bonganna. Enya bongan ceuk ukuran kuring kétang. Da meureun ceuk Apa mah bagja tinekanan. Naon anu kaimpleng ku kuring téh pasalia jeung lelembutan Apa.
Apa nu héman. Nu daria. Nu nyaah ka kulawarga. Nu dipicinta ku kuring ti baheula mula saacan Apa jatukrami jeung Mamah --sesebutan keur indung kuring nu anyar. Mamah, sesebutan sopan kaayeunakeun. Pan baheula mah kuring téh teu weléh nyebut si nurustunjung. Si indung téré. Sesebutan lamun ku kuring dipikiran kaayeunakeun mah kacida pisan teu pantes kaluar tina biwir kuring. Putra Apa nu nyangking titél sarjana. Kaberung ku napsu. Rasa keuheul ka Apa, bongan teu nurut kahayang kuring. Naon atuh kahayang kuring?
Nyawad Apa jatukrami jeung Ceu Tati. Umurna géséh jauh jeung Apa. Asa pantes kénéh disebut anak batan pamajikan. Éta anu sabenerna nyababkan kuring pajauh jeung Apa. Kahayang mah Apa ngadahup nu saumuran méh bisa silihargaan, silitalingkeun, silititipkeun diri. Sieun... Enya sieun Apa ukur dijadikeun alat ku Ceu Tati. Salila ieu Apa dipihéman ku Ibu almarhun ogé ku palaputra. Inggis kahayang Apa nyandingkeun Ceu Tati, nyababkeun hal séjén anu matak Apa teu sugema. Kumaha lamun teu nyaah, kumaha lamun ukur mirit duit Apa. Kumaha lamun. Ah, sakabéh kasalempang anu timbul lantaran kuring kacida nyaah ka Apa.
Naha atuh Apa bet teu nurut kana kahayang kuring? Mun Apa nurut sarta milih Mamih Titin tatangga anu sarua aya duriat meureun kuring moal ngajauhan. Nu antukna Apa bendu ka kuring, majar geus ngahalang-halang kahayang Apa. Kuring nu keras, guntreng sababaraha kali. Nepi ka pamustungan kuring ngejat ti imah bari jeung nyarita ka Apa. Moal deui nincak bumi. Duh.... Enyaan kuring geus ngajaheutkeun manah Apa.
Remen Apa nelepon. Nitah kuring ka lembur. Tapi tara ieuh dienyakeun. Telepon ti Apa ukur dijawab sacukupna. Tara uah aéh, kumaha séhat heunteuna. Antukna Apa capéeun, eureun neleponan kuring. Padahal lamun baheula keur normal mah teteleponan téh remen. Malah sok aya kana sajamna. Apa capétang nyaritakeun sawahna, hasilna jeung réa-réa deui. Kuring gé sok resep ngabandungan dongéng Apa nu taya sudana.
Naha Gusti bet misahkeun Ibu jeung Apa. Mundut Ibu tipayun, misahkeun asih Apa nu kacida. Nepi ka sabaraha lila Apa taya cekelan. Apa lir ibarat langlayangan nu kapakan, kakalayangan taya tujuan. Apa nu salilana dalit jeung Ibu dina urusana sagala. Salila ieu tempat neundeun kasalempang, karémpan, kasusah Apa taya lian iwal ti Ibu. Ibu minangka wadah sagalana pikeun Apa. Bangbaluh ti nu leutik nepi ka nu gedé tumplek ka Ibu. Nepi ka Apa tara katingali rémpan jeung melang. Ibu mampuh mépéndé jeung ngenyed Apa lamun aya pasualan.
Sok reueus ka Ibu nu pinter ngalelemu Apa. Antukna barudak ningali yén kahirupan Ibu jeung Apa éstuning sapapait samamanis sabagja sacilaka. Duanana silipikahéman. Silihargaan. Masalah ukur dikemu ku duaan. Anak-anakna tara ieuh nyarahoeun aya pasualan nanaon. Aranjeunna hirup senang runtut raut sauyunan.
Kakeuheul ka Apa saeutik-saeutik leyur. Basa Apa remen nganjang ka imah. Jauh-jauh ti kampung datang ka kota. Kadang nyorangan kadang jeung mamah. Mimindengna mah nyorangan kétang, majar sono ka Bagus anak kuring.
“Min, Apa rumasa salah. Lamun sakira Apa geus nguciwakeun hidep, Apa ménta hampura,” hiji waktu Apa nyarita. Katingali panonna beueus. Kuring nu asalna haré-haré, mimiti ngadéngékeun Apa. Mimiti merhatikeun kaayaan Apa. Karék ayeuna kuring ningali Apa kalawan gemet. Gusti na kamanakeun ieu haté? Kolot kuring anu geus cetuk huis, anu kulitna geus karijut, nu geus katingali leungeuna lilinieun bet dijauhan?
“Apa hampura nya, Min,” Apa nyarita deui, leungeun katuhu mencétan leungeun nu kénca. Kuring neuteup Apa. Nu ayeuna awakna orot. Jauh ti saacan ngadahup. Gusti enyaan kuring jolédar ka kolot. Harita kuring ngagabrug pageuh. Nyegruk na lahunan Apa.
Ti dinya kuring léah. Nu biasana Apa datang ka imah. Tibalik. Kuring datang ka imah Apa. Mun libur ngahajakeun wé datang. Naon anu disangka-sangka ku kuring éstuning teu katempo. Rumah tangga Apa jeung Mamah runtut-raut.
Ngamangpaatkeun waktu ku cara enya-enya pikeun nyugemakeun Apa. Hayang ngubaran waktu kamari anu jauh jeung Apa. Susuganan ku éta cara bisa ngurangan dosa kuring. Kahayang Apa sagalana teu weléh dicumponan. Kanyaah kuring kabéh tamplok ka Apa téh lain bohong. Untung boga salaki anu bageur, ngarti kana kahayang kuring. Malah manéhna anu salila ieu ngélingan.
“Meungpeung aya kolot. Alus kacida mun nepungan Apa. Hadé goréng ogé kolot,” Kang Yudi salaki kuring geus mawa robahna sikep kuring ka Apa. Saeutik-saeutik kerasna haté jadi lééh.
Tapi ning kahayang nyenangkeun Apa teh teu lila. Poé ayeuna nu dipincinta geus aya hareupeun, ngajepat teu usik teu malik. Kahayang mah Apa wakca cara nu enggeus enggeus naon atuh katugenah Apa? Kunaon, Pa? Apa mullih teu aya tanda. Taya kembang papastén anu biasana aya, pikeun kuring sadar yén nu dipincinta bakal mulang ka kalanggengan. Ninggalkeun kuring. Mun nyaho mah kuring téh rék leuwih micinta Apa, leuwih merhatikeun Apa.
Kuring asa diheulang. Apanan poé kamari téh kuring karék panggih jeung Apa. Sempal guyon di dieu. Enya di rohang ieu pisan kuring jeung Apa ngaheureuyan Bagus nu umurna karék tilu taun. Kumaha Apa ngaheureuyan budak kuring nepi ceurik. Geus ceurik diupahan dipangku digaléntoran.
“Engki baong nya. Hampura Engki nya kasép. Didungakeun ku Engki sing sehat, soléh, nyaah ka Ibu. Jagoan Engki mah kudu bisa nyugemakeun kulawarga.”
Éta tepung panungtung kuring. Teu... teu aya tanda Apa rék ninggalkeun. Ngan aya béja saeutik ti tatangga. Yén cenah Apa geus lila gering ngan tara dirasa. Ubarna cukup ku leuleumpangan ka kebon ka sawah. Aya ogé nu nyarita yén rumah tangga Apa téh teu manggih kabagja. Béja anu saenyana kadéngé ku kuring ti sanggeus Apa ngadahup. Ngan tara ieuh diwaro ku kuring. Komo waktu kuring geus hadé jeung Apa, tara aya kedal ti Apa kumaha sabenerna rumah tanggana.
Mun aya nu ngomong kalakuan Mamah kitu kieu. Kuring nu sok keuheulna, sok mamatahan ka nu nyaritana, yén éta bohong. Kasaksian ku kuring Apa kacida nyaahna ka Mamah kitu sabalikna. Antukna nu ngaromong gé bosen sorangan. Tiis ceuli hérang panon rarasaan téh. Perkara Apa nu sakapeung gégéroh wadah. Ceuk kuring mah wajar, bukti kasatiaan salaki ka pamajikan. Gotong royong. Da kuring jeung salaki gé kitu. Apa mémang robah, béda keur Ibu jumeneng anu sagala hayang dikawulaan. Tapi pan éta mah lahir ti jiwa Apa sorangan tanpa paksaan.
Pa, lamun Apa teu bagja salila ieu naha tara aya kecap sungkawa? Di mana anjeun nyumputkeun semu jeung kasalempang? Ah, kakara ayeuna kuring sadar. Naon pangna Apa remen nitah mawa Bagus ka kuring. Meureun keur nyieuhkeun bangbaluh. Sungkawa Apa bakal leungit ku ocon jeung incu. Hampura Apa, naha kuring bet teu engeuh?
Perkara batur nu ngagogoréng Mamah. Pasti kuring teu ngeunah. Pan Mamah téh pilihan Apa. Indung kuring hartina. Yakin, Apa bagja kacida. Perkara batur anu ngomongkeun kumaha sabenerna Apa jeung Mamah. Moal didéngé, Pa. Nu penting ayeuna Apa bagja di kalanggengan.
Beungeut Apa némbongan. Rumanggieung datang nyorangan ka imah kuring. Hayang niis cenah. Hayang reureuh saheulaanan. Sono ka incu. Kuring ngegebeg. Gustii, naha kuring bet jolédar? Naha kuring bet teu ngarti kumaha kaayanaan kolot harita. Apa diantepkeun nyorangan digugulung tunggara. Boa Apa salila ieu butuh batur pikeun pakukumaha. Ngan kuringna teu ngarti. Nu antukna Apa kemba, tara balaka ka sasaha. Kasalempang, kahariwangna disidem ku sorangan dapon anak anakna senang. Dapon kanalangsa jeung katunggarana teu katingali ku nu lain.
“Apaaa.”***
-Keur diri nu ditalimbeng sono-
Ngarang jeung Fikmin ceuk Godi Suwarna
GODI Suwarna téh guru saréréa, guru pikeun nu sok resep ngarang. Karya-karyana geus teu bisa dipondah deui, asup kana karya petingan nu milu nyalametkeun hirup-huripna sastra Sunda. Najan sakali dua kali aya karanganana dina Basa Indonésia, boh puisi atawa carpon, tapi da teu mapakan kumaha ajén karyana dina Basa Sunda. Sok rada meureudeuy maca sajak Indonésiana mah, béda mun maca sajak Sundana. Nikmat alahbatan dikiceupan ku Dewi Perssik, sakaligus langsung muriang lantaran kahéab panas, kabita hayang bisa nulis jiga kitu!
Basa sim kuring ngadamel lapak Fiksimini Basa Sunda ieu, nu pangpayunna dikunclungkeun téh nya anjeunna. Da méméhna, Kang Godi sok rajeun ngomén kana fiksimini Basa Sunda sim kuring, saméméh aya ieu lapak. Diposting jadi status harita mah. Pangpangna mah deuih, kapikir, dina lapak ieu kudu aya gegedug sastra Sunda nu ancrub, pikeun “daya tarik”, sangkan seueur umat nu naluturkeun, sugan wé ieu lapak jadi ramé.
Tétéla Kang Godi haget pisan katawisna aya ieu lapak téh, langsung berkarya, sanaos masih can kaimpleng rupina nu kumaha ari fikmin. Atuh sabada seueur postingan fikmin, juljol nu ngetrok panto palay janten anggota. Alhamdulillah. Rempeg anggota FBS téh.
Nu matak bungangang, geuning sanés wungkul ancrub nyerat fikmin, tapi ogé Kang Godi léah manah ngaping ngajaring pangarang bakal nu maruncul dina ieu lapak. Élmu panemu jampé pamakéna dina ngarang, dibruk-brakkeun. Hasilna, tangtos ku sadayana kauninga, langkung seueur postingan fikmin nu malohér, nu di antawisna diserat ku pangarang nu rupina ngawitan kapeuseuh dina ieu lapak.
“Yah, pokona, sagala rupi rusiah dapur nu salami ieu tara diucah-aceh, dina lapak fikmin mah diketrukkeun pisan. Upama aya nu leukeun macaan, tangtos janten pangarang Sunda calon hadiah rancage. heuheu…” kitu saur Kang Godi dina salah sawios koméntarna.
Réa hal penting nu aya tumalina jeung ngarang, nu ku Kang Godi “diucah-acéh” dina ieu lapak. Boh upami nuju ngoméntar fikmin nu sanés, boh nuju “berbalas koméntar “ dina fikmin anjeunna. Katawis daria pisan. Sami dariana sareng upami anjeunna nuju ngarang. Katangén dina koméntarna nu ieu yeuh, “Waduh, punten ka sadayana. Aya nu kirang pas. Diralat ah...! Cicika nu rabeng ka pajaratan. Kedahna : Cicika nu rabeng ti pajaratan. Aneh fikmin mah. Sakitu tos juh minggu direvisi, barang diposting mah sok aya we nu kirangna teh...” kitu, dina koméntar anjeunna perkawis postingan fikmin Die Berlinerin. Tos diposting gé, make aya ralat sagala! Alatan ku apik tur nyaah kana karangan nu diseratna.
Tah perkawis “rusiah dapur”-na nu diucah-acéh téa, ku sim kuring dikempelkeun. Tina koméntar anjeunna. Teu sadayana. Tangtosna gé aya nu kalangkung teu kakopas di dieu. Namung, ku 30 poin nu ngabéréndél di handap ieu, urang tiasa ngalap élmu ngeunaan ngarang (hususna fikmin) ti Kang Godi Suwarna.
Nyanggakeun.
- Fikmin teh kawas bonsay, najan leutik bari rupa-rupa aliranana, tapi ulah eleh anggun, ulah eleh serem, ulah eleh waas, ulah eleh sanget ku tangkal-tangkal baradag, nu geus karahot, nu jaranggotan...
- Keur sim uing, tina ide nu teu sapira, tina kajadian biasa, mun digarap janten karya nu aheng, eta karek disebat ajib
- Gara-gara mikmin teh sim uing janten ngungkab deui panineungan. Ngungkab deui pangalaman nu tos lawas kapopohokeun, ngungkab deui carios wayang, carita rayat, mitos, legenda.
- Jempol teh ngagedean hate. Komentar nu dipiharep teh nya komen nu tiasa ngajembaran karya, ngalegaan wawasan. Tapi, komen nu celengkang-celengkeung oge sanes teu aya hartosna. Paling copel, eta nu komen teh nuju diajar wanter da seueur oge nu arisinan, atanapi nuju diajar ngadamel kalimah nu engkena bakal aya gunana upami anjeunna mikmin.
- Kalaresan rorompok teh di stasion Ciamis, neng..! Hiji waktos, sim uing ningal tukang kokorompong nuju reureuh. Calik gigireun karung pelastik. Uleng neuteup gambar. Singhoreng gambar Monalisa pisan. Nya diwawaas ku sim uing. Kahirupan nu gurawes (istilah Mang Edi Purwadi), nu pait peuheur, disandingkeun sareng endahna impenan. Peupeuriheun nulungan teu tiasa. Salaku tukang ngarang, sim uing mung ukur tiasa ngabagjakeun aranjeunna dina karangan.
- Ngarang teh dunya urang, 'Jang..! Hade-goreng, beureum-hideung, apan urang nu nangtoskeun. Peupeuriheun di luar sastra urang teh teu tiasa janten jalmi 'yang menentukan'. Dina ngarang mah anging urang nu kawasa. Numawi, uing mah sok hoyong sarwa sampurna sanajan tangtu relatif tea eta mah. Beuki ngudag nu sampurna beuki asa teu sampurna. Nya kitu, fikmin teh jadi mindeng dipendem. Teu weleh asa goreng. Bari terus macaan fikmin nu sejen. Mun uing rek mosting karya, eta teh bari kesang badag kesang lembut. Aya tegang. Aya era.
- Ti baheula uing mah ngarang carpon teh dumasar kana logika dongeng. Dina dongeng mah sah bae manuk ngobrol jeung jelema oge, upamana. Dina fikmin ge uing mah rek ngadongeng we, ah. Ngarah bebas ngalamun. Salah sahiji kakuatan fikmin teh, cek uing, nya eta dina ngumbar imajinasi, teu kudu kawatesan ku logika siga dina carpon realis. Jadi, mun aya jelema nu ngadahup ka gambar, teu kudu sieun disebut kaleuleuwihi, da dongeng ieuh. Apan Karuhun ge kungsi ngarang dongeng hiji putri nu dikawin ku anjing, tuluy anakan jelema. Tah, sim uing ge rek nuluykeun warisan karuhun we, ah...
- Jurus, apan eta teh 'dipelajari untuk dilupakan' tea. Dina derna tarung mah tos teu kedah ngemut-ngemut jurus, bilih katonjok manten ku musuh. Tapi jurus tos kedah janten naluri.
- Fikmin mah kalan-kalan sok ngagalebray mukana teh saparntos urang ngaosan koemantarna. Kalan-kalan nu teu kaemut ti anggalna, janten jelas dina komen nu sanes.
- Urang teu kenging nyepelekeun dongeng, komo mitos, warisan para sepuh urang. Kalan-kalan, tina dongeng atanapi mitos kitu teh para sepuh nyimpen atikan, moral, pesekeun urang. Sarengna deui, can tangtos naon nu didongengkeun ku sepuh urang teh bohong sadaya. Pun uyut sering ngadongeng perkawis Maung Putih. Harita mah sim uing nyangka eta teh sakadar dongeng dongengek we. Tapi, apan ayeuna urang uninga reh di taman safari leres-leres aya maung nu buluna bodas...
- Ti wangkid sim uing terang yen ungkara, imajinasi, pangarang Gabriel Garcia Marquez sok dipapandekeun kana banteng edan nu nyuruduk, sim uing kabita pisan. Dicobian dina basa Sunda nu gaduh potensi 'gumalindeng' tea. Basa Sunda 'dibadak ciheakeun'; Tutubruk nanging angger ngawirahma, kitu cita-cita sim uing dina ngarang basa Sunda. Duka teh teuing. Boa samar laksana.... hiks...
- Sim uing nuju ngadisiplinkeun karep reh ngarang fikmin teh moal langkung ti sawelas jajar ngetik dina komputer. Nya kitu, seueur ungkara, adegan, nu kapaksa diedit dina raraga meuseuh diri tea.
- Ti jaman sim uing nuju nyarpon baheula, tema-tema teh ngahaja teu milih nu ilahar. Nu mung ulukutek dina tema garapan nu sanes. Nya sok ngadamel nu langkung jembar ambahanana. Numawi harita pada nyebat teu parok jeung batur.
- Karakter basa Sunda nu gumalindeng tea, tarikan kana ngarangna ge sok ageung kana romantisan. So raresep sumoreang. Nyeungceurikan baheula nu sarwa endah. Padahal, sagigireun tiasa diangge ngagerean cepil sapertos bulu hayam, basa Sunda oge tiasa diangge byepret, ngagitik.
- Keur sim uing, imajinasi dina fikmin teh kedah diabur pisan. Ulah imaji sadidinten teuing. Apan lamunan-lamunan urang dina sadidinten ge sok araheng. Kantenan impenan mah. Tah, dunya fikmin teh, cek sim uing, nya dinya impenan tea. Sok araheng geura. Kawas dina Alice In Wonderland.
- Cawokah mah benten sareng porno. Upami porno mah dipiharep tiasa ngahudang birahi. Dupi cawokah mah mung sakadar kangge 'mancing' seuri. Cawokah mah moal kenging ku UU anti pornografi...
- Saparantos aya fikmin teh sim uing janten sehat pisan. Gorejag deui kana ngarang, ngomen sareng ngajuempol. Kawitna mah fesbuk teh tos bade dikantunkeun. Ayeuna mah, yaaaah, ke heula ah. Betah deui...
- Seueur nu nyarios kitu ka sim uing, Bah! 'Kade ulah kalalanjoan dina fikmin', cenah. Kieu, Bah; Dina nyarpon, nyajak, novel mah sim uing teh tos teu aya kapanasaran deui. Asa tos hatam, kitu cek raraosan. Sarupaning piagem tos numpuk di rorompok. Asa tos teu aya tantangan deui. Barang kurunyung Neng Fikmin, sim uing nu tos impoten teh bet ujug-ujug buringhas deui. Katenan saparantos karaos reh fikmin teh lindeuk japati. Tambih geregeteun, tambih moho.
- Nanging da ari ka nu ngarora mah sim uing teu weleh miharep sangkan maranehna tetep bajoang dina sajak, carpon, novel. Supados sastra Sunda angger hirup di ditu di dieu. Kitu rupina, Bah...!"
- Seueur kamungkinanana fikmin teh. Tiasa dikitu kieu. Tiasa digrafisan, difilmkeun, didramakeun.
- Maca alam, maca diri, ngasah manah, ngasah kalimah dina raraga mikmin. Lami-lami karaos aya nu ngulisik dina hate. Hoyongeun midang janten rupi-rupi fikmin. Aya nu kieu. Aya nu kitu. Rupi-rupi..!
- "Adegan-adegan pati teh tos tingkolebat ti jaman uing keur ngora. Nya ieu salahsawiosna.
- Idena tos mangtaun-taun. Teu kersaeun janten carpon. Kasorang nya dina fikmin.
- Uing teu pati ngabandungan fikmin luar. Tapi, dumasar kana conto-conto nu kungsi dikirim ku Endah Dinda Jenura, karancage dulur-dulur fikmin Sunda karaos teu eleh geleng. Teras ngarotektak bari nalaktak. Kabandungan pirang-pirang jurus digelar di ieu lapak. Kantun aya ahli sastra nu jembar panalar, nu ngahalkeun nitenanana.
- Sagala nu kareret teras diwawaas sugan tiasa janten fikmin. Kitu deui sagala nu kumalangkang dina panineungan, dina lamunan. Kitu nu nuju kajantenan ayeuna. Resep. Asa jaban ngarang baheula, nuju ngora..."
- Ku fikmin tambah karasa kaahengan kahirupan. Luak-leokn, gulak-gilekna, kawas kahirupan nu memang hese dibade. Urang bisa naker diri, naker batur. Bisa ngukur jero jeung jembarna hate sewang-sewang najan ukur ngalangkang dina satampah 'kulah'. Fikmin jadi bebedahan pikeun rupaning katugenah nu geus lawas kabendung....
- Pangarang mah kalebet 'tukang tipu' anu diwenangkeun ku balarea. Saprtos tukang sulap.
- sanaos fikmin teh mung ukur cai sakeclak, tapi cenah eusina mahtiasa salega balong, talaga, malah sagara.
- Asal daek tuang-toong ka nu sejen, asal daek macaan karya, ngomentar kana karya batur, eta bakal jadi enerji kreatif oge pikeun urang, 'Pral..! Deukeutan anu keur bersemangat, ngarah enerjina nyerep oge ka urang, jauhan anu ker 'bete', bisi kababawa letoy...! Kitu nu karasa ku uing mah, 'Pral..!
- Biasana mah ti nu teu pira, diolah sina jadi 'pira'. Tangtos hasilna ge bakal aheng, 'Jang! Tapi, nyeta, nu teu pira teh sok rada hese mendak idena. Tadi ge kabeneran we aya hulu peda ngagoler caket wadah runtah, digembrong laleur. Kacipta, eta sakadang peda teh geus jauh pisan lalampahanana. Terus bae kapikiran. Nya der we difikminkeun...!
- Ari numutkeun pamendak sim uing mah pangarang teh kedah diajar, kedah tiasa heula aturan-aturan bahasa nu sakedahna numutkeun tetekonna. Bujeng-bujeng tatabasana, dalah ngetikna ge kedah leres. Upami tos paham pisan kana kumaha sakedahna, nembe pangarang tiasa bereksperimen, milari kamungkinan sanes tina aturan tea, kangge kaperyogian ekspresi pribadina. Malah, upami diperyogikeun, pangarang tiasa bae nyiptakeun kecap sorangan.
- Anging jalmi nu kagungan manah langgeng dina karumajaan nu bakal tiasa manjang ngarangna. ***
Kempelan Fikmin Petingan Bagian 5
POTO PROPIL
Kénging Roy Asmarandana
Haté mah teu kapalingan, resep ka hiji akun pésbuk. Lain ku postinganana nu cetar membahana, atawa loba pulunganeunana, tapi kagémbang ku poto propilna. Tiap ganti propil. Deuh, teu weléh nyokélan kongkolak panon.
Rob, ratusan jempol ngarubung-rubung beungeutna.
Rob, ratusan jempol ngarubung-rubung beungeutna.
Poé kamari poseuna imut, katara latarna alun-alun, hégar naker.
Peuting tadi beungeutna ményon, latarna guha canéom. Jol, isuk-isuk beungeutna marahmay, hérang, latarna keur di Mekah, teuing nu taun iraha.
Klik, di-like saterekebek.
Peuting tadi beungeutna ményon, latarna guha canéom. Jol, isuk-isuk beungeutna marahmay, hérang, latarna keur di Mekah, teuing nu taun iraha.
Klik, di-like saterekebek.
Saminggu ti harita potona teu dirobah, angger nu éta. Sabulan, tetep.
"Sisinarieun teu diganti-ganti?" ceuk haté. Hémeng.
Anjog ka opat puluh poé, poto propilna kakara robah. Ébréh dina cover surat Yassin ngeusian ramo-ramo nu ngadu'a.
"Sisinarieun teu diganti-ganti?" ceuk haté. Hémeng.
Anjog ka opat puluh poé, poto propilna kakara robah. Ébréh dina cover surat Yassin ngeusian ramo-ramo nu ngadu'a.
KEUKEUH ALIM
Kénging Harménn Syah
"Mangkaning ku gunting!" ceuk Kang Diding. Cép Emod. Ngoyompod. Gok jeung Mang Juhro. "Maké péso nu karahaan!" pokna. "Baréto gé uing ku bedog!" Si Entod nyéréngéh. "Uing gé ku hinis!" Sarkim, mairan. Beuki muringis. "Dicekék maké benang gelasan!" Babaturanna ngékéak basa baralik tas langlayangan. Aréak-éakan. Koloyong. Ngabéngbéos. Ngahinghing. Bapana bingung. Disaréatan mah geus kamana-mendi. Komo anak nu ngan hiji-hijina. "Cép, engké dipangmésérkeun...!" Teu kebat, kapegat sentak. "Embung! Pokona embung!" Lung! Prék! Beling pabalatak. Bupét, lamari, méja, korsi. Nangkarak. Bapana. Pasrah. "Éling, Mod! Éling!" Indungna haliwu, nepakan pipina. Diguyah-guyah. "Astaghfirulloh!" Emod ngusap beungeut. "Bapa kamana, Ma?" Bari cengkat. "Di luar, keur ngobrol jeung Pa Ketib saréngréngan. Nungguan utusan ti Si Enéng apan. Siap-siap atuh!" Léos ka luar. Cép Emod. Geus ginding maké stélan jas. Tapi angger wé, ngaheruk. Nandangan pagaliwotahna rasa. Antara éra, sieun jeung bungah. Ku calon mitohana. Mama Ajengan Harmén ti Cikahuripan téa. Nu geus kawentar. Cenah. Panatikna kabina-bina.
NU MINDENG KAPOPOHOKEUN
Kénging Rizky Chandra
Basa hujan. Kuring manggih sendal capit, ditalian ku rapia. Kabawa cileuncang. Nyangsang, dina runtah. Dicokot.
“Deudeuh teuing!” Gumerendeng. Lebah keuneungna, jeung handapeun jajaran ramona. Ngaipisan. Hiji deui mah copong sapisan. Nepi ka imah. Dikumbah, tuluy disimpen dina rak sapatu. Isukna, mulang gawé. Nyimpang heula ka tukang pigura. Pasosoré, kareungeu nu uluk-salam. Disampeurkeun.
“Leres ieu bumina Kang Dudi?” Lalaki tengah tuwuh, maké dasi jeung jas.
“Muhun, Pa.”
“Bapa badè nitip ieu, éta nu nyaksian ti kawit bapa, janten OB dugi ka ayeuna dipercanten janten wakil Diréksi.” Ngasongkeun bungkusan. Teu lila manéhna pamitan. Kuring malik nuju ka hiji rohang leutik gigireun imah, nalika manèhna asup deui kana jero mobilna. Bungkusan dibuka. Opat pasang séndal capit, dijajarkeun. Darekok.
“Aya kènéh,” nempo tempat kosong dina témbok, nu ampir pinuh, ku jajaran pigura. Lain lukisan. Musium Sendal Capit, panitipan ti waruga-waruga nu teu mopohokeun lèngkah lawasna, sanajan geus kaganti sapatu, atawa panutup dampal lianna.

GASTRITIS?
Kénging Dwi Sophia Anggiani
Hudang saré, rieut jeung seueul kacida. Teu kuat keuna cai wudhu ogé. Borolo...utah. Cipanon geus nyieun jalur na pipi. Duh, Gusti. Asup angin, meureun. Kamari sapopoé néang bahan proposal.
Popoyongkodan balik deui kana kasur. Golédag. Gap kana hapé. Nelepun, teu diangkat. Bingung.
Nelepun taxi. Biur ka IGD, sorangan.
Popoyongkodan balik deui kana kasur. Golédag. Gap kana hapé. Nelepun, teu diangkat. Bingung.
Nelepun taxi. Biur ka IGD, sorangan.
Dua bulan ti harita, pisaminggueun deui kolokium. Ngajongkéng deui di kampus, keur nguruskeun surat undangan ka dosén penguji.
Dianteur babaturan, digotong asup ka IGD. Rumah sakit nu aya hareupeun kampus. Kapireng riweuhna babaturan nelepun ka salaki.
Dianteur babaturan, digotong asup ka IGD. Rumah sakit nu aya hareupeun kampus. Kapireng riweuhna babaturan nelepun ka salaki.
Kuring dipariksa dokter. Cus, getih minuhan vaccutainer. Cipapang ditampung.
Teu lila. "Wilujeng ya Pa, Bu. Ngandeg, ieu mah." Ceuk dokter.
Kuring papelong-pelong jeung salaki, ngarames ramo lalaunan. "Mamah sing kiat. Mamah pasti séhat," haréwosna. Celengok, disun deudeuh.
Teu lila. "Wilujeng ya Pa, Bu. Ngandeg, ieu mah." Ceuk dokter.
Kuring papelong-pelong jeung salaki, ngarames ramo lalaunan. "Mamah sing kiat. Mamah pasti séhat," haréwosna. Celengok, disun deudeuh.
Karasa ku kuring, tagiwur haténa. Kumaha cara ngiberan ka Ceuceu, pamajikanana.
Kempelan Fikmin Petingan Bagian 4
SANBAU
Kénging Emha Ubaidillah
1432 M. Lambak-lambak patinggilisir, kaembrat pucuk-pucuk ramo Hyang Chandra nu nyelegon di jomantara. Layar-layar nyorosod lalaunan. Ma Hua nompokeun biwirna, ka nu keur ngalempreh. "Alloh, Alloh Allohu...."
"Kapiten, tilemkeun kuring sailaharna para patani lauk,"
"Teu kedah nyarios kitu, Laksamana." Ma Hua sabalad-balad patingalingsreuk. Nu ngahanju gegerenyeman. Pangalaman ampir saparapat abad ngambah sagara, muka lambaran tetewang kakelar. Ukur tukang balantik leutik di tepiswiring Kunyang. Diiwat para perjurit kakaisaran Ming, jadi kasim asuhan Cheng Li. Ngabdi ka Pangeran Zhu Di. mantuan ngusir owah-owah nagri tug ka Pangeran Zhu Di dileler ngadiukkan korsi kakaisaran.
"Sanbau, anjeun lain kuricakan. Kiwari saampar jeung kami. Nam balayar saba nagri!" Ceuk Pangeran Zhu Di nu bagelar Kaisar Yongle. Nganjrek di kadaton Beiping(Beijing kiwari). Sanbau nyangking wewengkon Nanking laju balayar aprak jagat, amprah sagara, malah kungsi netep opat bulan di basisir Majapait jaman Raja Wirabhumi patelak jeung Wirakmawardhana sarta ngadegkeun masigit basajan di Ujung Galuh, Kungsi nyangkalak bajo gangas Chen Tsu'i di Po Lin Bang(Palembang).
"Laksamana, laksamana...." Ma Hua ngageubig-geubig tapi Sang Sinatria geus dijemput ku Nu Mahaagung. "Kami teu tega, ngurebkeun dunungan di tengah sagara," Ma Hua ngunyem. Wilujeng angkat Laksmana Cheng Ho.

REKÉT OTOPÉT
Kénging Asép Komara
Teu pati ceuyah peuting ieu mah. Rejeki nu ti soré kénéh narampeu hareupeun, dikerid sawaréh ku sora langit nu gegelegeran. Kapeutingnakeun, barudak kalah tingburiak marulang. Sanggeus taranggah nyawang méga nu buburinyayan. Nu disangka rék sabreg-bregeun téh geuning teu cur waé. Hanas nu daragang karukud sarieuneun kahujanan.
Bray, bulan némbongan. Nyalukan lampu-lampu patamanan. Mulas bébéngras lahan pangulinan. Sabot ngéntépan otopét nu pasoléngkrah luhureun amparan beton, budak rudin nu cikénéh téh karérét geus ngajengjen deui gigireun. Masang paroman nu angger pikarunyaeun. Maké jeung ngasong-ngasong lambaran duit duarebuan sagala, nu geus karucel pisan. Teu dipiroséa sotéh tadi soré, da lambaran duitna kurang dua.
"Sakeudeung wé atuh, Mang...," omongna peura. Tamba ngabulasin, song wé otopét dibikeun. Ti pongpok taman, Kardi nu ngurunyung bari nyunyurung roda haben ngalieukan nu keur ngarekét mamapay jalan patamanan. Barang srog ogé Kardi tuluy nyekel pigeulang leungeun pageuh pisan.
“Gun, ari énté teu keueung nempo otopét nu itu geugeuleuyeungan sorangan?”

CAU AMBON DIKORANGAN
Kénging Sri Paudwal
Peuting purnama. Mangsa diri nganti mubyarna cahaya di buruan. Susuganan mangkak di puseur teuteupan. Rék ngalanglang ngudag kiceupna. Bongan Kasono teu weléh ngadodoho. Hésé dipapalérkeun. Hanjakal, salaksa tumanya teu kungsi kedal. Naha aya naon na hihideungna soca salira. Teuteupna asa béda. Matak nyérédét. Tumungkul. Basa imut salira nembag kana hulu angen. Mulas gambar kasono. "Kanggo abdi?" ngaharéwos. Ukur neuteup seukeut. Matak panas tiris. Hariwang nandonan kamelang. Kahayang mah wakca miheulaan. Ngan karumasa ngahéngkéran ieu diri, nepi ka kiwari can bisa ngajudi, éstuning rikip ngabulen buni. Rék wakca teu kalis kebat. Kaéra sok jiga nu ngahaja megat.
Lingsem. Waktos salira nunjuk béntang guméncrang. Ngarahuh. Basa angin ngaharéwoskeun haliwuna. Geuning diri téh manggih wiwirang cau ambon dikorangan. Ngadadak méga ngabelegbeg mindingan sumiratna. Marudah. Hawar-hawar aya galindeng nu kapireng nyeuitan jemplingna peuting nuturkeun kalangkang nu ngolébat tina méga kana méga marengan ringkang awaking.
Dihariringan dalingding angin nu baris salawasna manjangkeun haréwos.

BURAHOL
“Sieet bayonet Sekutu rék nojos angen kula, nu kieu mah hui, awak nyingcet ka katuhu bari nyintreuk, bayonét potong tujuh tentarana beulah dalapan, baladna ngabedilan, pélor disanggap ku sungut, diburakeun deui ka nu ngabaredil, sakali ngabura sakompi musuh maragat nyawa.” ceuk Ki Dira
“Dimana éta téh Ki?” ceuk nu ngariung.
“Basa perang Surabaya, mapatkeun parancah kitab genep satria Pajajaran mateni Gajahmada, kula ngudag téngwaja kaberik, dédéngéan kaganggu sora tingbalentring sihoréng awak kula keur didérédéd teu karasa, téngwaja dibalikeun dicokot gilindingna geusan bedog, mariemna didudut dipake ngabedil mobil hideung.”
“Mobil Jendral Malabi pangiten.”
“Perang saminggon teu ereun, awak langlayeuseun, kula kacerek laju ditémbak mati maké mariem pélorna sagedé lisung, jelegur! teu teurak, ngan kabawa ngapung ragrag ragrag di Andir.”
“Dupi Aki urang mana?”
“Batara Kala bogoh ka Kén Dédés, ngaheureuyan patungna, laju reuneuh ngajurukeun kula.” cekna gagaro tonggong pinuh ku hapur.
“Pajuang asli…. loréng ka tonggong tonggongna!” ceuk riungan bubar

Kempelan Fikmin Petingan Bagian 3
HOYONG MAMAH
Kénging Harménn Syah
Langit lénglang kapentang katiga panjang. Manéhna. Anteng sidéngdang. "Hatur nuhun, Mah!" sura-seuri. Celengok. Sup, amplop disakuan. "Jang! Mihapé imah!" nyeuleungkeung. Jempling. "Jéh, dasar torék!" Koréjat. "Sujang?" ngagorowok. Dirigdig, ka kamerna. "Kamendi, nya?" Sup, ka dapur. Suwung. "Sok tara bébéja ari rék ulin téh!" kutuk-gendeng. Bray. Panto dapur dibuka. Rét ka kénca. Bréh. Anakna keur ngeteyep. Ngarongkong aseupan butut nu nyangsang dina bilik. Serenteng. "Karék gé keur diajar ngendog, siah! Paingan béak!" jol, ngagawawak. Ujang. Ngadérégdég. "Henteu, Pa...," urap-ap-eureup-eup. "Sidik kari hiji! Tuh, deléh!" tipopolotot. Tutunjuk. Ujang bati ngabetem. Luk, tungkul. Teu antaparah. Gampleng! Ditampiling. Cer, getih ngaley tina liang irungna. Kolébat. Hiji gelemeng beungeut beuki ngahudang amarahna. Jekuk! Ditajong nepi ka nolojong. Jedak! Ujang neunggar tihang. Ngajurahroh bari ngahinghing. "Gandéng, Dastam!" Cul, léos. Muru imut nu nyérangkeun di peuntaseun runggunuk rungkun. Ujang. Beuki sumegruk. Teu kendatna sumambat: "Mamaaah..., énggal uiiih...!" elah-elih. Pataréma jeung séahna angin. Gumuruh. Ngagelebug muru sagara kikisik.
TUTUGAN IJI
Kénging Dadah Hidayat
Oplét usah-oséh. Bandung-Garut lir jalan ka Leuweung Ganggong Sima Gonggong. Garong tingdarangong, rampog tingtaragog, bégal tingbedega.
Di hiji tutugan. Jlung-jleng ti gawir pasir, lima jelema nyegat oplét bari ngamang-ngamang bedog hérang, seukeut kacida. Papakéanana sarwa hideung.
"Eureun, siah!" ceuk nu pangpikasieuneunana. Oplét ngerém. Panumpang tingkeleper. Malah aya nu ngompolan manéh sagala. Kabéh geus apal ka nu nyegat.
"Eureun, siah!" ceuk nu pangpikasieuneunana. Oplét ngerém. Panumpang tingkeleper. Malah aya nu ngompolan manéh sagala. Kabéh geus apal ka nu nyegat.
Salah sahiji panumpangna, Jang Iji, antaré menerkeun peci. Tuluy nyoléndangkeun sarung kana beuheungna. Taya riuk-riuk sieun. Jrut turun. Teureuh Mama Marhamah, babaran pasantrén, nyarita,
"Kang, singhawatos ka jalmi alit."
Jang Iji ditingker. Sebrut lima rampog. Gilek. Bedog ditakis sarung. Belentrang! Tingburinyay, pépétélan seuneu mancawura. Ragot. Hiji-hiji rampog kojor. Bareulah sirahna. Disabet sarung.

Tutugan Iji kari tulisan. Teu hirup deui kawas garong rampog. Sarung Iji, bedil pulisi, laas ajianana. Di unggal tempat getih rahayat ulaweran.
ZOMBIE DI CIAWI
Kénging Harménn Syah
Malem minggu. Langitna renung sulintang. Tinggurilap kasorot gebur katresna. Cép Harmén. Anteng ngahénén: "Ayang, emam heula, yu!" humaréwos. Néng Ayu. Ngagelenyu. Neueulkeun pinareup nu tetep sieup, najan diseuseup deudeuh nu maceuh. "Aa..!" ngarenghik ogo. Harmén. Surti. Ngolomoh kebek kasono: "Hmmmuah!" Teu lila. Gesat-gesut. Léos. Pagégéyé. Pakaléng-kaléng. Muru motorna di parkiran panginepan. Céklak. Geuleuyeung. Néng Ayu nangkeup geugeut. Ngabelesat. Ditutur kebul birahi ngabura tiisna peuting. Pas lebah réstoran. Motor halon. Bréh, tulisan dina gapura. Tingkaretip: 'Carita Kuring'. Reg. Motor diparkirkeun. Tuluy arasup. Diantara nu keur balakécrakan: "Calikna palih ditu, yu!" Harmén nunjuk ka juru, nu dipasieup sorot lampu nu ngatumbiri. Gék dariuk. Rentang-rentang. Pramusaji. Rancunit matak kataji. Umat-imut. Rengkuh. Song. Ngasongkeun ménu: "Pami nu ieu ménu utama, Pa. Botok Orok, Tumis Janin, Pais Plasenta sareng..!" teu kebat. Ujug-ujug. Reup. lampu dumadak pareum. Rungah-ringeuh. Selengseng. Melenghir. Hanyir getih. Puriding. Duanana silihtangkeup. Ngayekyek. Sabot patinggaloarna orok, awor jeung nu saleuseurian sapangeusi réstoran. Handaruan.
AY MIS YUH
Kénging Roy Asmarandana
Anteng dina jok, nyawang harepan jero lamunan. Tiririk, hapé méré tangara. Kusiwel...
"Gud moning, Ndra!" Halimpu sora ti peuntas.
"Wilujeng énjing, Neng!" Cekéng.
"Héy... Nama gué Melati Putri, bukan Neneng."
"Oh... Muhun hilap, Neng... Eh Put!"
"Kemana aja lu, ga liat kuliah?"
"Duh.. Rada répot. Nuju ngempelkeun kanggo UTS."
"Eh.. Bantuin gué bikin laporan, hasil kunjungan industri kemarin. Entar lu traktir baso di kantin. Hihi...!"
"Insya Alloh. Teu janji, nya!"
"Eh... Ada yang kangen ama lu."
Jep, teu diwalon.
"Eu..."
"Ay mis yuh.. Muah..." Mungkas guneman. Ser... Nud aya nu notog kana haté.

"Mas... Narik moal?" Awéwé tengah tuwuh ngagareuwahkeun.
Jrut kuring turun. Gék, Si Ibu diuk di hareup.
Geuleuyeung béca maju, ngajajap pangharepan.
Jrut kuring turun. Gék, Si Ibu diuk di hareup.
Geuleuyeung béca maju, ngajajap pangharepan.
Kempelan Fikmin Petingan Bagian 2
DEWI SRI
Kénging Roy Asmarandana
"... Béas raskin tos tiasa dicandak. Ka nu tos gaduh kupon, langsung waé ka bumi Pa RW...," nongtoréng na toa masjid.
Brul nu tos biasa meunang jatah, nyokot hancengan séwang-séwangan.
Brul nu tos biasa meunang jatah, nyokot hancengan séwang-séwangan.
Srék.. Srék, Ceu Eha napikeun béas semu geuneuk jeung loba kutuan di lawang dapur. Anteng milihan sérah ku leungeun katuhu, nu kéncana nunjal nyiru.
"Deudeuh teuing, Ceu!" Halimpu, sora hareupeun.
"Muhun, Neng!" Ngagebeg. Saha nu datang?
"Gentosan ku nu ieu, nya!" Nu geulis ngasongkeun kérésék, eusi béas.
Teu ngawalon. Satengah teu sadar, eusi nyiru di kana bobokokeun. Song, barter. Can gé kumpul pangacian. Léos, nu geulis dikabaya bodas ngiles.

Pasosoré di balé désa geus simpé, kari Ki Ulis keur ngaréngsékeun laporan.
Kulutrak bray.
"Sampurasun...!" Halimpu, sora ti lawang.
"Ram... Rampés...!" Ulis kagét, "Aya kaperyogian naon, Neng?" Neuteup nu dikabaya bodas.
"Iyeu badé nyanggakeun béas." Ngasongkeun boboko, "Cik cobian ku salira. Kumaha rasana sangu tina béas hapeuk geuneuk tur kutuan?" Sorot socana silalatuan.

REUWAS
Kénging Hadiwijaya
Wanci isuk-isuk. Langit medem. Kaayaan sabudeureunna matak hémeng katempona. Tara ti sasari. Teu katénjo jelema nu tatan-tatan rék indit ka tempat pagawéanana. Manuk piit nu biasa euntreup bari tinggarajleng kana suhunan imah. Teuing kunaon, teu katémbong. Dumadakan. Jelema tingberetek lalumpatan. Teu kolot, teu budak. Teu awéwé, teu lalaki. Réang tingjarerit. Kaayaanana matak harénghéng, pikasieuneun. Sakedap nétra. Kapireng aya sora tarompét nu ditiup rosa nakeran. Ngajelengéng kana ceuli-ceuli nu tara daék ngadéngékeun perkara hadé jeung bener. Jelema mingkin réang tingjareritna. Leungeunna narutupan ceulina, nu mimiti merebey kaluar getih kentel. Jelema beuki tingbelecir lalumpatan. Badis anak panah, nu kaluar tina gondéwana sinatria Arjuna. Gunung-gunung patingjelegur, bari ngutahkeun lahar panas. Gedong-gedong sigrong, nu biasa dipaké ujub jeung takaburna jelema, ngadadak raruntuh, digénjlongkeun ku lini badag. Kuring nu nyaksian kajadianana, ukur bisa ngeclakkeun cipanon. Teu sadar, pamajikan nyampeurkeun.
"Pah, nuju nongton pilem naon?" pokna, ngagareuwahkeun.
"Pah, nuju nongton pilem naon?" pokna, ngagareuwahkeun.
KASATIAAN
Kénging Emalia Ilyas
Bantal geus kacida lépétna jeung bau cimata nu mindeng cipruk. Teu kapoé.Hawa kanalangsa kukurilingan sakulibeng kamar.
Kulutrak panto.
"Néng...," halon.
Biwir dibenyéng, sangkan imut. Bantal wadah cimata gancang disumputkeun. Malik neuteup nu ngajanteng. Gagah jeung gandang. Dina setélan jas jeung dasi. Nyurup pisan. Hanjakal bet nguyung.
Gentak disampeurkeun. Ka dua pipina diusapan pinuh ku kadeudeuh. Gep, leungeun kuring dicekelan.
"Bolaykeun we nya?" haréwosna. Neueulkeun ramo-ramo kuring kana dadana nu gumuruh.
"Abdi ikhlas, Akang. Rido..., sumangga geura angkat ku pangjajap kanyaah abdi."
"Naha atuh teu kersa nyarengan?"
"Abdi istri nu gaduh kénéh rasa, sanés malaikat nu suci ati. Wayahna...."
"Kajeun teu gaduh turunan tibatan ngaraheutan Enéng," pokna dareuda.
Hayang teuing ngabedahkeun cimata dina dadana. Tapi pan ieu lalakon téh kuring nu ngajurung-jurung. Bari ituna ikhlas jadi nu ka dua.
Ahirna mufakat. Kuring ngeukeuweuk atina, ragana panganténan di peuntaseun carita. Pikeun sirung-sirung ngora karajaan cinta kuring, Manéhna jeung..., Maru!

SAJADAH EMA
Kénging Éboéd
"Tong dipindah-pindah!" Taya nu wantun ngukumaha, ngampar pengkereun pisan paimbaran. "Éta téh mas kawin ti Apa hidep, mun Ema solat na sajadah éta asa diimaman ku anjeunna." Bari jeung saleresna, sajadah éta pisan nu dianggo unggal Ema netepan sanaos tos kaciri semu kucel. Komo saparantos dikantunkeun ku jenatna Apa, can kantos ningal Ema nganggo sajadah nu sanés. Maskét. Sakali waktos, sajadah diseuseuh ku si Bibi. Hideng ti dituna mah, pédah tos lami teu ngambeu cai. Na atuh, si Bibi diseuseulan laklak dasar. Nembé ningal Ema nyeuseul sapertos kitu. Si Bibi, ngayekyek. Ngeluk, rumaos lepat.
Ema téh nyaah pisan kana sadaya barang kakantunan Apa. Mung, kana sajadah mah asa aya langkungna. Malihan mah Ema téh kantos sasauran, omat mun Ema nyusul Apa pangrawatankeun. Duh, bagja temen janten sajadah. Dipikameumeut ku Ema nu soléhah.
Kep. Sajadah ditangkeup pageuh. Laju diambung. Sanaos tos lalayu sekar, seungitna henteu leungit. Sup, disimpen na tumpukan lomari pangluhurna. "Mugia Ema sareng Apa diriksa ku Mantenna." Teu karaos aya nu ngeclak tina juru soca.
Kempelan Fikmin Petingan Bagian 1
SARÉWU INDUNG
Kénging Éboéd
Purnama kari sabeulah. Nyésakeun cahaya nu teu pati ngempur. Guluburna surem. Sasurem haté hiji jajaka nu keur anteng menekung di juru masigit. Husu, ngitung léngkah nu geus kalarung. Keclak cimata maseuhan saamparan sajadah. Nyeungceurikan dirina. Nyeungceurikan tapak-tapak nu geus kasorang. Disaksian ku tiis jeung simpéna peuting.Maju ka janari. Mingkin husu. Kalan-kalan buuk panjangna ririaban, katebak hiliwirna angin nu moncor tina sesela jandéla masigit nu méléngé. Haténa jumerit, nyanyambat nu miboga dirina. Karumasa nyangkaruk jeroeun dada. Aya nu nyérését, nurihan léngkob haténa.Dumadakan. Séor...! Sora angin ngabintih. Ti langit, cahaya putih ngabarasat nojo masigit. Ngabulen. Ngagulung. Ngabetot nu keur husu mumbul ka langit. Manéhna kumalayang di antara méga-méga. Mingkin luhur, mingkin luhur, mingkin luhur.Di langit ping pitu. Manéhna nyakséni saréwu bulan, cahayana moncorong tapi linduh. Dina unggal bulan, aya pameunteu indungna nu salila ieu teu weléh dipikabogoh.
SAPU JAGAT
Kénging Zév MyZoul
Langit tobros ku du'ana nu ngaruhit. Peledug, kaduruk. Laju marékplékan jadi yutaan kembang seuneu. Pating-belesur. Ngajalalegur, niban lemah. Neunggar imah. Nembrag kasur. Jagat inggeung.
Nu boga du'a kareureuwasan. Caméot kasedekkeun ku nu pating-polotot.
''Gara-gara siaaa!'' ceuk nu bentik curuk.
''Teu suka ku aing dunya dirurujit?'' sengor nu teu maké kolor.
''Pan kami nu nyusuan dunya téh, Deuleu!'' nu teu maké kutang milu keuheul.
''Bedokeun tah du'a téh siah!''
Éar, galécok ti jelema-jelema nu geus kabeuleum jadi areng. Harangit.
''Gustiii, Nu Maha Welas tur Maha Asih...,'' gerenyem-gerenyem.
Jagat jempling.
Saban haté ngadaru'a nu sarua. Khusu naker. Ménta kasempetan nu kadua.
Du'a-du'a sareungit naker. Nyambuang. Pating-kalayang. Ngatumbiri. Nambal langit anu semplék. Hawa engap ku du'a nu pasesedek. Silih-dedetkeun.
Beledug! Jagat maksiat bitu. Bersih sapisan. Langit lénglang. Dunya caang.
Nu ngadu'a mimiti, ngagukguk. Sumegruk. Karumasa nyangkaruk na raga ungkluk.***

SESEMPLÉKAN
Kénging Tatin Sardjiman
Cika-cika enyay-enyayan tina nétrana,
basa sakolébat kuring paamprok jeung manehna.
Kuring kasengsem. Hampura kuring. Cing tingali kuring, geura artikeun ieu teuteup nétra kuring, kuring kabéngbat ku teuteup anjeun. Haté degdegan mangsa panggih tadi jeung anjeun. Hampura kuring. Harepan mimiti mesat ngawang deui. Kuring hayang ngaranggem sulintang. Hiukna angin lalaunan ngahiji jeung rupaning kelir, ngawangun impian bagja, ngabayangkeun deui imah katumbirian.
Duuuh... Haté téh geuning dlaif. Hampura kuring. Ieu haté asa lain milik kuring deui. Kuring mitresna anjeun, rasa diri hayang jadi milik anjeun.
"Umaaah...!"
"Dalem, Abah!"
"Nuju naooon?"
"Nuju ngaduruk runtah, Bah."
Lung kertas ungkara rasa na aksara meunang ngotrét kana ruhak. Sakotépat béak, laju jadi silalatu. Keun teu kudu ditulis, da rék dikirim kamana?

KRD LASTEU
Kénging Agus R Munggaran
Teu kahalangan ku umur, mangsana katresna ngancik deui mah alam dunya asa béngras. Sumanget ngagedur deui!
Nganjang, tangtuna gé béda jeung jaman keur ngora baheula. Ngobrol teu pati jongjon da bari diréwong ku renghik budakna nu bungsu atawa kaselang ku Si Cikal nu laporan itu ieu di sakolana. Teu ieuh asa kaganggu! Nganjang lain ukur rék sosonoan jeung manéhna. Buleud niatna gé rék mikanyaah ‘berikut pakétnyah’.
Kasono kapegat ku samporétna waktu, KRD nu lasteu jurusan Cicaléngka moal lila deui liwat. Sanggeus pamitan gura-giru muru setatsion, tumaninah ari geus peuting kieu mah dina karéta téh.
Anjog ka setatsion Rancaékék, jrut turun laju muru tempat parkir.
Karék gé rék nyetater belentrang sora nada panggil bbm disada, panasaran dibaca “Lis, urang mah rajeun téh aya nu ngapélan datangna numpak KRD. Asa teu purun lah!” Ngahuleng! Ti manéhna, kawasna mah salah kirim.
“Are you lonesome to night…” Galindengna Anne Muray minuhan rohangan mobil.

Langganan:
Postingan (Atom)