Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Rabu, 13 Februari 2019

Kempelan Fikmin Petingan Bagian 4

SANBAU

Kénging Emha Ubaidillah 

1432 M. Lambak-lambak patinggilisir, kaembrat pucuk-pucuk ramo Hyang Chandra nu nyelegon di jomantara. Layar-layar nyorosod lalaunan. Ma Hua nompokeun biwirna, ka nu keur ngalempreh. "Alloh, Alloh Allohu...."
"Kapiten, tilemkeun kuring sailaharna para patani lauk,"
"Teu kedah nyarios kitu, Laksamana." Ma Hua sabalad-balad patingalingsreuk. Nu ngahanju gegerenyeman. Pangalaman ampir saparapat abad ngambah sagara, muka lambaran tetewang kakelar. Ukur tukang balantik leutik di tepiswiring Kunyang. Diiwat para perjurit kakaisaran Ming, jadi kasim asuhan Cheng Li. Ngabdi ka Pangeran Zhu Di. mantuan ngusir owah-owah nagri tug ka Pangeran Zhu Di dileler ngadiukkan korsi kakaisaran.
"Sanbau, anjeun lain kuricakan. Kiwari saampar jeung kami. Nam balayar saba nagri!" Ceuk Pangeran Zhu Di nu bagelar Kaisar Yongle. Nganjrek di kadaton Beiping(Beijing kiwari). Sanbau nyangking wewengkon Nanking laju balayar aprak jagat, amprah sagara, malah kungsi netep opat bulan di basisir Majapait jaman Raja Wirabhumi patelak jeung Wirakmawardhana sarta ngadegkeun masigit basajan di Ujung Galuh, Kungsi nyangkalak bajo gangas Chen Tsu'i di Po Lin Bang(Palembang).
"Laksamana, laksamana...." Ma Hua ngageubig-geubig tapi Sang Sinatria geus dijemput ku Nu Mahaagung. "Kami teu tega, ngurebkeun dunungan di tengah sagara," Ma Hua ngunyem. Wilujeng angkat Laksmana Cheng Ho.

REKÉT OTOPÉT

Kénging Asép Komara
Teu pati ceuyah peuting ieu mah. Rejeki nu ti soré kénéh narampeu hareupeun, dikerid sawaréh ku sora langit nu gegelegeran. Kapeutingnakeun, barudak kalah tingburiak marulang. Sanggeus taranggah nyawang méga nu buburinyayan. Nu disangka rék sabreg-bregeun téh geuning teu cur waé. Hanas nu daragang karukud sarieuneun kahujanan.
Bray, bulan némbongan. Nyalukan lampu-lampu patamanan. Mulas bébéngras lahan pangulinan. Sabot ngéntépan otopét nu pasoléngkrah luhureun amparan beton, budak rudin nu cikénéh téh karérét geus ngajengjen deui gigireun. Masang paroman nu angger pikarunyaeun. Maké jeung ngasong-ngasong lambaran duit duarebuan sagala, nu geus karucel pisan. Teu dipiroséa sotéh tadi soré, da lambaran duitna kurang dua.
"Sakeudeung wé atuh, Mang...," omongna peura. Tamba ngabulasin, song wé otopét dibikeun. Ti pongpok taman, Kardi nu ngurunyung bari nyunyurung roda haben ngalieukan nu keur ngarekét mamapay jalan patamanan. Barang srog ogé Kardi tuluy nyekel pigeulang leungeun pageuh pisan.
“Gun, ari énté teu keueung nempo otopét nu itu geugeuleuyeungan sorangan?”

CAU AMBON DIKORANGAN

Kénging Sri Paudwal
Peuting purnama. Mangsa diri nganti mubyarna cahaya di buruan. Susuganan mangkak di puseur teuteupan. Rék ngalanglang ngudag kiceupna. Bongan Kasono teu weléh ngadodoho. Hésé dipapalérkeun. Hanjakal, salaksa tumanya teu kungsi kedal. Naha aya naon na hihideungna soca salira. Teuteupna asa béda. Matak nyérédét. Tumungkul. Basa imut salira nembag kana hulu angen. Mulas gambar kasono. "Kanggo abdi?" ngaharéwos. Ukur neuteup seukeut. Matak panas tiris. Hariwang nandonan kamelang. Kahayang mah wakca miheulaan. Ngan karumasa ngahéngkéran ieu diri, nepi ka kiwari can bisa ngajudi, éstuning rikip ngabulen buni. Rék wakca teu kalis kebat. Kaéra sok jiga nu ngahaja megat.
Lingsem. Waktos salira nunjuk béntang guméncrang. Ngarahuh. Basa angin ngaharéwoskeun haliwuna. Geuning diri téh manggih wiwirang cau ambon dikorangan. Ngadadak méga ngabelegbeg mindingan sumiratna. Marudah. Hawar-hawar aya galindeng nu kapireng nyeuitan jemplingna peuting nuturkeun kalangkang nu ngolébat tina méga kana méga marengan ringkang awaking.
Dihariringan dalingding angin nu baris salawasna manjangkeun haréwos.

BURAHOL

Kénging Edeng Rosman
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 21:26:02
“Sieet bayonet Sekutu rék nojos angen kula, nu kieu mah hui, awak nyingcet ka katuhu bari nyintreuk, bayonét potong tujuh tentarana beulah dalapan, baladna ngabedilan, pélor disanggap ku sungut, diburakeun deui ka nu ngabaredil, sakali ngabura sakompi musuh maragat nyawa.” ceuk Ki Dira
“Dimana éta téh Ki?” ceuk nu ngariung.
“Basa perang Surabaya, mapatkeun parancah kitab genep satria Pajajaran mateni Gajahmada, kula ngudag téngwaja kaberik, dédéngéan kaganggu sora tingbalentring sihoréng awak kula keur didérédéd teu karasa, téngwaja dibalikeun dicokot gilindingna geusan bedog, mariemna didudut dipake ngabedil mobil hideung.”
“Mobil Jendral Malabi pangiten.”
“Perang saminggon teu ereun, awak langlayeuseun, kula kacerek laju ditémbak mati maké mariem pélorna sagedé lisung, jelegur! teu teurak, ngan kabawa ngapung ragrag ragrag di Andir.”
“Dupi Aki urang mana?”
“Batara Kala bogoh ka Kén Dédés, ngaheureuyan patungna, laju reuneuh ngajurukeun kula.” cekna gagaro tonggong pinuh ku hapur.
“Pajuang asli…. loréng ka tonggong tonggongna!” ceuk riungan bubar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar