Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Rabu, 13 Februari 2019

Kempelan Fikmin Petingan Bagian 5

POTO PROPIL

Kénging Roy Asmarandana

Haté mah teu kapalingan, resep ka hiji akun pésbuk. Lain ku postinganana nu cetar membahana, atawa loba pulunganeunana, tapi kagémbang ku poto propilna. Tiap ganti propil. Deuh, teu weléh nyokélan kongkolak panon.
Rob, ratusan jempol ngarubung-rubung beungeutna.
Poé kamari poseuna imut, katara latarna alun-alun, hégar naker.
Peuting tadi beungeutna ményon, latarna guha canéom. Jol, isuk-isuk beungeutna marahmay, hérang, latarna keur di Mekah, teuing nu taun iraha.
Klik, di-like saterekebek.
Saminggu ti harita potona teu dirobah, angger nu éta. Sabulan, tetep.
"Sisinarieun teu diganti-ganti?" ceuk haté. Hémeng.
Anjog ka opat puluh poé, poto propilna kakara robah. Ébréh dina cover surat Yassin ngeusian ramo-ramo nu ngadu'a.

KEUKEUH ALIM

Kénging Harménn Syah 
"Mangkaning ku gunting!" ceuk Kang Diding. Cép Emod. Ngoyompod. Gok jeung Mang Juhro. "Maké péso nu karahaan!" pokna. "Baréto gé uing ku bedog!" Si Entod nyéréngéh. "Uing gé ku hinis!" Sarkim, mairan. Beuki muringis. "Dicekék maké benang gelasan!" Babaturanna ngékéak basa baralik tas langlayangan. Aréak-éakan. Koloyong. Ngabéngbéos. Ngahinghing. Bapana bingung. Disaréatan mah geus kamana-mendi. Komo anak nu ngan hiji-hijina. "Cép, engké dipangmésérkeun...!" Teu kebat, kapegat sentak. "Embung! Pokona embung!" Lung! Prék! Beling pabalatak. Bupét, lamari, méja, korsi. Nangkarak. Bapana. Pasrah. "Éling, Mod! Éling!" Indungna haliwu, nepakan pipina. Diguyah-guyah. "Astaghfirulloh!" Emod ngusap beungeut. "Bapa kamana, Ma?" Bari cengkat. "Di luar, keur ngobrol jeung Pa Ketib saréngréngan. Nungguan utusan ti Si Enéng apan. Siap-siap atuh!" Léos ka luar. Cép Emod. Geus ginding maké stélan jas. Tapi angger wé, ngaheruk. Nandangan pagaliwotahna rasa. Antara éra, sieun jeung bungah. Ku calon mitohana. Mama Ajengan Harmén ti Cikahuripan téa. Nu geus kawentar. Cenah. Panatikna kabina-bina.

NU MINDENG KAPOPOHOKEUN

Kénging Rizky Chandra
Basa hujan. Kuring manggih sendal capit, ditalian ku rapia. Kabawa cileuncang. Nyangsang, dina runtah. Dicokot.
“Deudeuh teuing!” Gumerendeng. Lebah keuneungna, jeung handapeun jajaran ramona. Ngaipisan. Hiji deui mah copong sapisan. Nepi ka imah. Dikumbah, tuluy disimpen dina rak sapatu. Isukna, mulang gawé. Nyimpang heula ka tukang pigura. Pasosoré, kareungeu nu uluk-salam. Disampeurkeun.
“Leres ieu bumina Kang Dudi?” Lalaki tengah tuwuh, maké dasi jeung jas.
“Muhun, Pa.”
“Bapa badè nitip ieu, éta nu nyaksian ti kawit bapa, janten OB dugi ka ayeuna dipercanten janten wakil Diréksi.” Ngasongkeun bungkusan. Teu lila manéhna pamitan. Kuring malik nuju ka hiji rohang leutik gigireun imah, nalika manèhna asup deui kana jero mobilna. Bungkusan dibuka. Opat pasang séndal capit, dijajarkeun. Darekok.
“Aya kènéh,” nempo tempat kosong dina témbok, nu ampir pinuh, ku jajaran pigura. Lain lukisan. Musium Sendal Capit, panitipan ti waruga-waruga nu teu mopohokeun lèngkah lawasna, sanajan geus kaganti sapatu, atawa panutup dampal lianna.

GASTRITIS?

Hudang saré, rieut jeung seueul kacida. Teu kuat keuna cai wudhu ogé. Borolo...utah. Cipanon geus nyieun jalur na pipi. Duh, Gusti. Asup angin, meureun. Kamari sapopoé néang bahan proposal.
Popoyongkodan balik deui kana kasur. Golédag. Gap kana hapé. Nelepun, teu diangkat. Bingung.
Nelepun taxi. Biur ka IGD, sorangan.
Dua bulan ti harita, pisaminggueun deui kolokium. Ngajongkéng deui di kampus, keur nguruskeun surat undangan ka dosén penguji.
Dianteur babaturan, digotong asup ka IGD. Rumah sakit nu aya hareupeun kampus. Kapireng riweuhna babaturan nelepun ka salaki.
Kuring dipariksa dokter. Cus, getih minuhan vaccutainer. Cipapang ditampung.
Teu lila. "Wilujeng ya Pa, Bu. Ngandeg, ieu mah." Ceuk dokter.
Kuring papelong-pelong jeung salaki, ngarames ramo lalaunan. "Mamah sing kiat. Mamah pasti séhat," haréwosna. Celengok, disun deudeuh.
Karasa ku kuring, tagiwur haténa. Kumaha cara ngiberan ka Ceuceu, pamajikanana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar