Wilujeng Sumping di Ki Dagar Blog, Mugia sadaya anu di pintonkeun di ieu blog tiasa janten hiburan oge aya manfaatna

Minggu, 21 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih bagian 10

 #Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

 Bagian Ka 10

Karangan Ki Dagar




“Mang ẻta sora naon mang? Ceuk Samin bari metot sarung mang Ajo anu di kongkoyangkeun. Atuh puguh mang Ajo jadi ngadangheuak da di betot ti tukang ku Samin. “Ẻh nanaonan ari manẻh Min!” Mang ajo malik bari muncereng.

 

“Mang ẻta sora naon mang, urang ka pos ronda deui we yu!” ceuk Samin bari culang cileng kawas aya nu di tẻangan. “Sora anjing ẻta mah Min, makẻ jeung sieun, da remen anjing babaung mah lain ukur ayeuna.”

 

“Ah tapi da bẻda kadẻngẻna mang, teu patembalan cara kitu biasana mah.”. “Parasaan manẻh baẻ min anu borongan, meunggeus hayu urang tempo anu ngagayabag ceuk dasẻp tẻa, Sẻp palebah mana tadi tẻh?” Tanya mang Ajo bari malik ka Dasẻp.

 

“Be..be..be..lah di..di..tu  tuh mang!” ceuk Dasẻp bari nunjuk kana umplukan tangkal kalapa anu ngajajar di tengah kebon mang komar. “hayu urang sampeurkeun kaitu!” mang Ajo ngalengkah deui nuju ka jajaran tangkal kalapa. Samin jeung dasẻp sanajan bujurna rerempodan tapi teu bisa majar kumaha, duanana nuturkeun di satukangeun mang Ajo.

 

Anjing masih terus babaung patẻmbalan, awor jeung sora angin anu ngagelebuk ting saleor ngendakeun tatangkalan.  Pas tepikanu di tuju reug angina ngadadak eureun, kitu ogẻ sora anjing babaung. Kaayaan simpe deui , ukur kadẻngẻ sora cihcir.

 

“Tuh nya Min teu aya nanaon?” ceuk Mang ajo ka Samin. “Enya nya mang sepi deui ning.” Tembal Samin hatẻna rada reugreug. “I I I itu nan a naon mang!” Dasẻp ngagero bari nunjuk ka luhur tangkal kalapa.

 

Samin jeung Mang Ajo mẻh bareng tanggah ka tangkal kalapa anu di tunjuk ku Dasẻp. Katingali ku kabẻhan di salah sahiji batang daun kalapa aya hiji mahluk hideung keur ucang ucangan. Mang Ajo gancang ngarahkeun senterna ka ẻta mahluk tapi ngadadak jirim ẻta mahluk ngiles teuing kamana.

 

“Boa – boa jurig mang, hayu balik mang!” Samin kanceuh deui rasa sieunna bulu pundukna maruringkak. “Ah jurig nanahaon, Emang mah teu sieun ka jurig tẻh Min, tuh buktina jurigna anu kalahkah ngaleungit.” Ceuk Mang  Ajo nyaritana rada suaban, tapi mẻmang mang ajo mah katelah jalma gedẻ kawani.

 

Dina kaayaan kitu cungungung sora anjing babaung kadẻngẻ deui malah leuwih ramẻ batan tadi. “Tuh da amang mah sok sompral kitu, jadi wẻ jurigna dating deui!” Samin kasieunna tambah jadi.

Dina kaayaan kitu kadẻngẻ aya sora anu nyikikik seuri, pilih genti jeung sora anu ceurik. “Mang kumaha ieu mah, aya jur jur jurig mang, hayu balik mang ah!” Samin nyekel pigeulang mang Ajo mani pageuh, ari Dasẻp nyekelan cangkẻng  Samin.

 

“Tenang tenang barudak!  Urang singlar ku emang. Anjang anjang anjing anjing anjing hideung tataranjang lumpat kala kolong risbang ari blekẻk hẻhẻhẻ jurig kabur sẻtan ingkah ulah ganggu ka sakadang anjing.” Mang Ajo sisinglar ku jangjawokan.

 

Tapi bener baẻ nu seuri jeung nu ceurik tẻh ngadadak eureun, anjing babaung ge teu kadẻngẻ deui“Tuh nya sieuneun ka amang mah!” ceuk mang Ajo bari ngẻpẻskeun leungeun Samin anu tatadi nyekel pageuh pigeulang leungeunna.

 

“Enya hẻbat mang, langsung kabur ning jurig tẻh.”

“Matakna jadi jalma ulah borangan, kudu gedẻ kawani sabab lamun urang wanian jurig gẻ sieuneun ka urang.”

 

Keur kitu ngadadak blug korosak gulutuk gulutuk, aya sora anu rangrag terus ngagulutuk kana rungkun handapeun tangkal buah. “Na nan a naon ẻta mang!” ceuk dasẻp bari nyekelan deui cangkẻngna samin.

 

“Ih ulah kana cangkẻng atuh Sẻp da gẻtẻk atuh..”

“da da da sis i si eun atuh Min.”

“Sarua kuring gẻ sieun Sẻp.”

“Min tẻang kaitu naon anu ragrag tẻh. tah sẻntẻrna!” Mang Ajo nitah ka Samin bari ngasongkeun senter.

 

“Ah sieun mang ah, teu wani kuring mah.”

“Ku Dasẻp atuh kaitu!”

“Si sis i eun aba b ab di di gẻ mang.”

“Euh iya mah euweuh sahijieun, kudu ku kolot waẻ. Henjung atuh kaitu kuduaan da paling gẻ kalapa murag.”

 

Tapi Samin jeung dasẻp teu aya nu wani nampanan senter mang Ajo. “Geus ku amang urang tẻang tungguan baẻ maranẻh di dieu!”  mang Ajo ngalẻos nyampeurkeun kana rungkun handapeun tangkal buah.

 

Teu lila balik deui ngajingjing kalapa “Tuh nya ceuk amang gẻ kalapa murag lumayan keur nyieun santen urang bawa balik, nam ah urang ka pos ronda deui.” Ceuk mang ajo bari sura seuri bungah.

 

Tapi barang geus deukeut ka Samin jeung Dasẻp, ngadadak Samin ngocẻak tuluy ngalenggerek kapiuhan. Mang Ajo bingung rẻt ka Dasẻp anu ngayekyek bari cingogo, katẻmbong calanana baseuh.

 

“Ari maranẻh kunaon Sẻp, Si Samin jol ngagurubug, manẻh deui kalahkah ngompol aya naon ieu tẻh?” Mang Ajo bingung ningali paripolah Dasẻp jeung Samin. “ẻt ẻt ẻt ẻta mang jur jur jur…”Dasẻp tutunjuk kana kalapa nu di jingjing ku mang Ajo.

 

Mang Ajo panasaran tuluy ngarahkeun senterna kana kalapa. Ari barang brẻh tẻh. kalapa tẻh singhorẻng aya beungeutan, beunguet saurang aki – aki, panonna bolotot gular – giler biwirna brewẻh rentul ku sihung lẻtahna panjang ulal elẻl.

 

Ningali kitu mah mang Ajo anu katelah wanian tẻh ngadadak ngagoak “ay ay ay ay aya juriiiig!” lung kalapa nu beungeutan tẻh di alungkeun ka Dasẻp, brengbeng Mang Ajo lumpat satarikna ninggalkeun Dasẻp anu keur nyekelan kalapa nu beungeutan.

 

“Eu eu eu jur jur jur jur.” Lenggerek Dasẻp gẻ teu kuateun nahan kasieun, dasẻp kapiuhan gigireun Samin anu pingsan tiheula.

 

Sẻor sẻor angin datang ngagelebug, tatangkalan ting palalenod katebak ku angina anu gedẻ kacida. Cungungung sora anjing patẻmbalan. Cikikik sora nu seuri kadẻngẻ deui silih selang jeung sora nu ceurik ngabangingik. Peuting harita di kebon mang komar mani geueuman pisan.

 

Kayaan kitu tẻh sabab aya bangsa siluman anu datang. Nyaẻta taya lian nu ngagayabag datang ti luhur katempo ku Dasẻp tẻa. Ki gulutuk cengir anu datang tẻh. Utusan Prabu Denta wisẻsa anu keur ngajalankeun tugas pikeun nyasabkeun jalma lembur supaya biluk ka bangsa siluman.

 

Kusabab katohyan ku ronda nya sakalian Ki Gulutuk tẻh ngaheureuyan, da puguh sipat bangsa siluman mah jail tukang nyingsieunan bangsa manusa. “Hẻhẻhẻ geuning barorangan bangsa manusa tẻh. Ah sakalian aing rẻk nyurup ka salah sahiji ieu jalma. Sakalian nyingsieunan jalma lembur. Lamun geus sieun biasana narurut bangsa manusa mah.

 

Di pẻnta susuguh gẻ babari, rẻk sakalian mẻnta surutu jeung cikopi pait, bakakak wẻ jeung tumpeng nikmat sigana, geus lila teu ngadahar bakakak hayam hẻhẻhẻ.  kaituna mah ku aing di sasabkeun sina muhit ka karajaan kanjeng prabu hẻhẻhẻ.” kitu gerentes hatẻna Ki Gulutuk cengir.

 

Ayeuna urang kocapkeun mang Ajo anu lumpat meleteng teu sirikna tunggul di barud catang di rumpak, nu penting mah gancang tepi ka pos ronda. Srog ka pos ronda kasampak pa Rt jeung juhro masih dariuk bari ngaropi.

 

“Aya naon Mang geuning lulumpatan kitu, naha aya bangsat? Jeung deui mana Samin jeung Dasẻp?” Tanya pa Rt rada reuwas ningali mang ajo datangan lumpat tẻh. “Heuh..a…a…a..a…a..aya…hah..ha..” Mang Ajo bẻakeun napas kaciri ambeukana rẻnghap ranjuk.

 

“juh bẻrẻ ci hẻrang juh!” titah pa Rt ka Juhro. Juhro nyicikeun ciasak hẻrang tina tẻko kana gelas tuluy di asongkeun ka mang Ajo. Mang ajo ngaleklek nginum malah bẻak tepi ka tilu gelas sagala rupa.

 

“Kumaha Mang geus bisa nyarita?” ceuk Pa Rt deui.”

“Haduh tẻ ay ay aya jurig tẻ.”

“baruk aya jurig, jurig naon mang, dimana jurigna?”

“Kieu caritana mah tẻ..” derekdek baẻ mang Ajo nyaritakeun naon naon nu kaharandapan ku dirina ogẻ Samin jeung dasẻp.”Tah kitu Tẻ kajadianna tẻh.”

 

“Beu naha nya lembur urang jadi aya jurig sagala rupa, da biasana mah aman – aman baẻ. hayu urang kaditu mang, karunya atuh si samin jeung Dasẻp bisi kuma onam.” Ceuk Pa Rt hariwangeun ka Samin jeung dasẻp.

 

“Mangga tẻ tapi Rt di payun abdi di pengker baẻ.” Ceuk mang Ajo, kawanina timbul deui ari di barengan ku pa Rt mah. - Hanca

Dongeng MP3/MP4 klki di handap



Kamis, 18 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih Bagian 9

 

#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian ka 9

Karangan Ki Dagar




 Urang tunda heula ngeunaan kahirupan Nyi Sukẻsih pikeun sawatara waktu. Ayeuna urang nyaritakeun di hiji karajaan siluman jurig hulu nu aya di punclut gunung Guntur. Ẻta karajaan siluman tẻh dirajaan ku hiji raja anu katelahna Prabu Denta Wisẻsa.

 

Prabu Denta Wisẻsa nuju calik dina korsi gilang kancana. Di hareupeunnana aya saurang hulu balang  geus aki – aki anu keur meneko sila nunggu parẻntah raja. “Huahahahahahhaha...Hulu balang juru harẻwos Ki Gulutuk cengir, Kaula ngahaja ngangkir anjeun kadieu, kusabab aya hiji hal anu kacida pentingna anu kudu di sawalakeun jeung anjeun salaku juru harẻwos karajaan.”

 

Cedok Ki Gulutuk Cengir nyembah tilu kali saacan cumarita. “Sumuhun dawuh kanjeng prabu, mangga dugikeun baẻ, bilih kanjeng prabu aya kapalay, bilih palay nambih selir, atanapi palay jahẻ mangga abdi siap ngalaksanakeun sadaya parẻntah ti kanjeng prabu.”

 

“Huahahahhahahhaha.....Lain , lain, lain hayang nu kitu kaula mah, da geus boga saratus selir. Kaula mah keur susah keur boga kabingung Paman Hulu balang. “

“Gaduh kabingung? Bingung kunaon pangersa? Mangga dugikeun baẻ ?”

“Ki Gulutuk, Kabingung kaula tẻh kusabab ti taun kataun anu muja, atawa muhit ka bangsa urang tẻh beuki dieu beuki ngurangan, malah mah geus dua taun teu aya saurang gẻ bangsa manusa anu datang ka gunung Guntur pikeun mẻnta pitulung ti bangsa urang.”

 

“Apan biasana mah mani merul nu datang tẻh, euh rupa – rupa kahayangna aya nu hayang naẻk pangkat. Aya nu hayang meunang jodo, aya nu hayang jadi bupati, tapi lolobana mah nu hayang beunghar bari teu capẻ.”

 

“Tapi ayeuna mani rẻhẻ, teu aya nu sẻba hiji – hiji acan, lamun kaya kieu carana, bisa – bisa karajaan urang tẻh bakal bangkrut paman hulu balang.”

 

“Eu eu eu, perkawis ẻta anu janten kabingung kanjeng Prabu tẻh. Memang saparantosna Aki Sakri maot tilu taun kalangkung, dugi ka ayeuna teu acan aya gentosna kuncen pamujaan urang tẻh kanjeng prabu.”

 

“Janten teu acan aya juru iklan ogẻ juru panyambung urang sareng bangsa manusa. Margi aki Sakri mah teu gaduh turunan, teu gaduh putra, janten teu tiasa nurunkeun atanapi ngawariskeun tugasna salaku juru kunci atanapi kuncẻn, kitu sayaktosna mah kanjeng Prabu.”

 

“Heu heu heu, ẻta atuh da Aki Sakri mah makẻ gering rorombẻheun sagala jadi wẻ maot. Jadi nyusahkeun urang kabẻhan.”

“Sanẻs kaulanun sanẻs ku rorombẻheun maotna aki Sakri mah, mẻmang ẻta ogẻ tos lami anjeunna kaserang rorombẻheun sareng hapuran. Tapi maotna mah ku alatan kaserang  aids.” Ceuk Ki Gulutuk cengir bari pepeta.

 

“Kadaharan naon ari aids tẻh paman hulu balang? Naha kawas misro atawa siga comro, naha amis atawa gurih?”

“Sanẻs sanẻs kadaharan aids mah kanjeng prabu. Aids mah panyawat kelamin sapertos raja singa, mung langkung ganas aids mah sareng teu aya obatna kanjeng prabu.”

 

“Kutan panyakit kelamin, apanan si aki Sakri mah teu boga pamajikan, jeung tara jajan apem paman hulu balang. Naha bisa kaserang ku panyakit samodẻl kitu?”

“Sumuhun teu gaduh istri ogẻ tara jajan apem. Tapi tiap randa atawa awẻwẻ anu rada bahẻnol anu namu ka aki Sakri sok di opi ẻta tẻh ku aki sakri kanjeng prabu, sok di paksa ulin gatrik, ceunah mah ẻta tẻh syarat pikeun ngahontal cita citana.”

 

“Waduuuh kutaaan kitu si aki Sakri tẻh, pantesan atuh ari kitu mah. Kumaha atuh seterusna paman hulu balang? Naha aya cara pikeun ngaronjatkeun deui subcriber atawa follower karajaan urang tẻh. Apan bangsa urang mah kudu saloba lobana nyiar balad pikeun bawaeun kanaraka. Terusna apanan butuh budak, butuh pagawẻ kasar ti bangsa manusa anu muhit ka urang, sanggeus ẻta manusa maot apan balikna ka dieu. Tuh di pawon gẻ aya nu jadi tukang nyangu, aya nu purah ngeureutan daging jeung sajabana – jeung sajabana.”

 

Ki Gulutuk cengir ngahulung sakedapan, Ki Gulutuk cengir muter uteukna, nyiar akal pikeun nedunan pamẻnta prabu Denta Wisẻsa.

Teu lila cedok Ki Gulutuk cengir nyembah tuluy pok nyarita “Abdi badẻ narẻkah kanjeng prabu, abdi badẻ turun ka pilemburan di sabudeureun wewengkon gunung guntur kanggẻ milarian bangsa manusa anu nuju gaduh karerepet, anu seueur kabingung, ogẻ anu nuju susah seueur masalah.”

 

“Kin ku abdi badẻ di goda supados biluk ka urang, supados janten follower karajaan jurig hulu hẻhẻhẻ.”

 

“Hadẻ - hadẻ pisan ari paman hulu balang daẻk turun gunung deui mah. Sok geura laksanakeun, Sing hasil pamaksudan huahahahahha.” Prabu Denta Wisẻsa ngagakfak seuri. Bungah kusabab geus aya bongbolongan pikeun ngubaran kabingungna.

 

“Unjuk sumangga kaulanun, Ki Gulutuk cengir amit mundur badẻ mancẻn tugas.” Cedok ki gulutuk cengir nyembah tuluy ngised mundur lalaunan, Sanggeus deukeut kana lawang karaton manẻhna hudang tuluy leumpang kaluar ti karaton.

 

Ki Gulutuk cengir leumpang nuju ka alun alun karajaan. Geus tepi ka alun – alun manẻhna kunyam kunyem mapatkeun ajianna. Gelebug angin gedẻ datang nyẻor ka arah Ki gulutuk cengir. Ki Gulutuk cengir ngagayuh angin, manẻhna hiber tumpak angin.

 

Ki gulutuk cengir kumalayang di gegana wiyati, sakedeng ngapungna ngabelesat ka luhur sakeudeung nyirorot turun ngadeukeutan ka pilemburan manusa.

 

Kocapkeun di lembur Citiis. Peuting mani jempling, ukur kadẻngẻ sora cihcir jeung bebencẻ. Ti hiji gardu ronda kadẻngẻ kohkol di takol sakali tandaning wanci geus liwat ti tengah peuting. Di gardu aya limaan anu keur ngaronda.

 

Nu kabagian Ronda harita tẻh nyaẻta Juhro, Samin, Dasep, Mang Ajo, jeung Pa Rt. Biasa maranẻhna kabagian ronda tẻh matuh malam juma’ah. “Mani sarepi kieu euy, caba tiris deui, coba kadieukeun termos tẻh urang ninyuh cikopi Min!” Ceuk mang Ajo ka Samin, anu kabeneran diukna di pojok deukeut kana termos.

 

Ceg Samin kana termos terus di asongkeun ka mang Ajo. “Sakalian tinyuhkeun hiji keur kuring mang!” ceuk pa Rt tayohna mah kabita hayang ngopi. “Hẻhẻ kuring gẻ hiji mang!” Juhro pipilueun. “Ninyuh wẻ sorangan Juh, mani hayang di tiyuhkeun sagala.” Mang Ajo mureleng.

 

“Pan ceuk Pa Ustad gẻ mun nyieun amal ulah kagok terus bari kudu jeung iklas mang hẻhẻ.” Tẻmbal Juhro.  Mang ajo ẻlẻh dẻẻt manẻhna ninyuh cikopi tilu gelas tuluy song di asongkeun ka Pa Rt sarta Juhro.

 

Samggeus bẻrẻs ngaropi, “Geura nguriling atuh sawarẻh geus liwat tengah peuting yeuh!” ceuk Rt bari ngabagi teuteup ka Juhro jeung Mang Ajo. “Siap Pa Rt laksanakan. Hayu Juh urang nguriling!” ceuk mang Ajo ngajak Juhro.

 

“Uing mah rada muriang ieu tẻh, uing mah maturan pa Rt wẻ ah jaga gardu, ajak si Samin wẻ jeung Dasẻp mang!” tẻmbal Juhro bari ngaharumkeun sarungna ka sirahna. “Ah dasar pamalesan, hayu min, Sẻp, bawa kohkolna tuh!”

 

Dasẻp jeung Samin ngaruniang hudang, gap kana kohkol hiji sẻwang terus ngiclik nuturkeun Mang Ajo nu leumpang tiheula. “Nguriling kamana urang tẻh mang?” Tanya Samin “Urang ka kalẻr wẻ terus muter ka wẻtan.” Jawab mang Ajo bari tonggoy leumpang sẻnterna di corotkeun ka ditu kadieu mariksa kaayaan.

 

Dina kaayaan kitu Dasẻp nu leumpang pangtukangna ngabetot sarung Samin. “Aya naon Sẻp?” Samin ngarandeg tuluy malik ka tukang. “Aa .. aa.. aaya nu... nu...nu...nga...nga..ngayabag  ti luhur ka palebah ke ke kebon mang Komar.” Jawab Dasẻp nyaritana memang rada hẻsẻ bawaan ti budak.

 

“Belah mana sẻp?” Mang Ajo milu nanya “Be..be..lah dit..ditu mang!” Jawab Dasẻp curukna ngacir ka umplukan tangkal kalapa nu aya di kebona mang Komar. “Hayu urang pariksa, saha nu nyaho bangsat atawa jalma jahat.” Ceuk Mang Ajo bari nyorotkeun senterna ka arah kebon. Tapi cahaya senter tẻh teu nepi da kebon Mang Ajo rada jauh jarakna.

 

“Ih kumaha mun jurig mang, tadi ceuk Dasẻp ti luhur ceunah datangna, maenya bangsat datang ti luhur?” Samin rada ngarego da puguh manẻhna mah borangan. “Min, apanan urang tẻh keur tugas ronda, naon hal anu sakirana nyurigakeun urang wajib mariksa, hayu tuturkeun amang!” Ceuk mang Ajo terus miheulaan leumpang.

 

Samin jeung dasẻp teu bisa majar kumaha, maranẻhna antukna ngiclik nuturkeun mang Ajo. Srog nu tiluan tepi ka sisi kebon Mang Komar. Ngadadak angin nyeor tarik teu pupuguh, cungungung sora anjing babaung mani ramẻ patẻmbalan. - Hanca


Dongeng MP3/MP4 klik di handap





Senin, 15 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih bagian 8

 

#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian ka 8

Karangan Ki Dagar



Dina sawangan mah hirup nyi Sukẻsih tẻh bakal ngahenang ngahening, bakal pinuh ku kabagjaan sabab meunangkeun salaki turunan mẻnak bari kolotna beurat beunghar. Tapi jalan nasib kahirupan mah teu kitu. Kadang kanyataan tẻh pajauh jeung nu di sawang.

 

Cara kanyataan hirup Nyi Sukẻsih ayeuna. Sanggeus jadi bojona Dẻn Sarja sarta cicing di imah kolotna Dẻn Sarja nyaẻta Juragan Mukri sarta ambu Sumi. Lain kasenangan anu kaalaman kawas dina sawangan.

 

Tapi katunggaraan lahir jeung batin nu karandapan ku Nyi Sukẻsih. Naon sababna? Kusabab sifat Dẻn sarta anu resep Ulin ka awẻwẻ lian. Hobbi serong boh ka randa atawa parawan. Geus sababaraha kali katohyan ku Nyi Sukẻsih Dẻn Sarja tẻh boga awẻwẻ simpenan di lembur sẻjẻn.

 

Salian ti ẻta, ambu Sumi nyaẻta indungna Dẻn Sarja tẻh cẻrẻwẻdna liwat saking, Resepna tititah bari tutunjuk. Nitah nu hiji can bẻrẻs geus nitah migawẻ pagawẻan sẻjẻn. Komo ningali minantuna nyaẻta Nyi Sukẻsih anu gorẻng gawẻ mah sok remen pisan maido bari nyarẻkan laklak dasar.

 

Hiji mangsa ambu Sumi, Bah Mukri sarta Dẻn Sarja keur ngariung di patengahan imah. Nu di obrolkeun taya lian iwal ti Nyi Sukẻsih. “Teu kabeneran Arja mah boga pamajikan tẻh. Nya jalma teu boga tapi kalakuanna siga menak, bisana ukur ngageulis, di titah ngumbah piring kalotor kẻnẻh, di titah nyangu gigih waẻ, mani teu bisa pisan mantuan ka ambu.” Ceuk ambu Sumi bari biwirna rada manyun.

 

“Kin gẻ panginten lami – lami mah tiasa ambu.” Jawab Sarja tuluy ngarongkong gelas citẻh manis anu nyanding dina mẻja hareupeunnana. “Rẻk tepi iraha apanan geus rẻk tujuh bulan rumah tangga tẻh, tapi can katingali parubahannana. Angger wẻ barang gawẻna sarua jeung mimiti kadieu.”

 

“Ku ambu atuh diajaran, pan urang gẻ salaku mitoha boga kawajiban ngadidik jeung mẻrẻ nyaho.” Bah Mukri milu nyarita. “Nya puguh Bah tiap poẻ ogẻ di bẻjaan, di ajaran. Lain jadi bisa, nu ngabejaan kalahkah taak, da taya parubahan pisan atuh bah.”

 

“Jeung deuih iyeuh, geus rẻk tujuh bulan can kẻnẻh aya tanda – tanda Nyi Sukẻsih bakal ngandeg. Pan ambu tẻh geus hayang geura nimang incu, matak nyatujuan hidep kawin ogẻ Arja.” Ceuk ambu mutia deui bari pepeta, dua leungeunna di ẻyong - ẻyong kawas keur nimang orok.

 

“Nanaon gẻ kudu sabar ambu, da sarua ari masalah hayang boga incu mah, komo urang mah anak tẻh ngan ukur hiji. Lamun Arja keur iinditan tẻh imah mani karasa sepi. Aya gẻ nu maturan si ẻwok da puguh sibuk ngurusan ingon – ingon” ceuk bah sarja mairan.

 

“Teras kahoyong ambu tẻh saleresna kumaha?” Sarja malik nanya ka indungna. “Yeuh kasẻp dangukeun nya. Ambu mah kahayang tẻh hidep ganti pamajikan. Si Sukẻsih mah geus teu ka irong, teu ka peunteun ku ambu mah.”

 

“Nya gorẻng gawẻ, nya kurang tata krama, nya hẻsẻ reuneuh, pagawẻanna ukur ngageulis, purah mẻakeun duit  kahobina barang beuli baju anu mahal, lipstikna gẻ nya lipena anu hargana mahal ẻta tẻh. Pokona mah euweuh araheunana boga minantu modẻl si Sukẻsih mah!” ceuk ambu Sumi, nyebukna gẻ mani si ka Nyi Sukẻsih tẻh.

 

“Ambu istigfar eum! Ulah kamana waẻ ari nyarita!” bah Mukri ngagebẻs pamajikanna. Ambu Sumi mah mẻmang geus pangadat nya cẻrẻwẻd nya garihal, mun nyarita sangeunahna tara sok diragap heula. Tapi ari bah mukrina mah jalmana bageur sarta bijaksana ngan baẻ ẻlẻh ku pamajikan.

 

“kamana baẻ kumaha ari abahna, da ambu mah nyarita gẻ kanyataan. Da sabenerna atuh Si Sukẻsih mah saperti kitu. Geus Arja, ngalaman da eunggeus kawin jeung si Sukẻsih tẻh. Ayeuna mah geura serahkeun, anteurkeun kaitu ka indungna.”

 

Sarja ngahuleng ngadẻngẻ pamẻnta ambu Sumi tẻh. Aya atoh aya bingung dina hatẻ Sarja. Atohna mẻmang sabenerna mah manẻhna tẻh geus teu bogoh ka Nyi Sukẻsih. Da kawina gẻ ka Nyi Sukẻsih tẻh lain didasaran ku kanyaah anu murni ti rasa cinta.

 

Tapi kajurung ku nafsu sarta gẻngsi embung ẻlẻh saing ku Hẻndi. Ari bingungna. Manẻhna bingung kudu nyieun alesan naon ka Nyi Sukẻsih sarta kolotna, maenya kudu ujug – ujug nyerahkeun tanpa alesan anu mernah.

 

“Tong di dẻngẻ kahayang si ambu mah Arja, baheula gẻ sarua indung hidep tẻh teu bisa nyangu – nyangu acan.” Ceuk Bah Mukri bari neuteup ka anakna.

 

“Euleuh euleuh ẻta si abah mani nyaruakeun ambu jeung  Si Sukẻsih. Ambu mah baheula teu bisa nyangu gẻ wajar sabab ambu mah anak mẻnak, loba pembantu di imah, aya nu purah nyangu, teu cara si Sukẻsih, apanan jalma teu gableg tapi nyangu gẻ mani teu bisa. Terusna apan ambu mah pinter gatrik, buktina ẻta borojol si Arja anu sakitu kasẻpna.”

 

“Enya tapi ulah kitu – kitu teuing atuh ambu, kumaha engkẻ ceuk batur, ceuk tatangga lamun seug kakarak gẻ rumah tangga tujuh bulat anak urang geus jadi duda.”

 

“Geus abah mah ulah milu ngomong, nanaona tanggung jawab ambu, makẻ mikiran tatangga sagala. Anak urang mah lalaki jadi duda gẻ bisa nyiar deui nu leuwih, Cicing abah mah, kẻ moal di ajak gatrik geura kakarak karasa.” Ceuk ambu Sumi nyaritana norolang kawas kacang ninggang kajang. Geus di sentak kitu mah Bah Mukri ngabetem teu wanieun nẻmbal deui.

 

“Sok kumaha kaputusan hidep Arja?” tanya ambu Sumi deui. “Nya teu langkung ambu baẻ, tapi kedah alesan naon Arja ka Nyi Sukẻsih sareng sepuhna da meureun ari tanpa alesan mah teu mernah ambu.

 

“Geus puguh teu kapakẻ kituh, Pan tadi geus di tataan ku ambu, Na makẻ nanya kumaha sagala ari hidep. Lain salah hidep ieuh tapi salahna sorangan teu bisa ngaulaan salaki, teu bisa nyenangkeun nu jadi mitoha.”

 

Dina kaayaan keur gunem cateur kitu, Nyi Sukẻsih ngaliwat ka tengah imah, panonna carindul bari baraseuh kẻnẻh ku cimata. Leungeun katuhuna ngajingjing gẻmbolan baju. Sihorẻng mah tatadi gẻ Nyi Sukẻsih tẻh ngadẻdẻngẻkeun nu keur ngarobrol di tengah imah.

 

Jelas pisan kadẻngẻ ku Nyi Sukẻsih yẻn ambu Sumi tẻh nitah Dẻn Sarja pikeun nyerẻikeun dirina. Cipanonna bedah sawaktu Dẻn sarja nyaluyuan kana kahayang indungna. Nyeri hatẻ ku hiji ku dua, nya antukna mah Nyi Sukẻsih nyokot kaputusan manẻhna rẻk balik ka Imah kolotna nu aya di lembur Citiis.

 

Sanggeus beberengkes Nyi Sukẻsih kaluar  ti kamerna bari ngajingjing buntelan pakẻanna. “Nyai, nyai tẻh rẻk kamana makẻ mawa buntelan sagala?” tanya Sarja bari jung nangtung nyampeurkeun pamajikanna.

 

“Tos kang teu kedah pura – pura. Abdi ogẻ ngadangu sadaya sasauran akang sareng ambu. Teu kedah dipiwarang gẻ abdi mah badẻ uih ka Citiis.” Teu nungguan jawaban deui Nyi Sukẻsih ngalẻos turun ti imah indit bari mawa hatẻ anu gudawang.

 

“Ulah di antep atuh sarja, kaitu susul bisi kuma onam, kumaha mun nẻkad ngagejeburkeun manẻh ka leuwi pan urang – urang kẻnẻh nu barabẻ!” Bah Mukri nu nyarita ngingetan ka Dẻn Sarja. “Muhun bah.”Tẻmbal Sarja terus ngalẻos ka tukang imah maksudna mah rẻk nitah mang ẻwok maturan  pikeun nyusul Nyi Sukẻsih.

 

Singketna carita Nyi Sukẻsih najan di paksa balik deui gẻ ka Cihẻrang tetep mugen. Nya ahirna mah Nyi Sukẻsih jeung Sarja resmi pepegatan. Nyi Sukẻsih resmi rarandaan.   Tapi saprak pepegatan jeung Dẻn Sarja Nyi Sukẻsih tẻh jadi loba ngalamun.

 

Nu di lamunkeun tẻh taya lian iwal ti peunggasna cita – cita jadi jalma beunghar. Nyi Sukẻsih anu tadina bahẻnol bari geulis tẻh, kiwari awakna jadi kuru. Beungeutna kanyos bari pias. Katempona leuwih kolot ti umurna anu kakarak salikur taun.


Dongeng MP3/MP4 klik di handap



Sabtu, 13 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih Bagian 7

 

#Hulu Iblis Nyi Sukesih

Bagian ka 7

Karangan Ki Dagar




Ti saprak harita, hubungan Hẻndi jeung Nyi Sukẻsih beuki raket. Tiap malam minggu Hẻndi nu di baturan ku si Odoy nganjang ka imah Nyi Sukẻsih. Ma Yayah gẻ sigana satujueun ka Hẻndi mah, sabab salian ti kasẻp tẻh Hẻndi mah boga sopan santun tata krama anu hadẻ.

 

Tapi hiji waktu sikep Nyi Sukẻsih rubah pisan teu kawas tisasari. Unggal Hẻndi datang tara daẻk nyangharaeupan.  Sakalina daẻk nemonan tapi budina haseum. Cara peuting harita Hẻndi diuk pahareup – hareup jeung Nyi Sukẻsih, tapi Nyi Sukẻsih cicing baẻ teu lẻmẻk teu nyarẻk ka Hẻndi. Jajauheun katingali aya rasa sono tina sikepna.

 

Hẻndi anu geus lila panasaran kana parubahan sikep Nyi Sukẻsih pok nyarita “Punten Nyai Akang tẻh badẻ naros ka Nyai, raraosan mah akang tẻh teu gaduh lepat ka Nyai tẻh, tapi tos sasabaraha minggon akang ameng ka dieu, sikep panarimaan Nyai asa bẻnten pisan ti biasana. Aya naon saleresna Nyai?”

 

“Abdi ogẻ badẻ tumaros ka akang tẻh, dupi akang tẻh saleresna menak atanapi sanẻs? Teras naha leres sepuh akang tẻh patani biasa? Mangga di waler kang!” Nyi Sukẻsih ngajawab pananya Hẻndi ku panaya deui.

 

Hẻndi rada ngahuleng di tanya kitu ku Nyi Sukẻsih tẻh, tapi  ahirna pok ngajawab “Akang mah jalmi biasa, sanẻs mẻnak atanapi jalmi turunan mẻnak. Sepuh akang ogẻ leres patani biasa sapertos ilaharna warga Cimangantẻn anu seuseueurna kasab kana tani. Ẻmangna kunaon kitu Nyai?”

 

“Teu kunaon naon kang. Tos ti semet wengi ayeuna kapayun hubungan urang tẻh cekap dugi ka dieu. Abdi parantos nampi lamaran tinu sanẻs kang. Sasih payun abdi badẻ nikah.”

 

Caritaan Nyi Sukẻsih kawas gelap tengah poẻ ẻrẻng - ẻrẻngan katampana ku Hẻndi. Teu gugur teu angin Nyi Sukẻsih megatkeun hubungan cintana sacara sapihak. Hatẻ asa di wewejẻt batin peurih asa di gerihan ku hinis. Hẻndi ngahuleng, parasaan hatẻna campur aduk sedih, ambek, bingung pagalo ngajadi hiji.

 

“Tapi naon sababna Nyai, Naha Nyai bet tẻga ka akang?”

“Tos Kang teu kedah di terangkeun sababna, anu jelas mah urang tẻh sanẻs jodo.”

“Sumuhun tapi pan..”
“Entos kang, akang sing jembar manah, di du’akeun ku abdi mugia akang ẻnggal gaduh jodo anu langkung ti abdi.”

 

Hẻndi cengkat tina diukna terus ngalẻngkah kaluar , Hẻndi geus teu kuat nahan parasaan, sabab geuning Nyi Sukẻsih tẻh keukeuh kana kaputusaannana, kawas nu geus teu boga rasa deui ka dirina. Daripada tetep didinya bari ngeukeuhan anu embung leuwih hadẻ balik kitu pikirna hẻndi.

 

“Jang Rẻk kamana Jang? Tungguan akang jang hẻhẻhẻ.” Si Odoy anu keur nyarandẻ dina tangkal buah hẻraneun nempo Hẻndi leumpang ngagidig bari teu nolih kamanẻhna. “Kunaon Jang aya naon? Naha mani bangkenu kitu, mani ceudeum hẻhẻhẻ?” Tanya Si Odoy sanggeus manẻhna bisa nyusul Hẻndi.

 

Hẻndi teu ngajawab, leumpangna tambah ngagidig teu ngarẻrẻt – ngarẻrẻt acan ka Si Odoy. “Ih ari ujang di tanya kalahkah baeud kitu, kawasna teu di bẻrẻ nyium nya kunu geulis hẻhẻh..” Si Odoy terus nyehcer Hẻndi ku pananya sabab panasaran na kunaon atuh Hẻndi sikepna tepi ka kitu.

 

Hẻndi angger teu ngajawab manẻhna kalahkah berengbeng baẻ lumpat kawas nu hayang buru – buru jauh ti lembur Citiis. “Ituh geura kalahkah ngajak marathon peuting – peuting, heuh aya aya waẻ, kunaon atuh si sujang tẻh, kasambet kitu, ah paling gẻ kasambet ku jurig cinta, jang tungguan akang jang hẻhẻhẻ!” Ceuk Si Odoy ngocoblak sorangan. Tapi antukna mah ngaberengbeng lumpat ngudag Hẻndi anu geus rada jauh.

 

Srog si Odoy tepi ka wates lembur Citiis, Napasna senẻn kemis bajuna juuh ku kẻsang. Katempo ku Si Odoy Hẻndi keur diuk dina batu sisi jalan. Sigana mah sarua geus capẻ balas lumpat.  Gẻk si Odoy diuk gigireun hẻndi, saacan nyarita manẻhna mukan heula kancing bajuna tuluy ngalaan iketna dipakẻ ngageberan dadana nu baseuh ku kẻsang.

 

“Ulah heuh.. u,, ulah ki... kitu jang. Mun aya masalah mending gẻ disawalakeun jeung kang, ari di ajak balap lumpat kieu mah haduh ripuh akang. Sok Jang mending gẻ terus terang aya naon mẻh akang gẻ teu bingung  hẻhẻhẻ.” Ceuk si Odoy nyaritana bari haruhah harehoh.

 

Sajonjonan mah Hẻndi ukur ngahuleng, tapi lila – lila pon nyarita “Nyi Sukẻsih Kang..” Nyaritana teu kebat sabab aya nu nyelek dina tikorona. “Nyi Sukẻsih na kunaon Nyi Sukẻsih Jang? Hẻhẻhẻ” Si Odoy kerung pinuh ku kahẻran.

 

“Nyi Sukẻsih megatkeun hubungan Kang, Nyaritana mah bulan hareup rẻk kawin ceunah jeung nu sẻjẻn.” Kituna tẻh Hẻndi semu ngalimba. Si Odoy ngahuleng sakeudeung terus pok nyarita deui. “Ah heureuy meureun Jang kẻ atuh ku akang di bẻbẻrẻs Ujang tungguan hwula wẻ di dieu hẻhẻhẻ.”

 

Si Odoy nguniang hudang maksudna mah rẻk balik deui ka imahna Nyi Sukẻsih, tapi taktakna di tahan ku leungeun Hẻndi. “Geus kang lah teu kudu dipaksa, tadi gẻ kuring geus nanya sababaraha kali, tapi Nyi Sukẻsih tetep kana kaputusannana. Nya sigana mah geus teu bogoheun deui ka kuring Kang.”

 

“Kumaha atuh saterusna Jang hẻhẻhẻ.”

“Ah nya urang mulang wẻ kang.”

“Nya hayu atuh ari kitu mah. Sing sabar wẻ Jang ẻtang - ẻtang pangalaman. Kẻun wẻ da loba kẻnẻh awẻwẻ mah. Kẻ malam minggu hareup mah urang nganjang ka Nyi Onah nya Jang.”

“Nganjang keur saha?”

“Nya keur Ujang atuh hẻhẻhẻ.”

“Embung kang ah, maenya urut kabogoh akang rẻk di bikeun ka kuring hẻhẻhẻ.”

“Keun baẻ atuh jang pan jeung baraya mah kusu saling asaan, sanajan tilas gẻ raos jang hẻhẻhẻ.”

Si Odoy jeung Hẻndi sareuri bareng geus kitu mah duanana nangtung tuluy laleumpang deui mapay jalan nu nuju ka lembur Cimangantẻn.

 

Naon sabenerna anu kajadian, anu jadi kasang tukang rubahna sikep Nyi Sukẻsih ka Jang Hẻndi?

Sihorẻng mah ieu tẻh ku alatan Dẻn Sarja anu neuteuli ka Hẻndi. Ti saprak ẻlẻh jajatẻn ku Hẻndi. Dẻn Sarja nyiar akal kumaha carana supaya Nyi Sukẻsih kapimilik ku manẻhna.

 

Tiap ulin ka Nyi Sukẻsih Nyi Sukẻsih tẻh sok ngagulkeun baẻ Hẻndi malah nyebutna gẻ hareupeun Dẻn Sarja mah Dẻn Hẻndi ka hẻndi tẻh. Malah nataan hartana sagala ceunah mah sawahna lega pisan, kebona rarakitan jeung sajabana sajabana.

 

Tah hal ieu anu jadi kapanasaran Dẻn Sarja tẻh, sabab sakanyaho manẻhna mah di lembur Cimangantẻn mah teu aya mẻnak, ukur haji Imron anu sawahna lega mah. Manẻhna apal sabab kolotna nu sok meulian gabah ti haji Imron. Kadang mah manẻhna jeung Mang Ẻwok nu indit ka Cimangantẻn nepungan haji Imron.

 

Didorong ku hal ẻta antukna Dẻn Sarja ngutus Mang Ẻwok pikeun naluntik kaayaan Hẻndi nu sabenerna. Sanggeus apal kaayaan Hendi nu sabenerna nya Dẻn Sarja jeung mang Ẻwok bẻbẻja ka Nyi Sukẻsih.

 

Nyi Sukẻsih kuciwa pisan sabab ngarasa di bohongan ku Hẻndi jeung Si Odoy. Sanggeus ngadẻngẻ langsung ti Hẻndi anu ngaku yẻn dirina lain mẻnak ogẻ kolotna tẻh patani biasa, Nya antukna Nyi Sukẻsih mutuskeun hubungan jeung Hẻndi. Sabab manẻhna ngarasa hareupanna pikeun hirup senang jadi jalma beunghar pasti moal kasorang lamun seug neruskeun hubungan jeung Hẻndi.

 

Sabulan ti kajadian putusna hubungan Hẻndi jeung Nyi Sukẻsih. Bener baẻ Nyi Sukẻsih tẻh jadi kawin. Nya kawina tẻh ka Dẻn Sarja. Hajat rongkah di laksanakeun di imahna juragan Mukri jeung ambu Sumi kolotna Dẻn Sarja.

 

Sabab rẻk hajat di imahna Ma yayah mah da puguh warurat kaayaanana, ogẻ biayana di tanggung sakabẻhna ku pihak lalaki. Tilu poẻ tilu peuting hajat tẻh, nanggap calung, jaipong, panungtungna mah nanggap wayang golẻk.

 

Nyi Sukẻsih katingali bungah pisan. Cita – citana boga salaki ka mẻnak sarta jalma jegud kalaksana poẻ harita. Sakitu heula nu kapihatur pamiarsa. Akina badẻ uleman heula ka Nyi Sukẻsih, itu satẻ sareng lauk emas tos gugupay hẻhẻhẻ


Dongeng MP3/MP4



Minggu, 07 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih Bagian 6

 #Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian ka 6

Karangan Ki Dagar




 

“Bangsaat aing can rumaha ẻlẻh siah, rasakeun yeuh hiaaat!” Mang Ẻwok ganjang nguniang hudang tuluy nyebrut deui narajang ka si Odoy. Peureup Mang Ẻwong ngadius bangbaraan lempeng ngarah dada nu jadi lawanna.

 

Tapi si Odoy ukur nyẻrẻngẻh. Dina gerakan anu kilat manẻhna ngajorẻlat ka luhureun mang Ẻwok bari metakeun jurus lalay nyamber buah. Suku katuhuna ngaheumbat rẻk ngajejek kana punduk mang Ẻwok anu keur nyuruntul sahandapeun dirina.

 

Tapi Mang Ẻwok gẻ lain jalma lẻlẻwodẻh manẻhna geus loba pangalaman dina hal patelak. Ngarasa pundukna di ancam angin panarajang musuh sakilat mang Ẻwok malikeun awakna katukang bari nẻwak suku katuhuna Si Odoy.

 

Guriwel pigeulang suku si Odoy karawẻl ku Mang Ẻwok terus sakaligus di centok ka handap. Atuh puguh wẻ badan Si Odoy leungiteun kasaimbangan sabab keur ngalayang di saluhureun mang Ẻwok. Kolẻab gedebut awak si Odoy tibanting kana lemah.

 

“Hahahahaha tah di bayar kontan deuleu hiji – hiji, yeuh tarima bungana! Hiaaaat!” mang Ẻwok ngirimkeun panajongna ngarah kana beuteung Si Odoy anu keur muringis nahan kanyeri. Si Odoy ngarampa batu tuluy dicekel sakuatna. Pas suku Mang Ẻwok nyampeuk di papag batu ku si Odoy.

 

Hiuk jetruk Batu diadu teuas jeung mumuncangan mang Ẻwok “Huaduuuh!” Mang Ẻwok ngagero bakat teu kuat nahan kanyeri. Mang Ẻwok mundur bari ẻngkẻ - ẻngkẻan. Ningali aya kasempetan Si Odoy gancang hudang, blewer batu tẻh di balẻdogkeun kan tarangna Mang Ẻwok.

 

Pletak! Batu sagede peuruep tẻh nyamber tarangna mang Ẻwok anu keur balangah. “Tooobaat!” Mang Ẻwok ngagoak deui dina tarangna aya benjol sagedẻ endog soang. “Bangsat siah licik deuleu maẻn tẻnggor sagala!” Mang Ẻwok utuk geneng bari pakupis ngusapan tarang bari niupan mumuncangan.

 

“Hẻhẻhẻ tilu hiji mang hẻhẻhẻ ari gelut mah papinter – pinter kumaha wẻ carana mah hẻhẻhẻhẻ!” Si Odoy nembal bari ngajigrah, mamanas hatẻ musuhna. Atuh puguh wẻ mang Odoy tambah kapancing amarahna. Lamun seug beurang mah katempo beungeutna tambah burahay beureum huntuna kekerot nahan amarahna.

 

“Jadi siah di podaran ku aing!” Ceuk mang Ẻwok bari sẻrẻpẻt baẻ mesat bedog anu ngagaplek tina cangkẻngna. Kamamana tara lepas ti bedog Mang Ẻwok mah sabab tugasna jadi badẻga Dẻn Sarja “Ti tatadi gẻ lain rẻk maẻhan, sok atuh ulah ukur huntu, buktikeun mang hẻhẻhẻ!” Tẻmbal si Odoy bari cungar – cengir.

 

Mang Ẻwok ngajorẻlat  nyampeuk kahareupeun Si Odoy, bedogna ngolẻbat rẻk nigas beuheung Si Odoy. Tapi Si Odoy anu geus sayaga gancang ngalelepkeun sirahna ngagunakeun gerakan sẻro nyusup. Hiuk ploos! Bedog Mang Ẻwok ngahakan angin.

 

Si Odoy gancang ngirimkeun panimpugna peureupna ngabelesur ngarah kana iga burung Mang Ẻwok dina jurus ajul gedang.  Tapi mang Ẻwok sakali ieu mah rancingeus, Leungeun kẻnca di pakẻ nakis serangan si Odoy. Hiuk hiuk des! Dua pigeulang leungeun di adu. Si Odoy mundur sababaraha lẻngkah bari muringis ngusapan pigeulangna anu karasa nyanyautan.

 

Geus bisa kajudi yẻn adu kakuatan mah si Odoy tẻh pasti ẻlẻh. Sabab karasana ku si Odoy diadu pigeulang jeung Mang Ẻwok tẻh sarua jeung ngabentur patok beusi, teuas karasana. Mang ẻwok ayeuna mah nu nyẻrẻngẻh nempo si Odoy mundur tẻh manẻhna ngarasa di atas angin.

 

“Paragat nyawa sia ciaaat!” Mang Ewok narajang deui, Congo bedogna nyuruntul rẻk nurih dada musuhna. Si Odoy teu cicingeun gentak manẻhna jingkrak saterusna ngawangun jurus hap – hap pindah, jorẻlat clẻ Si Odoy pindah tempat ka gigireun mang Ẻwok.

 

Hiuk ! Sikuna ngaheumbat rẻk di pakẻ ngagedor carẻham lawanna. Tapi mang ẻwok sakilat ngarubah gerakana, bari ngadoyongkeun awakna pikeun miceun serangan lawan bedogna nyewuk tihandap rẻk ngabudal badilkeun beuteung Si Odoy.

 

Taya cara sẻjẻn pikeun si Odoy nyalametkeun beuteungna tina ancaman bedog nu jadi lawanna iwal ti ngagẻrẻntẻl ngajauhan ti mang Ẻwok. “Kadieu siah kalahkah kabur!” mang Ẻwok gegeroan ningali si Odoy ngajauhan.

 

“Kẻ sabar mang, amang mah mawa pakarang pan uing mah lẻmor kẻ uing rẻk nyiar pakarang heula hẻhẻhẻ.” Tẻmbal si Odoy bari culang cileng nẻangan nu bisa di pakẻ pakarang ku manẻhna. Kop si odoy nyokot potongan awi anu ngagolẻr sisi jalan panjangna paling gẻ satengah mẻter, kawasna mah sẻsa nu nyieun tuturus pikeun pepelakan kacang panjang.

 

“Sok mah lah maju deui hẻhẻhẻh.” Ceuk Si Odoy bari ngacungkeun awi nu dicekelna. Sikep jeung gaya si Odoy bangun nganggap ẻntẻng ka Mang Ẻwok. Atuh puguh mang Ẻwok tambah ngagidir napsuna. Kakarak harita manẻhna manggih lawan anu taya kasieun jeung bangun ngahina naker ka dirina.

 

“Kurang ajar hiaaat!” Mang Ẻwok miheulaan narajang deui Bedogna datang ti gigir maksudna mah rẻk nigas cangkẻng Si Odoy. Si Odoy gancang ngagorẻntẻl ka handap awi nu cekelna ngaheumbat rẻk di pakẻ ngabajẻg cẻcẻkolan mang Ẻwok. Orokaya mang Ẻwok geus surti, manẻhna gancang ngagajleng kaluhur bari terus ngaheumbatkeun bedogna rẻk narok sirah si Odoy.

 

Si Odoy rada ngalenyap nempo gurilapna bedog musuh nu katojo ku cahaya bulan anu keur moncorong nyaangan poẻkna peuting. Tapi gerakanna teu ẻlẻh gesit ku Mang Ẻwok, gancang manẻhna muterkeun awi nu di cekelna pikeun mapag bedog lawanna.

 

Bret bret ! Awi potong jadi tilu, tapi sirah si Odoy salamet sabab arah bedog jadi ngolẻwẻng jauh tina sirahna. Sewuk suku jẻbrag mang ẻwok ngajelepung rẻk ngajejek dada si Odoy. Tapi si Odoy teu cicingeun manẻhna ngadoyongkeun awakna ka kẻnca. Ploos tajongan mang Ẻwok ngahanca tempat kosong.

 

Lol suku mang Ẻwok nyantong hareupeun si Odoy. Teu miceun kasempetan Si Odoy gancang meupeuh mumuncangan suku Mang Ẻwok ku leungeun kẻncana. Hiuk pletak!  “Huaaaduuuh!” mang Ẻwok ngajẻrẻ sabab dua kali mumuncangannana kabeunangan ku Si Odoy. Mumuncanganna biru bari bareuh karasana nyerijeung linu kacida.

 

Si Odoy nyusul tepus ku tajongan sepak kuda beger Hiiuuk jedak! Kantong menyan Mang Ẻwok di sẻpak satarikna. “Aarrrrrrr tooobrraaat!” Mang ẻwok kocẻak dengẻk sorana leslesan bakat ku nahan kanyeri, Clik bedogna murag tina panyekelna. Dua leungeuna di pakẻ nungkup kantong mẻnyanna bari adug songkol. Bẻdog di pulung ku Si Odoy, tuluy si Odoy ngudaran beubeurna di pakẻ nalikung mang Ẻwok. 

 

Urang tunda heula si Odoy anu geus hasil meruhkeun Mang Ẻwok. Ayeuna urang nyaritakeun Hẻndi anu adu hareupan jeung Dẻn Sarja. Mimitina mah duanana saimbang sarua gesitna sarua pelitna Sapuluh jurus geus kaliwat duanana can aya nu kabeungangan ku panarajang lawanna.

 

Tapi sanggus  liwat ti dua puluh jurus, kakarak kaciri yẻn Hẻndi leuwih unggul, sabab beuki dieu gerakan Dẻn Sarja beuki gejed, serangana beuki kendur, napasna beuki ngahẻgak. Baju Den sarja geus jibrug baseuh ku kẻsang. Teu cara hẻndi nu kacirina masih seger buger kawas nu teu ngarasa capẻ.

 

Ieu tẻh ku sabab Hẻndi mah rutin latihan mẻh tiap sorẻ manẻhna  jeung si Odoy ngalatih jurus silat di pipir imah Hẻndi anu kawilang  rada lega. Teu cara Dẻn sarja sanajan di latih ku palatih anu mahir tapi kusabab jarang ngalatih jurusna  nya antukna teu boga katahanan pisik anu alus dina ngahareupan padungdung nu saenyana.

 

Sanajan tanagana geus leuseuh tapi Den Sarja napsuna masih ngagedur. Manẻhna maju bari ngadiuskeun peureupna dina ulin Cihẻrangan. Peureupna ngahiung bangbaraan ngarah kana puhu ceulina Hẻndi.

 

Hẻnda rikat ngelokeun sirahna bari maju salengkah, bareng jeung poosna serangan nu jadi lawan peureup katuhu Hẻndi ngageduk kana dada dẻn Sarja. Hiuk duk! “Heagh..! Dẻn Sarja ngahenggeu, Dadana nyesek. Keur kitu datang deui peureup Kẻncana hẻndi ninggang pisan nyayang kana carẻhamna Dẻn Sarja.

 

“Huaduuuh!” Dẻn Sarja ngowowong terus ngabangkieung  jarigjeug  jarigjeug bru labuh diuk dina lemah. Tapi dẻn Sarja maksakeun hudang bari terus masang kuda – kuda anyar. Wawanẻnna masih Gedẻ, ẻra lamun seug bobolẻh karak kabeunangan ku sakitu.

 

“Aing can ẻlẻh, tarima yeuh balesan aing Ciaaat!” Dẻn Sraja ngagajleng sahibas dada, Jurus dadali nyamber anak hayam di gunakeun. Suku katuhuna ngadius ngarah kana dada nu jadi musuh. Hẻndi teu cileureun Manẻhna ukur narik suku kẻncana ka ka tuhu bari ngadoyongkeun awakna ka katuhu 45 darajat.

 

Ploos tajongan Dẻn Sarja poos ngahanca angin. Lol awak Dẻn Sarja liwat gigireun Hẻndi gancang Hẻndi mapag ku ketigan leungeun katuhuna anu ngarah kana pingping  Dẻn Sarja. Hiuk Bek “Aduuuh! Dẻn Hẻndi ngagero, Awakna nyolondod ka hareup.

 

Keur kitu datang deui ketigan kan pundukna bari terus suku kẻncana di rengkas ku Hẻndi. Tumerapna ka Dẻn sarja luar biasa awakna ngajuralit ka hareup sirahna ti tutug kana taneuh garing . Juralit brug! “Heuk..!” ukur sakitu sora nu kaluar tina baham Dẻn Sarja.

 

Sabab saterusna mah sirahna lieur katurelengan terus ngusek teu inget dibumi alam. Dẻn sarja kapiuhan sapada harita.  Nempo kitu Si Odoy ngiringkeun Mang Ẻwok nu leungeunna di borogod ngadeukeutan ka Hẻndi.

 

“Kumaha Jang mun geus kieu rẻk di kumahakeun yeuh munding tẻh hẻhẻhẻ!” Tanya Si Odoy ngarẻken munding ka Mang Ẻwok. “Geus kang leupaskeun baẻ, da geus di warah ieuh.” Jawab Hẻndi titah ngaleupaskeun Mang Ẻwok ka si Odoy.

 

“Ih ulah atuh jang maranẻhna niatna rẻk ngarogahala urang malah mah si sarwok mah rẻk meuncit akang sagala rupa. Kẻ mun di leupaskeun atuh bakal boga kasempetan ngadodoho deui urang . Hadẻna mah urang sunatan deui wẻ si sẻrwok mah lah mẻh bẻak sakalian sugan kapok ari geus teu boga siih mah hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy kituna tẻ bari ngaragamang kana calana mang Ẻwok, siga enya wẻ rẻk nyunatan.

 

“Ngadẻngẻ kitu Mang Ẻwok sepa “Ampun Dẻn ampun, abdi neda ampun, moal deui deui abdi kumawantun deleka ka Adẻn duaan, ampun dẻn nẻda hirup abdi..”Ceuk mang Ẻwok bari nyuuh ka si Odoy. Teu sirikna ngiihan manẻh bakat ku sieun di sunatan ku si Odoy.

 

“Ku kuring di bẻrẻ ampun Mang, tapi ulah deui deui kalakuan kitu tẻh nya! Awas lamun mamang milampah deui kajahatan boh ka kuring duaan boh kanu lian, kuring moal mẻrẻ ampun deui!” Hẻndi nu ngajawab bari mencrong ka mang Ewok.

 

“Di ẻstokeun pisan Dẻn, abdi janji moal deui – deui.” Ceuk mang Ẻwok bari ngeluk tungkul teu wani neuteup ka Hẻndi. “Kang udaran tah beubeurna.” Ceuk Hẻndi nitah ngaleupaskeun beubeur nu ngaborogod Mang Ẻwok ka Si Odoy.

 

“Lah padahal mah sunatan wẻ heula jang, lumayan keur kenang – kenangan hẻhẻhẻ.” Tapi kituna tẻh Si Odoy bari ngalaan beubeurna nu di pakẻ nalian leungeun Mang Ẻwok. “Tuh bawa dunungan sorangan geura balik!” Ceuk Hẻndi bari nunjuk ka Dẻn sarja anu masih ngagoler teu usik malik.

 

“Duh maot heunteu dunungan abdi tẻh Dẻn, Cilaka mun seug tiwas mah bisa – bisa abdi anu bakal katempuhan ku Sepuhna.”

“Henteu mang ukur kapiuhan, tuh ambekanna gẻ masih aya sakeudeung deui gẻ ẻling. Hayu kang urang balik geus peuting yeuh!” Hẻndi ngajak balik ka si Odoy.

 

“Nya hayu atuh, Mang bedog mah di penta nya ku kuring nya lumayan keur narokan suluh.” Ceuk Si odoy bari namprak mẻnta sarangka bedog ka mang ẻwok. “Mangga mangga Dẻn.” Mang ẻwok ngudaran sarangga bedog  tina cangkẻngna tuluy di bikeun ka si Odoy. Sanggeus nampanan sarangka bedog mah si Odoy jeung Hẻndi ting lalẻos ninggalkeun ẻta patempatan. 


Dongeng MP3/MP4 klik di handap



Kamis, 04 Februari 2021

Hulu Iblis Nyi Sukesih bagian Ka 5

#Hulu Iblis Nyi Sukẻsih

Bagian 5

Karangan Ki Dagar




Sanggeus Si Odoy ngalẻos Nyi Sukẻsih jeung Hẻndi asup ka jero imah. “Mangga calik kang puntẻn wẻ calikna dina samak butut, da kaayaan bumi abdi mah batan sakieu.” Ceuk Nyi Sukẻsih bari sor ngasorkeun citẻh jeung gorẻng sampeu ka hareupeun Hẻndi.

 

Kaayaan imah Ma Yayah tẻh mẻmang basajan naker. Teu aya korsi – korsi acan ukur palupuh anu di amparan ku samak, ẻta gẻ samakna geus butut aya bolong diditu didieu. “Akang mah badẻ tumaros leres – leres ka nyai tẻh, punten kitu ogẻ Nyai.” Ceuk Hẻndi sorana lalaunan nahan parasaan hatẻna.

 

“Mangga engkang, badẻ naros naon kitu?” jawab Nyi Sukẻsih panasaran.

“Dupi kembang nu mangkak mekar teh naha tos aya bangbara anu euntreup? Bilih ku bilih akang mah sieun ambon sorangan langkung saẻ pan tumaros ti anggangna.” Ceuk Hẻndi nyaritana malapah gedang makẻ bahasa siloka.

 

“Kembang tẻh teu acan aya nu gaduh, bangbara seueur nu dongkap ukur ngahẻroan da kembang mah teu acan nyantẻl kasasaha.” Jawab Nyi Sukẻsih bari tunggul leungeunna nyoo tungtung kabaya. Hẻndi narik napas panjang, hatẻna lugina sabab Nyi Sukẻsih tẻh masih can aya nu boga.

 

“Upami kitu mah, kumaha upami bangbara ti Cimangantẻn anu euntreup dina kembang nu nuju mangkak mekar, kinten – kintena kembang tẻh kersaeun atanapi henteu di euntreupan ku ẻta bangbara?” Hẻndi tumanya bari hatẻna was – was sieun di tolak ku Nyi Sukẻsih.

 

Sababaraha kedapan mah Nyi Sukẻsih ngeluk tungkul bari haben wẻ nyoo tungtung kabaya. Siga nu bingung ku pijawabeun. Padahal mah dina hatẻna seuri bungah teu sirikna surak. Sabab kahayangna boga salaki ka Dẻn Hẻndi anu kasep tur beunghar bakal tẻrẻh kalaksana.

 

Geus rada lila pok Nyi Sukẻsih nyarita “Kẻmbang tẻh asa ngimpẻn margi aya bangbara anu kersa ka kembang kampung anu sakieu kaayaananna. Hiji kabagjaan pikeun kembang upami seug ẻta bangbara leres – leres badẻ mileuleuheungkeun kembang, sanẻs ukur ngarayu teras nyeuseup madu, saatos kembang layu bangbara ngiles kabur taya bẻjana.”

 

“Bangbara moal lanca linci, moal luncat mulang udar tina tali gadang. Tapi ẻstuning badẻ satia salalawasna, leres – leres badẻ ngajaga sareng ngariksa kembang supaya tetep sengit nyambuang.”

“hatur nuhun upami leres kitu mah.”

 

“Janten Nyai nampi kana kanyaah akang?”

Nyi Sukesih teu ngajawab tapi nganggukeun sirahna lalaunan.

“Hatur nuhun Nyai hatur nuhun pisan.” Bakat ku bungah Gap Jẻndi nyekel kana leungeun Nyi Sukẻsih. Ter seeer nuuud, karasa aya geteran rasa anu sumarambah ka sakujur badan Hẻndi kitu ogẻ Nyi Sukẻsih.

 

Kaituna mah teu kedah di caritakeun namina nu nuju kasmaran pastina uplek ngobrol bari otel saling cacapkeun kasono.

 

Waktu geus ngised ka wanci sareureuh kolot, Tiluar si Odoy kadẻngẻ dẻdẻhẻman, maksudna mah ngingetkeun Hẻndi supaya geura balik ulah tepi ka kapeutingan teuing. Sabab mun nganjang liwat waktu sok loba kajadian di gerebeg ku ronda atawa ku pamuda dẻsa.

 

Hẻndi surti, manẻhna ganjang amitan ka Nyi Sukẻsih ari ka Ma Yayah mah harita tẻh geus sarẻ di pangkẻngna. Sanggeus amitan mah Hẻndi jeung Si Odoy gancang lumampah balik ka lembur Cimangantẻn.

 

Sapanjang jalan Hẻndi teu loba omong pagawẻanna ukur cungar cengir kawas anu hal anu pikaseurieun. Si Odoy nu panasaran pok nyarita “Hẻhẻhẻ sigana mah hasil sobat uing tẻh, mujekil pisan sigana mah Hẻhẻhẻ.”

 

“Nyarita naon kang?” Hẻndi ngalieuk ka Si Odoy anu keur cungar cengir. “Enya Ujang hasil pan hẻhẻhẻ”

“Hasil naon ari akang, nyarita tẻh sok teu puguh mimitina teu puguh tungtungna!”

 

“Enya hasil sigana mah bieu, menang nyium nya hẻhẻhẻ.”

“His kamana waẻ akang mah, maenya atuh kakarak gẻ jadian geus susar sosor, ẻmangna akang kakarak gẻ nganjang ka Ceu Ijot balik – balik biwir jeding.”

 

“Hẻhẻhẻ atuh da si Ijot mah randa kaluman Jang, randa geus lila teuing jadi wẻ galak pisan. Mun teu di paksa mah akang moal daẻk hẻhẻhẻ”

“Laaah sok api – api kitu, moal mungkin tepi ka jontowor ari teu saruana mah hehehehe.” Hẻndi anu ayeuna mah ngẻyẻhkeun ka Si Odoy.”

 

Si Odoy jeung Hẻndi terus ngobrol, lolobana mah ngobrolkeun masalah Nyi Sukẻsih. Bari ngobrol mah teu karasa Hẻndi jeung Si Odoy geus tepi ka tungtung lembur Citiis. Geus kitu lẻok ngẻnca ngambah jalan dẻsa anu brasna ka jalan torobosan anu tungtungna ka Cikahuripan ti dinya mah kari motong jalan liwat pasawahan mun hayang gancang tepi ka Cimangantẻn.

 

 Pas dina palẻbah tẻmpat anu hara – haraeun. Ngadadak ti kẻnca katuhu jalan aya nu ngagajleng megatan jajalaneun Hẻndi jeung Si Odoy. Dua jalma beungeutna di bulen kucarẻcẻt atawa saputangan.

 

“Hẻhẻhẻ aya garong kabeurangan jang hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy bari taki – taki bisi baẻ nu duaan tẻh langsung narajang. “Teu kudu di teregos kitu baraya tina papakẻan jeung tangtungan anjeun gẻ kuring apal mun anjeun Dẻn Sarja jeung Mang Ẻwok nu  tadi panggih di imahna Nyi Sukẻsih.” Ceuk Hẻndi anu apaleun kana dedeg jeung papakẻan nu ngahadang jajalaneun.

 

“Hahahaha Syukur ari awas mah, jadi maranẻh duaan moal paẻh panasaran sabab apal kanu maẻhan maranẻh!” Ceuk Nu di baju ginding bari ngalaan saputanganna anu nutupan kana beungeutna. Kitu  deui nu saurang deui anu awakna jangkung badag ngalaan teregosna.

 

Bener baẻ sangkaan hẻndi tẻh nu duaan tẻh taya lian iwal ti Dẻn Sarja jeung mang Ẻwok badẻgana. “Geura tungkul kana jukut geura tanggah ka sadapan geura papatkeun jampẻ paẻh, sabab peuting ieu bakal tamat riwayat manẻh duaan.” Ceu Dẻn Sarja bari nulak cangkẻng.

 

“Hẻhẻhẻ mani asa gampil euy rẻk maẻhan batur tẻh euy, ẻmangna kuring duaan tẻh hayam nu rẻk ukur cicing mun rẻk diala nyawa. Saacan dirogahala gẻ pastina kuring ngalawan heula hẻhẻhẻhẻhẻhẻ.” Si Odoy namalang bangun taya karingrang, teu aya riuk – riuk kasieun dina paroman si Odoy jeung Hẻndi dina nyanghareupan Dẻn Sarja jeung mang Ẻwok.

 

Da puguh duanana ogẻ murid bah kanta kokolot lembur Cimangantẻn anu kasohor linuhung ku ẻlmu jambar ku panalar. Jadi taya kasieun kana urusan padungdung mah, Komo lawanna saimbang dua urang  ngalawan dua urang.

 

“Hahahahaha aya kawani ohẻ sia tẻh hah, hayoh mang podaran tah si pendek tẻh keun nguing nu modaran baturna!” ceuk Dẻn Sarga mẻrẻ parẻntah ka Mang Ẻwok supaya maẻhan si Odoy.

 

Nu di parẻntah teu loba omong gancang mang Ẻwok maju bari ngirimkeun paneunggeulna nu di arah tẻh cukang irung si Odoy. Tapi si Odoy teu cicingeun rikat manẻhna ngagiwar ka kẻnca bari ngirimkeun panajongna ngarah kana cẻcẻkolan mang Ẻwok.

 

Mang Ẻwok anu geus pangalaman kana bab patelak gancang ngangkat sukuna kaluhur Plos sepakan si Odoy ngahakan angin. Mang Ẻwok gancang ngajejekeun sukuna anu keur ngangkat kana walikat si Odoy anu awakna keur muter kabawa ku tanaga tajonganna anu poos.

 

Si Odoy buru – bru ngawangun gerakan gorẻntẻl bajing, awakna ngagorẻntẻl miceun panarajang ngan baẻ arahna ngadeukeutan ka mang Ẻwok. Buk suku katuhu mang Ẻwok anu leungiteun sasaran jadi ngajejek taneuh garing.

 

Dina kaayaan kitu Si Odoy ngarampid suku kẻnca mang Ẻwok ngagunakeun jurus lẻlẻd samak. Atuh solontod bru mang Ẻwok nambru sabab leungiteun kasaimbangan badanna ku alatan suku kẻncana beunang karampid ku Si Odoy.

 

Beungeut mang Ẻwok ti susud kana taneuh garing, cukang irungna bararẻd garetihan. “Hiji kosong siang hẻhẻhẻ.” Ceuk Si Odoy bari ngaheuheuh. Omongan Si Odoy karasana panas kana ceulina Mang Ẻwok sabab di tungtungan ku seuri kawas anu nyeungseurikan ka dirina.

 

“Bangsaat aing can rumaha ẻlẻh siah, rasakeun yeuh hiaaat!” Mang Ẻwok ganjang nguniang hudang tuluy nyebrut deui narajang ka si Odoy. Peureup Mang Ẻwong ngadius bangbaraan lempeng ngarah dada nu jadi lawanna.

 

Tapi si Odoy ukur nyẻrẻngẻh. Dina gerakan anu kilat manẻhna ngajorẻlat ka luhureun mang Ẻwok bari metakeun jurus lalay nyamber buah. Suku katuhuna ngaheumbat rẻk ngajejek kana punduk mang Ẻwok anu keur nyuruntul sahandapeun dirina. - bersambung


Dongeng MP3/MP4 klik di handap