SARÉWU INDUNG
Kénging Éboéd
Purnama kari sabeulah. Nyésakeun cahaya nu teu pati ngempur. Guluburna surem. Sasurem haté hiji jajaka nu keur anteng menekung di juru masigit. Husu, ngitung léngkah nu geus kalarung. Keclak cimata maseuhan saamparan sajadah. Nyeungceurikan dirina. Nyeungceurikan tapak-tapak nu geus kasorang. Disaksian ku tiis jeung simpéna peuting.Maju ka janari. Mingkin husu. Kalan-kalan buuk panjangna ririaban, katebak hiliwirna angin nu moncor tina sesela jandéla masigit nu méléngé. Haténa jumerit, nyanyambat nu miboga dirina. Karumasa nyangkaruk jeroeun dada. Aya nu nyérését, nurihan léngkob haténa.Dumadakan. Séor...! Sora angin ngabintih. Ti langit, cahaya putih ngabarasat nojo masigit. Ngabulen. Ngagulung. Ngabetot nu keur husu mumbul ka langit. Manéhna kumalayang di antara méga-méga. Mingkin luhur, mingkin luhur, mingkin luhur.Di langit ping pitu. Manéhna nyakséni saréwu bulan, cahayana moncorong tapi linduh. Dina unggal bulan, aya pameunteu indungna nu salila ieu teu weléh dipikabogoh.
SAPU JAGAT
Kénging Zév MyZoul
Langit tobros ku du'ana nu ngaruhit. Peledug, kaduruk. Laju marékplékan jadi yutaan kembang seuneu. Pating-belesur. Ngajalalegur, niban lemah. Neunggar imah. Nembrag kasur. Jagat inggeung.
Nu boga du'a kareureuwasan. Caméot kasedekkeun ku nu pating-polotot.
''Gara-gara siaaa!'' ceuk nu bentik curuk.
''Teu suka ku aing dunya dirurujit?'' sengor nu teu maké kolor.
''Pan kami nu nyusuan dunya téh, Deuleu!'' nu teu maké kutang milu keuheul.
''Bedokeun tah du'a téh siah!''
Éar, galécok ti jelema-jelema nu geus kabeuleum jadi areng. Harangit.
''Gustiii, Nu Maha Welas tur Maha Asih...,'' gerenyem-gerenyem.
Jagat jempling.
Saban haté ngadaru'a nu sarua. Khusu naker. Ménta kasempetan nu kadua.
Du'a-du'a sareungit naker. Nyambuang. Pating-kalayang. Ngatumbiri. Nambal langit anu semplék. Hawa engap ku du'a nu pasesedek. Silih-dedetkeun.
Beledug! Jagat maksiat bitu. Bersih sapisan. Langit lénglang. Dunya caang.
Nu ngadu'a mimiti, ngagukguk. Sumegruk. Karumasa nyangkaruk na raga ungkluk.***

SESEMPLÉKAN
Kénging Tatin Sardjiman
Cika-cika enyay-enyayan tina nétrana,
basa sakolébat kuring paamprok jeung manehna.
Kuring kasengsem. Hampura kuring. Cing tingali kuring, geura artikeun ieu teuteup nétra kuring, kuring kabéngbat ku teuteup anjeun. Haté degdegan mangsa panggih tadi jeung anjeun. Hampura kuring. Harepan mimiti mesat ngawang deui. Kuring hayang ngaranggem sulintang. Hiukna angin lalaunan ngahiji jeung rupaning kelir, ngawangun impian bagja, ngabayangkeun deui imah katumbirian.
Duuuh... Haté téh geuning dlaif. Hampura kuring. Ieu haté asa lain milik kuring deui. Kuring mitresna anjeun, rasa diri hayang jadi milik anjeun.
"Umaaah...!"
"Dalem, Abah!"
"Nuju naooon?"
"Nuju ngaduruk runtah, Bah."
Lung kertas ungkara rasa na aksara meunang ngotrét kana ruhak. Sakotépat béak, laju jadi silalatu. Keun teu kudu ditulis, da rék dikirim kamana?

KRD LASTEU
Kénging Agus R Munggaran
Teu kahalangan ku umur, mangsana katresna ngancik deui mah alam dunya asa béngras. Sumanget ngagedur deui!
Nganjang, tangtuna gé béda jeung jaman keur ngora baheula. Ngobrol teu pati jongjon da bari diréwong ku renghik budakna nu bungsu atawa kaselang ku Si Cikal nu laporan itu ieu di sakolana. Teu ieuh asa kaganggu! Nganjang lain ukur rék sosonoan jeung manéhna. Buleud niatna gé rék mikanyaah ‘berikut pakétnyah’.
Kasono kapegat ku samporétna waktu, KRD nu lasteu jurusan Cicaléngka moal lila deui liwat. Sanggeus pamitan gura-giru muru setatsion, tumaninah ari geus peuting kieu mah dina karéta téh.
Anjog ka setatsion Rancaékék, jrut turun laju muru tempat parkir.
Karék gé rék nyetater belentrang sora nada panggil bbm disada, panasaran dibaca “Lis, urang mah rajeun téh aya nu ngapélan datangna numpak KRD. Asa teu purun lah!” Ngahuleng! Ti manéhna, kawasna mah salah kirim.
“Are you lonesome to night…” Galindengna Anne Muray minuhan rohangan mobil.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar